Milangkala HMI, Ridho : Kudu Tetep Tanggoh Pikeun Kamajuan Intelektual Kamajuan

- 12 Februari 2023, 17:30 WIB
Pengurus HMI Kuningan, dipotret bareng Jeung Wakil Bupati Kuningan, M.Ridho Suganda.
Pengurus HMI Kuningan, dipotret bareng Jeung Wakil Bupati Kuningan, M.Ridho Suganda. /DISKOMINFO KUNINGAN

GALURA-Himpunan Mahasiswa Islam (HMI) Kabupaten Kuningan ngayakeun acara Milad HMI ka-76.

Eta acara lumangsung di Sekretariat Bersama HMI-KAHMI Kuningan, Jalan Cut Nyak Dhien Kelurahan Windusengkahan, Kecamatan Kuningan, Saptu (11/2/2023).

 

Eta acara diluuhan ku Wakil Bupati Kuningan, M.Ridho Suganda, Presidium KAHMI diwakilan Sekjen KAHMI Kuningan Cucu Supriadi, Senior alumni HMI H. Rokhmat Adrian jeung alumni HMI sejenna.

Baca Juga: Seniman di Kuningan, Ngariung Teu Semet di Panggung

Ketua umum HMI Cabang Kuningan, Toto Suharto, motong tumpeng, sangu tumpeng Tina potongan tumpeng dipasrahkeun ka Wakil Bupati Kuningan Ridho Suganda.

Ridho miharep HMI bisa ngaronjatkeun peran aktif ngabdi ka umat, bangsa jeung nagara. 

Baca Juga: Ngawanohkeun Deui Batik Kuningan, Ika : Batik Kuningan Masih Keneh Aya

"HMI kedah tetep tanggoh kanggo ngahontal kajayaan Islam, kamajengan intelektual,  solidaritas kebangsaan sareng kemanusaan”.ceuk Ridho.***

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah