Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

- 20 Februari 2024, 17:30 WIB
Kepala Disdil Jawa narima tumpeng waktu ngaluuhan milad Milad ka-29 Yayasan Taruna Mandiri & Milad ka-16 SLBN Taruna Mandiri, Saptu (17/02/2024).
Kepala Disdil Jawa narima tumpeng waktu ngaluuhan milad Milad ka-29 Yayasan Taruna Mandiri & Milad ka-16 SLBN Taruna Mandiri, Saptu (17/02/2024). /

 

 

GALURA.CO.ID -Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Kuningan ngapresiasi Dinas Pendidikan (Disdik) Jabar nu dianggap optimal dina ngokolakeun sekolah luar biasa (SLB) di Kabupaten Kuningan.

Kitu nu diungkabkeun ku  Pj Bupati Kuningan, Iip Hidajat dina Milad ka-29 Yayasan Taruna Mandiri & Milad ka-16 SLBN Taruna Mandiri, Saptu (17/02/2024).

Inyana nyebutkeun salasahiji nu krusial:  nyadiakeun sarana jeung prasarana nu lengkep di SLB. “Hatur nuhun support ti provinsi, bangunan di dieu  tambah sae, sareng lengkep,” pokna.

Baca Juga: Kinanti, Olahraga jeung Seni Ibing Penca Silat

Inyana miharep optimalisasi dina atikan bakal mingkin ngajurung tarekah Pemkab Kuningan keur ngaronjatkeun angka rata-rata lila sakola ayeuna karek di angka 7.

Kadisdik Jabar, Wahyu Mijaya   nyebutkeun bakal terus milampah inovasi keur ngaronjatkeun pangladen. Di antarana, nganegrikeun SLB swasta jeung ngapungken program unit layanan disabilitas.

“Sanaos sakolana di dieu, Disdik Jabar tiasa ngaladenan masarakat di tempat nu  jauh. Insya Allah, layanan tiasa langkung sae,” pokna.

Kadisdik miharep, sakola bisa terus ngamotekarkeun potensi siswa. Inyana ngahaturkeun nuhun ka sakumna guru nu geus babakti sarta ngetrukeun perhatianana ka parasiswa.

Di Kabupaten Kuningan Kadisdik Jabar dibarengan ku Plt Sekretaris Disdik Jabar nu oge Kepala Bidang Pendidikan Khusus Layanan Khusus, Deden Saepul Hidayat, Kepala Bidang Guru  dan Tenaga Kependidikan, Diah Restu Susanti  jeung Kepala Yayasan Taruna Mandiri, Elon Carlan, nitenan rupa-rupa kaunggulan vokasi.

Vokasina ngaput, ngabatik, kebon hidroponik, miara lauk, tata rias, tata boga jeung pameran karya siswa. Aya oge program terapi baca jeung terapi sensorik nu bisa dimangfaatkeun ku siswa.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x