Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, Urang Cai jeung Urang Gunung

- 28 Juli 2023, 08:08 WIB
Situ Lengkong di Panjalu Kabupaten Ciamis, tadina kaereh ka Karajaan Galuh jeung ka Karajaan Sunda Galuh.
Situ Lengkong di Panjalu Kabupaten Ciamis, tadina kaereh ka Karajaan Galuh jeung ka Karajaan Sunda Galuh. /Nanang S/Galuh

Ti taun 723 tepi ka taun 739, Sanjaya lantaran boh ti Galuh boh ti Sunda boga hak nyekel kakawasaan ngahijikeun Galuh jeung Sunda. Sanggeus jadi raja di Mataram Hindu, Sanjaya masrahkeun karajaanana ka anakna, Rakeyan Tamperan. Ku sabab paripolahna goréng, Tamperan ngan kuat tujuh taun jadi rajana.

Ku kituna, Karajaan Sunda Galuh ti taun 739 misah deui. Karajaan Sunda puseur dayeuhna di Pakuan Bogor, ari Galuh di Karangkamulyan Ciamis. Ti taun 852 tepi ka taun 891 Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Rakéyan Wuwus Sang Prebu Gajahkulwan, puseur dayeuhna di Pakuan. Rakéyan Wuwus katurunan Banga, raja Sunda.

Pangna bisa jadi raja di Galuh, pamajikan Rakéyan Wuwus téh katurunan raja Galuh, Manarah, nu teu boga anak lalaki, jadi tahta karajaanana dipasrahkeun ka minantuna. Taun 891, Rakéyan Wuwus ngécagkeun kalungguhanana. Anu ngagantina, salaki adi Rakéyan Wuwus, Arya Kadat-wan Prabu Darmaraksabuwana, katurunan raja Galuh.

Kungsi sababaraha gegedén Karajaan Sunda henteu narima katurunan Galuh nyekel kalungguhan di Pakuan. Prabu Darmaraksa (891-895) ditelasan ku salahsaurang mantri karajaan.

Unggal raja Sunda nu anyar diisitrénan salawasna merhitungkeun puseur karajaanana. Bisi nasib nu tumiba ka Prabu Darmaraksa kaalaman deui.

Antara taun 895 tepi ka taun 1311, puseur karajaan téh mindeng pundah-pindah. Ti wétan ka kulon jeung sabalikna. Ti mimiti abad ka-14, ti taun 1333, pusat karajaan téh di Kawali nu ayeuna kabawah ka Kabupatén Ciamis.

Harita, Kawali dipandang strategis, pernahna di tengah-tengah antara Galunggung-Saunggalah-Galuh.

Karajaan Sunda Galuh ngahontal puncak kajayaanana jaman Prabu Niskala Wastukancana (1371– 1475). Sanggeus Prabu Wastukancana tilar dunya, karajaan dibagi dua deui, Sunda Pakuan nu puseur dayeuhna di Pakuan Bogor (Sang Haliwungan, Susuk Tunggal) jeung Galuh Pakuan nu puseur dayeuna di Kawali Ciamis (Ningrat Kancana)

Jaman Sribaduga Maharaja, seuweu Ningrat Kancana jeung minantu Susuk Tunggal, taun 1482, karajaan téh dihijikeun deui. Sribaduga mindahkeun puseur karajanana ka Pakuan Bogor.

“Bisa jadi kituna téh lantaran, Islam di Cirebon geus mekar, sarta Sri Baduga mandang palabuan Sunda Kalapa leuwih penting batan palabuan di Cerbon,” ceuk Dr. Sobana, sajarawan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x