Pitunduheun leungit, gantina wawanohan, cenah Si Akang nu ngaranna Tito tas ngalongok kolotna, manéhna dines di kantor Telkom Kalimantan, ngan keur nyuprih élmu deui salila dua taunan, téréh bérés. Ngobrol uplek nepi ka teu karasa, geus asup Términal Cicaheum. Ngajak dahar, sakalian solat Magrib. Najan rada elat.
Soto, sate, jeung gulé nu dipesen jeung didahar. Tapi geuning sakitu geus teurab tilu balénan, Kang Tito maksa kudu mungkus, cenah bisi lapar lamun di kosan, teu kudu masak deui.
“Tong nolak rejeki, anak kost mah jarang masak pan?”
Salian ti deungeun sangu, camilan bangsaning kikiripikan gé teu kaliwat. Mandeg-mayong. Anyar wawuh geus bageur. Tapi dipikir deui, apan kajadian modél kieu téh lain ukur ayeuna.
“Naék naon ayeuna Dé?”
“Angkot Lédeng, lungsur di términal, teras ti Sersan Bajuri mapah ka luhur, kinten saparapat jam lah.”
“Ulah ngangkot, kana grab wé, kin Akang lungsur di Balubur, Adé langsung ka Cilimus. Dijajap dugi ka kos-kosan.”
“Dijajap ka kosan, pan cenah lungsur di Balubur?”
“Muhun dijajap ku supir grab, ih.”
Teu kahaja sigana, bari ngusap kana sirah bangun deudeuh. Rada ngalenyap. “Héy Adé! Ulah waka lelenyapan, meureun bakatna bageur wé Kang Tito mah”. Haté norowéco sorangan.