“Anjaayyy Sardé, geus meunang lauk deui waé.” Suku ngiclik ka kamar nu ditempatan ku duaan.
“Teu kahaja, bareng ti Tasik mula.”
“Ngaongkosan atuh?”
“Ngaongkosan, mekelan, ngabahanan.” Eusi kantong diburusutkeun. Si Arum hayoh wé cruk-crek.
“Manéh boga pélét naon sih? Asana gampang pisan nyangreud nu balageur jaba karasép.”
“Ké dibéjaan dzikir nu kudu didawamkeun. Ngan siah kudu puasa mutih tujuh poé tujuh peuting, sanggup?”
“Embung ah, secara uing mah apan beuki dahar, bisi maot. Baé wé jadi balad Adé salawasna, apan milu weureu seubeuh ku pangirim.”
Seuseurian duaan bari nataan lalaki nu kerep barangbéré. Aya Kang Asikin, nu boga toko bangunan, Herman, ketua jurusan di MIPA angkatan 2015, Pa Endi, dosén kewirausahaan nu sok ngajak nongton, Lalan nu karyawan hotél bagéan dapur, kerep mere kukuéhan nu ngareunah. Wira, guru honorér nu jago ngagitar. Pian, Dian, Maman, Doni, Salim, ah geus poho deui ngaranna ogé.
Ras ka jenatna Ma Nini, mangsa keur cicing di Ema, SMU kelas hiji, wilangan bulan diwurukan jajampéan, dimandian ku cai kembang, puasa mutih, ngabatalanana ukur ku sangray suuk, maca wirid réwuan, ulah loba saré, kudu loba ngisat awak.
“Ema gé baheula loba kabogoh, lieur milih. Balageur, béréhan, sukur-sukur meunang nu héman lahir-batin siga Aki. Sing bisa mawana.”