“Duka,” cék duanana, méh bareng.
“Sareng carogéna?” Cék kuring.
Duanana silirérét, bangun nu baringungeun.
“Kumaha? “ Cék Bu Awis.
“Ngalihna tangtos sareng carogéna,” cék kuring, ngaralat. Kakara sadar pananya téh kawas nu bolon. Nya tangtu atuh pindah mah jeung salakina.
“Na, da teu acan, teu acan nikah,” témbalna rada aga-eugeu.
Kuring langsung amitan sabada nganuhunkeun. Awak asa ngadégdég. Deudeuh teuing Geulis. Demi kuring, anjeun ngabohong. Meureun ngarah kuring henteu ngarasa dosa. Naha maké ngabohong tos nikah sagala? Naha maké ngabohong linggih téh ngontrak? Kudu ka mana kuring néangan? Kudu ka mana ménta pangampura. Supir taksi teuing nanya naon.
Ukur ditémbalan ku peta, sina maju, terus balik ka tempat tadi. Aya nu nambag dina tikoro. Beurat, beurat pisan. Tepi ka teu wasa nyarita. Ti dinya nepi ka imah, teu nyarita deui. Terus turun we. Basa supir taksi nyebutken ieu pisang goréng kakantun, ukur dijawab ku isarah, kop baé kanggo Emang. Da hate ngait ka nu indit. *** (Dimuat dina Galura cetak edisi IV November 2021)