Kitu deui wewengkon sejenna kawas Kabupaten Bandung reujeung Garut, atawa nu sejenna.
Samemehna, dina awal abad ka-18, wewengkon Priangan jadi tempat ujicoba kopi ku Walanda.
Harita, dina taun 1707, Walanda ngahaja ngabagikeun binih kopi ka sakur bupati nu aya di wewengkon Priangan.
Dina emprona, para bupati kudu tanggungjawab kana bibit kopi nu disebarkeun ku Walanda, kaasup kumaha jeung di mana melakna.
Anapon hasilna, engkena kudu dipasrahkeun ka Walanda dina raraga seba atawa papasrahan wajib ti bupati ka Walanda.
Nya harita, tetela ngan Bupati Cianjur nu bisa masrahkeun kopi ka Walanda dina jumlah nu rohaka.
Pangna hasil kopi Cianjur harita mucekil, ditaksir alatan dirojong ku faktor alam jeung taneuh nu pas keur melak kopi.
Eta sababna, nya ulah heran mun di Cianjur rea kebon kopina, jeung koopina kajojo, cara kopi Gunung Padang.***