Bari nungguan pamulangan kuring nanyakeun ngaran jalan ka imah Armi. Jawabanana pasti.
“Muhun itu, nu péngkolan kadua, tuh geuning aya warung nu rada ageung, méngkol wé ka kénca, Pa,” cék nu dagang.
“Nuhun,” cék kuring, bari terus mayar. Sup deui kana mobil.
“Tebih kénéh, Pa?” cék supir, bari majukeun deui mobil.
“Eta tos caket,” témbal téh.
Ampir teu bisa saré. Reuwas basa meunang béja cenah manehna geus kawin. Sanajan bungah, haté maké rada nyérédét. Téréh meunang jodo geuning. Can lila putus jeung kuring, geus aya béja kawin. Ukur dina WA ngabéjaanana téh. Tapi kuring gagancangan nanyakeun deui ka manéhna. Jeung saha? Kalah ada déh cenah jajawabanana téh. Padahal salilana gé manéhna mah daria waé, tara cetaan. Atoh aya, sedih aya. Boa-boa asal waé boga salakina téh. Ku kanyenyerian pedah diputuskeun ku kuring, terus narima saaya-aya nu haat mileuleuheungkeun. Kawin tanpa cinta, rék kumaha bagjana, cék paribasana gé.
Kuduna kuring téh buru-buru nepungan. Tapi aya béwara ti RT jeung RW, teu meunang waka ka luar ti komplék. Aya sasalad anu nerekab gancang naker. Ti RW kuring aya saurang nu katerap éta kasakit. Ku kituna salembur éta ditutup. Sagala kaperluan cukup ku WA , SMS, jeung telepon. Barangbeuli ngan bisa ka toko nu bisa online. Kapaksa ngerem manéh. Ari geus dibuka deui, kuring leungiteun komunikasi. HP-na teu bisa ditanya. Ngabigeu.
Abringan meri ti jalan lalawaneun kuring, maksa mobil eureun heula. Teu loba tapi da meureun tikusruk mun terus maju mah. Péngkolan nu itu cék tukang goréngan téh. Basa geus kaliwatan nu kahiji masih kénéh maju. Tah ayeuna mah apal. Enya bener ieu. Warungna, enya éta. Inget kénéh harita Armina ngajak eureun heula. Kuring nungguan dina motor, manéhna lumpat heula ka warung. Ngan nu kaciri téh meuli amplop. Teu terus ka imahna, kalah ngajak ka warung sangu nu teu jauh ti dinya. Tepung pamungkas meureunan.
Kacipta kénéh kumaha bungahna basa kuring nyarita rék ngawin manéhna. Rék nékad wé, da hayang boga anak. Rék kawas kumaha hirup teu boga turunan. Naon nu dibélaan? Geus diwangwang ambekna pamajikan, tapi keun rék disanghareupan waé. Rék dilelemu, moal midua kaasih. Bakal adil, Insyaallah. Pamajikan gé yakin bakal ngartieun, kuring téh hayang boga anak. Moal enya ngorétkeun mun kuring kawin deui. Tapi sanajan kitu gé da harita can wani balaka ka pamajikan mah.
“Landi, nyikalan téh hoyong istri, hoyong pameget?’”