GALURA - Nu ngaranna kopi, lain minangka barang anyar di Tatar Sunda hususna Priangan. Ieu tutuwuhan teh geus aya ti beh ditu mula.
Patali jeung komiditi kopi, Cianjur, nurutkeun sajarah, samalah kungsi meunang pujian ti Walanda lantaran jadi panghasil utama kopi di Priangan.
Eta teh sakumaha anu ditulis ku Sartono Kartodirdjo jeung Djoko Suryo dina bukuna Sejarah Perkebungan di Indonesia: Kajian Sosial-Ekonomis (Yogyakarta: Aditya Media, 1991).
Baca Juga: 3 Tempat Wisata di Cianjur, Merenah Disungsi dina Poe Pere Minggu Ayeuna, Instagramable
koBaca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik
Pangna meunang pujian, cenah, sabab dina taun 1711, Bupati Cianjur Aria Wiratanu (1707-1726) masrahkeun hasil panen kopi munggaran di tatar Priangan ka Walanda.
"Priangan jadi panghasil kopi pangreana di Hindia Walanda, kalawan Cianjur nu utamana," kitu nu aya dina eta buku.
Nurutkeun sumber sejen, Sumedang oge kaasup wewengkon nu bupatina marentahkeun ka rayat malar melak kopi sakumaha anu diparentahkeun ku Walanda, tapi hasilna teu mucekil cara Cianjur.
Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris
Kitu deui wewengkon sejenna kawas Kabupaten Bandung reujeung Garut, atawa nu sejenna.
Samemehna, dina awal abad ka-18, wewengkon Priangan jadi tempat ujicoba kopi ku Walanda.
Harita, dina taun 1707, Walanda ngahaja ngabagikeun binih kopi ka sakur bupati nu aya di wewengkon Priangan.
Dina emprona, para bupati kudu tanggungjawab kana bibit kopi nu disebarkeun ku Walanda, kaasup kumaha jeung di mana melakna.
Anapon hasilna, engkena kudu dipasrahkeun ka Walanda dina raraga seba atawa papasrahan wajib ti bupati ka Walanda.
Nya harita, tetela ngan Bupati Cianjur nu bisa masrahkeun kopi ka Walanda dina jumlah nu rohaka.
Pangna hasil kopi Cianjur harita mucekil, ditaksir alatan dirojong ku faktor alam jeung taneuh nu pas keur melak kopi.
Eta sababna, nya ulah heran mun di Cianjur rea kebon kopina, jeung koopina kajojo, cara kopi Gunung Padang.***