Asal usul Bagus Rangin, Pajuang Jatitujuh Majalengka, Aya nu Nyebutkeun asalna ti Cireundeu jeunng ti Demak

- 26 Februari 2023, 09:30 WIB
Bagus Rangin taun 2019 kungsodiusulkeun jadi pahlawan Nasional. Ngan teu disaluyuan ku pamarentah pusat. Asal usul Bagus Rangin aya nu nyebutkeun ti Rajagaluh aya oge n u nyebutkeun ti Demak.
Bagus Rangin taun 2019 kungsodiusulkeun jadi pahlawan Nasional. Ngan teu disaluyuan ku pamarentah pusat. Asal usul Bagus Rangin aya nu nyebutkeun ti Rajagaluh aya oge n u nyebutkeun ti Demak. /Nanang S/Galura

GALURA -Aya dua pamanggih asal usul Bagus Rangin nu baruntak ka Kolonial Belanda di Jatitujuh Majalengka nu terus ngaheab ka dearah sejen (1802-1812) aya dua pamanggih: asalna ti Kampung Cireundeu, Rajagaluh Majalengka jeung ti Demak, Jawa Tengah.

Ngeunaan asal usul Bagus Rangin ti Kampung Cireundeu holna ti catetan urang Belanda, G Bois jeung catetan ti Natadiningrat salahsaurang menak Cirebon, Nattadingrat. Ar nu nyebutkeun Bagus Rangin asana ti Demak mah sejarawan Sobana Harjasaputra.

Titimangsa catetan urang Belanda tanggal 26 Januari 1832, ari catetan Natadiningrat tanggal 27 Januari 1832, duanana netelakeun asal usul Bagus Rangin ti Kampung Cireundeu. Sobana Harjsaputra nyebutkeun Bagus Rangin asalna ti Demak mah beh dieu.

Baca Juga: Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu Adil

Naskah catetatan urang Belanda jeung catetan Natadiningrat, duanana kapanggih di Museum Waterloo sarta kiwari sabagean dirumat di ANRI (Arsip Nasional Republik Indonesia).

Dina eta naskah catetan urang Belanda jeung Natadingrat teh disebutkeun Bagus Manuk (Bagoes Menoch) teh pituin urang Campong Gireondee (Kampung Cireundeu).

Kampung Cireundeu kaereh ka distrik Blandong genamt Boentoe regentsachhappen Benawang Wetang (Bengawat Wetan).

Bagus Rangin urang Campong Capoetrian (Kapurian, ayeuna mah hiji tempat di sisieun walungan Ciputri, Rajagaluh, Kabupaten Majalengka) van Depok Blandong onder Radjagaloeh in de Banawang Koelong (Bengawat Kulon).

Baca Juga: Perjoangan Bagus Rangin Ngalawan Hindia Belanda Meunang Bantuan ti Sababaraha Daerah

Ceuk A. Sobana Hardjasaputra, anggota Pengurus Pusat Studi Sunda jeung Dewan Pakar Sejarah Budaya Ruwat (Rukun Wargi Tatar) Bagus Rangin asalna ti Demak, turunan Embah Buyut Sambeng.

Ngaran bapa Bagus Rangin teh Sentayem alias Buyut Teyom. Bagus Rangin boga tilu dulur lalaki. Lanceukna, Buyut Bangin, adina Buyut Salimar jeung Ki Bagus Serit.

Sentayem (Buyut Teyom) teh kiyai (ajengan) anu kacida taatna kana ajaran agama Islam. Inyana mibanda ilmu agama anu luhur, nepi ka loba jalma jaradi muridna (santri), kaasup Bagus Rangin sadudulur.

Dina ngalap elmu agama, Bagus Rangin lain ngan ukur ngaguru ka bapana. Inyana oge guguru ka hiji ulama Banten nu mibanda jujuluk Ama (Rama) Banten.

Baca Juga: Bagus Rangin Baruntak ka Hindia Belanda dimimitian ti Palimanan Cirebon

Hasil gemblengan bapana jeung Ama Banten dina widang elmu agama, Bagus Rangin jadi jalma soleh sarta remen tirakat. Bagus Rangin mibanda gede wiwaha sarta leber wawanen nanjeurkeun bebeneran.

Ku sabab kitu, Bagus Rangin jadi tokoh anu dipikaserab tapi dipiwanoh ku rahayat, sabab inyana teu sungkan tutulung ka nu butuh ku pitulungna.

Pedah tabeat jeung sikep Bagus Rangin kitu, ku Sultan Cirebon dibere kapercayaan jadi kapala daerah (Kabagusan) Jatitujuh. Dina eta kalungguhan, Bagus Rangin meunang pangkat senapati.

Sanggeus meunang kalungguhan, hubungan Bagus Rangin jeung rahayat beuki raket, taya hahalang antara pajabat jeung rahayat.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah