Nyurahan Pamaredih Jaman SMK Pasundan 1 Bandung Make Kurikulum Merdeka, Revitalisasi SMK Dijalankeun

- 14 Februari 2023, 18:30 WIB
Siswa SMK Pasundan 1 Bandung keur daria merhatikeun pangajaran Tefa ti salasaurang guruna. Di sagigireun make Kurikulum  Merdeka, SMK Pasundan 1 Bandung dina revitalisasi SMK ngembangkeun pangajaran keur nyurahan pamaredih jaman.
Siswa SMK Pasundan 1 Bandung keur daria merhatikeun pangajaran Tefa ti salasaurang guruna. Di sagigireun make Kurikulum Merdeka, SMK Pasundan 1 Bandung dina revitalisasi SMK ngembangkeun pangajaran keur nyurahan pamaredih jaman. /

Baca Juga: Hayang Jadi Santri Ponpes Roudlotul Ulum Daftarna ti 8 tepi ka 20 Februari 2023

“Salahsahiji alternatif nu hade, ngajurung barudak jadi wirausaha, pangpangna barudak nu mibanda imanjinasi nu adiluhung, mibanda impian hirup nu cerdas, nya disiapkeun jadi wirausaha,” pokna.

Patali jeung programna, Fikri nu gumelar di Garut Pakidulan teh, ngahirup-huripkeun Teaching Factory atawa Tefa, ngalahirkeun home industri di lingkungan sakola.

“Ngatik barudak widang wirausaha bari jeung ngahasilkeun profitna,” pokna. Dina seuh-seuhanna, program Tefa, hasil karya jeung kreatifitas siswa teh dijual ngaliwatan program e-commerce, dibina jeung diarahkeun ku Bukalapak, Lazada jeung Shopie Online.

Ketua YPDM Pasundan, Dr.H. Dadang Mulyana, M.Si., ngarasa reueus ku kapamingpinan Fikri, nu teu weleh nyiptakeun rukun gawe babarengan, transparan jeung sakumna guru katut karyawan.

Baca Juga: SMK Mekarmukti Cijayana Garut Boga Toko Dingaranan SMK Mart, Ieu Harepan Wakil Bupati Helmi Budiman

“Ieu kudu jadi conto keur SMK sejenna di lingkungan YPDM Pasundan, nataharkeun kajujuran jeung kapercayaan, hasilna, saban taun ngaleut nu hayang sakola di SMK Pasundan I Bandung nu nembongkeun atikan kualitasna nyugemakeun,” pokna.

Matakna, teu aneh, mun kiwari jumlah siswa SMK Pasundan 1 Bandung ceuk Wakasek Kesiswaan, Dadan Suwardan, S.Pd, kacatet 1105 siswa. Siswa nu anyarna aya 431 siswa.

Keur taun 2023, ceuk Dadan, PPDB baris diancokeun 12 kelaseun. “Ngeunteung pangalaman taun ajaran 2022/2023, diancokeun 10 kelas, ari pek nu daftar jumlahna 11 kelaseun,” pokna.*** Cecep Ks.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah