Ceuk Kadisnaker Kabupaten Kuningan, Masih Keneh Rea Pausahaan Swasta Nu Teu Ngalaporkeun Lolongkrang Gawe

- 12 Februari 2023, 21:30 WIB
Kepala Dinas Tenaga Kerja Kabupaten Kuningan, E.Carlan.*
Kepala Dinas Tenaga Kerja Kabupaten Kuningan, E.Carlan.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Kepala Dinas Tenaga Kerja (Disnaker) Kabupaten Kuningan, Dr. E. Carlan, M.Pd., nyebutkeun, kiwari masih keneh rea pausahaan swasta di Kabupaten Kuningan nu henteu mere laporan sual muka lolongkrang gawe.

Eta hal geus ngabalukarkeun henteu katangen ngaronjatna angka nu digarawe di pausahaan swasta.

“Angka nyirorotna pangangguran di Kabupaten Kuningan, moal katawis upama taya laporan ti pausahaan sewang-sewangan,” ceuk E. Carlan.

 

Baca Juga: Lamping Buligir, Potensi Wisata Nu Tacan Kapalire


Ku kituna E. Carlan miharep pausahaan-pausahaan swasta mere laporan ngeunaan lolongkrang gawe, sangkan gampang pikeun nu neangan lahan gawe jeung data di Dinas Tenaga Kerja Kabupaten Kuningan.



Ceuk Elon, Disnaker aya di tengah-tengah, antara nu ngabutuhkeun ahan gawe Jeung nu ngabutuhkeun  pagawe.

"Pausahaan-pausahaan swasta di Kuningan wajib masihan laporan dina muka lolongkrang gawe,” pokna. ***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x