Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, Urang Cai jeung Urang Gunung

- 28 Juli 2023, 08:08 WIB
Situ Lengkong di Panjalu Kabupaten Ciamis, tadina kaereh ka Karajaan Galuh jeung ka Karajaan Sunda Galuh.
Situ Lengkong di Panjalu Kabupaten Ciamis, tadina kaereh ka Karajaan Galuh jeung ka Karajaan Sunda Galuh. /Nanang S/Galuh

GALURA -Ti mimiti abad ka-5 katompérnakeun di wewengkon Tatar Sunda nu sacara budaya ngawengku Jakarta, Provinsi Banten jeung Dayeuhluhur, Berebes Jawa Tengah aya dua karajaan, Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda.

Sawaktu-waktu Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh ngahiji, sawaktu-sawaktu deui misah. Mimitina di kalangan karajaanana antara urang Galuh jeung urang Sunda kungsi patelak.

Dumasar naskah Wangsakerta, Karajaan Galuh diadegkeun ku Wrekitandayun, anak raja Kandiawan ti Karajaan Kendan. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa.

Baca Juga: Raja Sunda Tarusbawa Ngarerepeh Patelakna Karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya

Baca Juga: Jaman Karajaan Sunda Galuh, Kawali di Kabupaten Ciamis kungsi Mibanda Kalungguhan Penting

Baca Juga: Perang Bubat dina Carita Lisan di Desa Luragung Landeuh, Aya Putri nu Teu Milu ka Majapahit

Teu béda jeung Kendan, Galuh ogé asalna mah karajaan bawahan Tarumanagara. Taun 669 Tarumanagara runtag, sataun ti hartita, taun 670 Karajaan Galuh jadi karajaan nu mandiri. Kitu di Karajaan Sunda.

Dina naskah Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa parwa 1 sarga 2, Tarusbawa téh minantu Rahyang Sanjaya ti Karajaan Galuh. Méméhna, Tarusbawa jadi raja Tarumanagara. Taun 670, Tarusbawa mindahkeun puseur dayeuhna ka Sundapura, sarta karajaanana diganti jadi Karajaan Sunda.

Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh saterusna nyieun kasapukan ngeunaan tapel wates karajaan. Anu dijieun tapel watesna téh Citarum. Daérah kakawasaan Galuh wétaneun Citarum, ari kakawasaan Sunda kuloneun Citarum.

Ti taun 723 tepi ka taun 739, Sanjaya lantaran boh ti Galuh boh ti Sunda boga hak nyekel kakawasaan ngahijikeun Galuh jeung Sunda. Sanggeus jadi raja di Mataram Hindu, Sanjaya masrahkeun karajaanana ka anakna, Rakeyan Tamperan. Ku sabab paripolahna goréng, Tamperan ngan kuat tujuh taun jadi rajana.

Ku kituna, Karajaan Sunda Galuh ti taun 739 misah deui. Karajaan Sunda puseur dayeuhna di Pakuan Bogor, ari Galuh di Karangkamulyan Ciamis. Ti taun 852 tepi ka taun 891 Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Rakéyan Wuwus Sang Prebu Gajahkulwan, puseur dayeuhna di Pakuan. Rakéyan Wuwus katurunan Banga, raja Sunda.

Pangna bisa jadi raja di Galuh, pamajikan Rakéyan Wuwus téh katurunan raja Galuh, Manarah, nu teu boga anak lalaki, jadi tahta karajaanana dipasrahkeun ka minantuna. Taun 891, Rakéyan Wuwus ngécagkeun kalungguhanana. Anu ngagantina, salaki adi Rakéyan Wuwus, Arya Kadat-wan Prabu Darmaraksabuwana, katurunan raja Galuh.

Kungsi sababaraha gegedén Karajaan Sunda henteu narima katurunan Galuh nyekel kalungguhan di Pakuan. Prabu Darmaraksa (891-895) ditelasan ku salahsaurang mantri karajaan.

Unggal raja Sunda nu anyar diisitrénan salawasna merhitungkeun puseur karajaanana. Bisi nasib nu tumiba ka Prabu Darmaraksa kaalaman deui.

Antara taun 895 tepi ka taun 1311, puseur karajaan téh mindeng pundah-pindah. Ti wétan ka kulon jeung sabalikna. Ti mimiti abad ka-14, ti taun 1333, pusat karajaan téh di Kawali nu ayeuna kabawah ka Kabupatén Ciamis.

Harita, Kawali dipandang strategis, pernahna di tengah-tengah antara Galunggung-Saunggalah-Galuh.

Karajaan Sunda Galuh ngahontal puncak kajayaanana jaman Prabu Niskala Wastukancana (1371– 1475). Sanggeus Prabu Wastukancana tilar dunya, karajaan dibagi dua deui, Sunda Pakuan nu puseur dayeuhna di Pakuan Bogor (Sang Haliwungan, Susuk Tunggal) jeung Galuh Pakuan nu puseur dayeuna di Kawali Ciamis (Ningrat Kancana)

Jaman Sribaduga Maharaja, seuweu Ningrat Kancana jeung minantu Susuk Tunggal, taun 1482, karajaan téh dihijikeun deui. Sribaduga mindahkeun puseur karajanana ka Pakuan Bogor.

“Bisa jadi kituna téh lantaran, Islam di Cirebon geus mekar, sarta Sri Baduga mandang palabuan Sunda Kalapa leuwih penting batan palabuan di Cerbon,” ceuk Dr. Sobana, sajarawan.

Simbol Cai jeung Gunung

Anwa Adiwijaya dina bukuna nu medal taun 1975 nyebutkeun sacara budaya antara Galuh jeung Sunda aya nu béda. Ku Anwas diistilahkeun urang Galuh téh urang cai, ari urang Sunda urang gunung. Urang Galuh mitosna buhaya ari urang Sunda mitosna maung. Buhaya ayana dina cai, ari maung ayana di gunung.

Mitos buhaya tepi ka ayeuna hirup kénéh. Contona, di Karangkamulyan Ciamis, di tempat ngamuarana Cimuntur ka Citanduy, nu laha-loho ka lebah dinya dipantrang nyebut buhaya. Cenah, buhaya di dinya lain sabuhaya-buhayana.

Batalyon tentara elit Banteng Raiders nu markasna di Banjar Patroman dingaranan Buaya Putih.

Teu anéh deuih mun legénda Prabu Siliwangi salawasna dipatalikeun jeung maung. Waktu diudag-udag ku Kéan Santang, di Leuweung Sancang Garut, cenah, Prabu Siliwangi téh ngahiang, sarta nu ngawalnna maung. Kapercayaan ieu pangaruh tina mitos ngeunaan maung dina tradisi Sunda.

Di Ciamis jeung Tasikmalaya nu tadina wewengkon Karajaan Galuh, urang cai, aya sababaraha tempat anu disebut panereban. Kecap panereban asalna tina kecap nereb, anu hartina palid.

Panereban hartina tempat malidkeun. Anu dipalidkeunana layon. Dina tradisi Galuh, layon téh dipalidkeun ka walungan.

Béda jeung di Karajaan Sunda. Dina tradisi Sunda mah layon téh dikubur dijero taneuh atawa dikurebkeun. Nu matak kaharti di Kanékés (Baduy) nu dianggap masih kukuh nyeket budaya Sunda, anu maot téh dikurebkeun.

Kanékés tadina kaasup Karajaan Sunda. Tepi ka ayeuna di wewengkon nu tadina wilayah Karajaan Sunda aya istilah pasaréan, hartina tempat ngurebkeun layon.

Urang cai jeung urang gunung jadi sabeungkeutan, sauyunan henteu aing-aingan. Ti abad ka-14 ogé sabenerna wewengkon Jawa Barat, DIKI Jakarta, Banten, Dayeuhluhur, Pananggapan, geus disebut Tatar Sunda. Hartina teu dibedakeun deui ku sub étnik Sunda jeung Galuh. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x