Nu Syuhada di Palagan Karbala

27 Mei 2023, 12:12 WIB
Adegan kkasaksian Sukainah binti Husain jeung Mush’ab ibn Zubair dina drama /Dok. REA/

Sajak Rosyid E Abby

 

Nu Syuhada di Palagan Karbala   

(Kasaksian Sukainah binti Husain jeung Mush’ab ibn Zubair)

 

 

 

1
Ieu kasaksian kami, Sukainah, Sukainah binti Husain
ngeunaan bapa kami
Husain bin Ali, katut uwa kami, Hasan bin Ali
para Ahlul Bait anu ngawaris tabé’at Nabi
para putra, para putu katut para bao-na Muhammadar’ Rosululloh
keuna pitapak diperdaya kaom murtad
kaom anu teu weléh ngamusuhan kami
Ku taya ras-rasan jiwa nu telenges
nalikung satukangeun tonggong!

 

 

2
Kami, Mush’ab, Mush’ab ibn Zubair
salaki Sukainah binti Husain
Ieu kasaksian kami
kasaksian kami ngeunaan jiwa nu pasiksak ku kaadilan
dikucilkeun ti kaomna anu satia
diwewejét ajén dirin
Ieu, ieu kasaksian kami, Mush’ab ibn Zubair
ngeunaan raga nu guyang ku getih
ngeunaan layon nu ngababatang
dipergasa taya ras-rasan
di ditu...
di Tanah Irak, tanah para syuhada
di hiji palagan:
Karbala!

 

3
Ieu. Ieu kasaksian kami
kasaksian Sukainah. Sukainah binti Imam Al-Husain.
Tegalan siawat-awat anu sakitu upluk-aplakna
satungtung deuleu ngan keusik jeung kekebul
dihuru sorot matapoé anu gangas kacida
padahal wanci geus liwat ti Ashar
méh baé deukeut ka Magrib
Hawa mungguh nyongkab kabina-bina
ngaduruk awak anu lungsé balas dipaké nikreuh
Tikoro garing mungguh lawas naker teu kacaian
Duh, geus lawas teu kacaian…

 

4
Ieu kasaksian kami
kasaksian kami, Sukainah binti Husain
Umat bapa kami Imam Al-Husain
jeung para Ahlul Bait
anu réana henteu sabaraha
Duh, réana teu sabaraha, ukur 72 urang
kudu ngalawan 40 rébu urang
ti pasukan Umar bin Sa’ad
Mungguh, ieu kasaksian kami
kasaksian kami, Sukainah binti Husain

 

5
Astagfirulloh al’adzim…
Allohu Akbar… Allohu Akbar… Allohu Akbar
Ali Al-Akbar putra Imam Husain
lanceuk kami anu kakara 19 taun umurna
mapag musuh taya kahoncéwang
najan awak leuseuh balas naratas lalampahan
tikoro garing teu kabaseuhan cai najan sakeclak
Duh, éstu leuseuh bari nahan lapar jeung hanaang
tapi pananganna tapis ngulinkeun pedang
Bet ka ditu… bet ka dieu…
nguwak-nguwak pasukan musuh
Teu kurang ti 200 urang pasukan Umar bin Sa’ad
karecah awakna ku pedang Ali Al-Akbar bin Husain
Mungguh, ieu…, ieu kasaksian kami
Mush’ab ibn Zubair!

 

6
Sarongkah-rongkahna tanaga manusa
satapis-tapisna ngulinkeun pedang
ari musuh breg-bregan bangun teu béak-béak mah
lanceuk kami Ali Al-Akbar bin Al-Husain
éstu teu daya, teu upaya
Awak raca ku tumbak jeung pedang
Puluhan mata jamparing nanceb dina dadana
dina jajantungna…
Duh… getih nu ulaweran jadi saksi kabiadaban musuh
Mungguh, ieu kasaksian kami
kasaksian kami, Sukainah binti Husain.

 

7
Innalillahi wa’inna ilaihi roji’un…
Astagfirulloh al’adzim… Allohu Akbar!
Ya Abi, ya Imam Al-Husain, jungjunan para putra
jungjunan sakumna kaom Muslimin
Deudeuh teuing raga nu nalangsa
Deudeuh teuing mastaka nu salawasna diambung ku Rosululloh
Salira nandangan ajal bari mastaka leupas tina awak salira
Salira ngemasing pati bari nandangan lapar jeung hanaang
Ya, Alloh..... iblis naon nu ngaraksuk diri Syimmir?
Sétan marakayangan naon nu geus nyurup kana jiwa Syimmir
si laknatuloh?

 

8
Ieu. Ieu kasaksian kami, Mush’ab ibn Zubair
Tanggal 10 Muharam 61 Hijriyah
Syimmir si laknatulloh geus nguwak-ngawik raga nu tanpa daya
Duh... teu walakaya
Jiwa iblis Syimmir éstu teu miduli saha nu dipaténi
Teu ieuh miduli putu Nabi, putra ti putri kaasihna, Fatimah Az-Zahra
Putu Nabi, putra ti sahabatna anu munggaran ngagem Islam, Imam Ali bin Abi Thalib
Biadab, ya Syimmir... ! Anjeun mungguh-mungguh biadab
Maténi jalma teu béda jeung ka sato!
Ieu! Ieu kasaksian kami

 

9
Astagfirulloh al’adzim…. Astagfirulloh al’adzim….
Allohu Akbar… La ilaha ilalloh…
Deudeuh teuing mastaka nu tanpa raga
Salira jadi papaés mata tumbak para prajurit biadab
Sedengkeun kami,
20 urang kaom wanita, jeung 12 barudak ti kaom Bani Hasyim
Katambah ku Ali Zainal Abidin Al-Sajjad putra Al-Husain
katut Muhammad Al-Baqir putra Al-Sajjad
jaradi tawanan kaom biadab
dipecutan, digiringkeun teu béda ti ka sato angon
diabring-abring jadi arakan kakingkin nu taya papadana
Duh… taya papadana…

 

10
Di tengah sagara keusik anu teu maliré rasa lapar jeung kahanaang kami
kami mungguh jadi lalajoaneun masarakat Kufah
diabring-abring muru ka Kufah
dijagragkeun ka Gubernur laknatulloh, Ubaidillah bin Ziyad
Diabring-abring deui muru ka Syam
dijagragkeun ka khalifah Yazid bin Muawiyah
Ranté éstu ngabeungbeuratan léngkah
Panénjo éstu ngabeungbeuratan ati
Duh, ngabeungbeuratan ati…
Teu wasa nénjo mastaka anu ting taranceb dina mata tumbak
Ya Alloh… ya, Gusti….
Ieu. Ieu kasaksian kami...
Mush’ab Ibn Zubair!

 

11
Ya Alloh, ya Robbi…
Sadaya musibat téh mungguh kaéndahan
pikeun jalma nu bisa maca hikmah ilahi.

 

12
Salam ka layon anu guyang ku getih, ya Jungjunan
Salam ka insan anu syuhada di Karbala
Salam ka salira, ya Abi, ya Al-Husain, salam ka salira
Salam ka salira, ya Al-Husain, ya syuhada insan ahli sawarga
Salam...
Salam...

 

Bandung, 2012

 

(Saripati tina drama “Kasidah Cinta Al-Kubra”)

 

Nu Nulis:

ROSYID É ABBY, lahir di Bandung, 19 Séptémber. Wartawan, panyajak, pengamat jeung pegiat seni budaya. Penulis dua bahasa; basa Indonésia jeung basa Sunda. 

Sajak-sajak, iwal dimuat dina media citak jeung daring, aya nu dimuat dina sababaraha buku antologi (babarengan jeung panyajak/penyair séjénna). Nu panganyarna, Semésta Para Pengembara (kumpulan sajak para penyair Kabupaten Bandung, sakalian jadi kurator jeung editorna, Maret 2023).

Sedengkeun buku kumpulan puisi/sajak tunggalna, nyaéta:  Di Bawah Matahari (1987), Tembang Kasih Tak Pernah Istirah (2004), Pengembaraan Sunyi (2007), Sajak-sajak Rosyid E Abby (2010), jeung Simfoni Dunya Kelas Teri (2012).  

Ari naskah drama nu geus dibukukeun: Kabayan Ngalanglang Jaman (2010), Kasidah Cinta Sang Abid (2010), Kasidah Cinta Jalma-Jalma nu Iman (2011), Kasidah Cinta Sang Singa Allah (2011), jeung Kasidah Cinta Al-Kubra (2022).

Dua sajakna nu dimuat di SKM Galura, “Senén Pasosoré” jeung “Sareupna” dilélér Hadiah Sastra LBSS taun 2004 jeung 2006. Rosyid gé dilélér “Anugerah Budaya” Kabupaten Bandung (2011).***

 (Dimuat dina rubrik “Lawung”, Pikiran Rakyat, Saptu, 1 April 2023)  

 

 

 

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Sajak Étti RS

Sajak Cecep Ks.

Sajak Sunda Karya Siswa SD

Sajak Emha Ubaidillah

Sajak Emha Ubaidillah

Terpopuler