“Naon waé, kumaha pamasihan Gusti. Mun istri pasti geulis siga Armi,”
“Mun pameget pasti kasép siga Landi,” cék manéhna.
Mani asa geus enya rék ngahiji. Kacinta nu diuntun ti basa tepung di tempat kariaan sobat, bakal laksana. Tapi ka pamajikan mah kuring angger nyaah. Lain rék nganyerikeun, ngan hayang boga anak, cék kuring.
Manéhna dianteurkeun henteu tepi ka jero imahna. Di buruan wé. Kitu gé henteu buruan imahna pisan. Dua imah deui, kakara turun. Manéhna nunjuk imahna mah nu itu cenah dua suhunan ti éta. Kuring ngadius mulang.
“Ieu rupina, nya Pa,” cék supir. Kuring déhém nyaenyakeun. Sidik nu éta imahna téh. Bener pulas bolu pandan. Supir dipénta nungguan, da kuring moal lila. Ukur rék ngeupeulan duit, itung-itung kado pernikahan.
Deudeuh Geulis, naon nu jadi impian téh buyar teu nyésa. Teu géséh saminggu, pamajikan ngagabrug, nyebutkeun positif cenah kakandungan. Manéhna némbongkeun hasil pamariksaan ti Ginekolog. Antara atoh jeung reuwas ngadéngé caritaan pamajikan. Bréh imut anjeun Armi, basa urang lalamunan rék gaduh budak. Lain bohong. Atuh apan sakitu taun kuring ngarep-ngarep pamajikan kakandungan. Henteu waé. Enyaan Geulis, kuring henteu niat ngaheureuykeun. Haté ratug tutunggulan. Atuda kuring téh heubeul teu wani nepungan. Kumaha nyaritana? Mutuskeun, da karunya ka pamajikan. Mangka nyiramna gé mani ripuh pisan. Tepi ka diopnameu sagala aya sabulanna.
Ayeuna rék ménta hampura, sakalian ngawilujengkeun. Bongan anjeun Armi nu ngamimitian nyarita rék undur waé, sapu nyéré pegat simpay.
“Kanggo naon atuh abdi, ari Tétéh tos badé kagungan putra mah,” cék anjeun.
“Naha, keun teuing, urang angger kudu ngahiji,” cék kuring.
“Narah ah, janten pelakor bari teu aya alesan mah,” pokna.