Wangsit Siliwangi

- 20 Januari 2023, 08:00 WIB
Lukisan Prabu Siliwangi.
Lukisan Prabu Siliwangi. /

GALURA -Tacan bisa disebut pamingpin sapanjang tacan mampu mingpin diri sorangan. Tacan bisa disebut pamingpin sapanjang nu dipingpinna hirup tacan raharja.

Tacan bisa bisa disebut pamingpin sapanjang dirina cueut ka nu hideung poék ka nu konéng.

Tacan bisa disebut pamingpin mun teu bisa ngamajukeun widang nu jadi jadi tanggung jawabna.

“Eta saenyana enas-enasna Wangsit Siliwangi téh,” ceuk Ari bari ngadengekeun kacapi suling pasosore di sisi Kota Bandung. Harita langit bengras, padahal beurangna tas hujan.

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Medar perkara Wangsit Siliwangi, pokna deui, matak pogot lantaran aya patalina jeung batin urang Sunda, komo mun dipatalikeun jeung kaayaan ayeuna.

Ceuk Ari, cik ajaran karuhun mana anu matak nyasabkeun.

Kabeh nu diajarkeun ku karuhun oge henteu matak sabab, taya salahna, ngan manusa jaman kiwari nu kudu mikir, naon ma’na eta amanah, naon ma’na eta ucapan.

Pikiran kudu dibukakeun, papagon ti kolot baheula, ti karuhun, moal tepi ka tilem ku jaman, malah bakal hirup terus da universal.

Rea ku carita, hasil tina ulikan sajarahna, ngeunaan Siliwangi. Cenah Siliwangi teh raja di Karajaan Pajajaran, cenah Siliwangi teh ngan saukur gelar kabangsawanan nu dipake di Karajaan Pajajaran.

Loba keneh pamanggih sejenna ngeunaan Siliwangi. Aya oge nyebutkeun Siliwangi teh julukan keur Sri Baduga Maharaja.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Sanajan ngan katulis dina hiji prasasti, ku naon ngaran siliwangi teh ngandung ajen nu husus di Tatar Sunda?

Sok we geura Komando Daerah Militer (Kodam) di Jawa Barat jeung Banten make ngaran Siliwangi, ku naon kampus UPI dingaranan Kampus Bumi Siliwangi, ku naon aya stadion di tengah kota Bandung nu ngaranna Stadion Siliwangi.

Di Kota Tasikmlaya apan Siliwangi dipake ngaran keur perguruan tinggi negeri (PTN), Universitas Siliwangi (Unsil). Atuh di Semarang, Jawa Tengah, aya pausahaan angkutan logistik nu make Siliwangi: Bangkit Siliwangi.

Pausahaan beus aya nu ngaranna Siliwangi Antar Nusa (SAN), di Kota Semarang Jawa Tengah oge aya ngaran Jalan Siliwangi.

Matak kitu oge Siliwangi gede dangiangna, lain ukur di Tatar Sunda, tapi oge di tempat sejen. Ngan ari dumasar sajarah mah hese nangtukeun naha Siliwangi teh fakta sejarah.

Baca Juga: Mikawanoh Petter Willem Hofland, Tuan Tanah nu Kungsi Ngawasa Perkebunan di Subang, Jawa Barat

Mungguh elmu sajarah, nanaon oge kudu dibarengan ku bukti otentik, kudu aya naskahna, kudu aya prasastina jeung kudu aya bukti wujudna, henteu bisa diwangwang.

Ngeunaan Wangsit Siliwangi, ceuk sakaol asalna ti nu kungsi kontemplasi ka para karuhun.

Cara turun wangsit teh rupa-rupa, aya dina rasa, aya nu tina tembong jol muncul tulisan, aya oge nu muncul tina implengan.

Jadi mun aya nu nanyakeun ti mana sumber datangna wangsit? Nya ti parakaruhun, keun da mun ku teori mah moal kataekan.

Pasti disebutna teh mitos, mistis, jeung sajabana. Moal aya nu percaya wangsit eta teh datangna ti karuhun, jeung hal-hal nu kieu mah ngan bisa kaotakan ku nalar, teu asup logika.

Salian ti wangsit, aya oge nu disebat uga. Bedana: wangsit mah ditulis ku jalma jaman ayeuna, ari uga mah ditepikeun ku karuhun baheula, panoong ka mangsa ka hareup.

“Karuhun baheula sanes satulis-tulisna, sanes sakahayangna nulis eta uga, tapi diajar tina pangalaman” ceuk Kang Ari Muria, nonoman nu ancrub kana kasundaan.

Nu kudu diingetkeun, uga lain mistik, lain mejik, tapi dumasar itungan, titincakana kana fenomena.

Anu disebut uga malah aya nu itunganana matematis pisan: mun teu kieu bakal kitu, mun kitu bakal kieu kajadianana.

Balik deui ka Wangsit Siliwangi,  Wangsit Siliwangi teh aya 2 kaol (versi). Anu kahiji anu sok dipake ku Kodam III/Siliwangi dina sumpah jabatan.

Anu kadua, Wangsit Siliwangi nu sok dipake ku AMS (Angkatan Muda Siliwangi) dina acara-acarana. AMS make wangsit anu ditulis ku jenatna Wahyu Wibisana tahun1964.

Wangsit nu dipake ku Kodam III/Siliwangi mah wangsit nu dipedar ku Edi Sudrajat taun 1947. Inyana salahsahiji anggota Kodam Siliwangi nu kungsi jadi mentri penerangan.

Wangsit Siliwangi Wahyu Wibisana jeung Wangsit Siliwangi Edi Sudrajat duanana oge amanat keur parapamingpin.

“Harti pamingpin di dieu lain ukur presiden, lain gubernur, lain bupati, lain wali kota,” ceuk Ari.

Jelema nu hirup di dunya teh pamingpin, pamingpin keur dirina sorangan, umumna pamingpin keur batur.

“Ari nu disebat pamingpin keur diri sorangan teh urang kudu bisa ngatur diri urang sorangan, kudu jadi jelema nu mangpaat keur batur, ari can mangfaat keur batur mah tong waka hayang di sebut jelema,” ceuk Ari.

Baca Juga: Di Kerkof Dunguswiru Subang Aya Tugu Jangkung, Pangeling keur Peter William Hofland, Aya Hawa Mistis

Anu kumaha ari pamingpin keur batur teh? “Tah, ajen-inajen tina Wangsit Siliwangi teh pamingpin can bisa di sebut pamingpin, lamun rahayatna aya keneh nu kalaparan,” ceuk Ari.

Palebah dieu karuhun teh mapatahan kapamingpin jaman kiwari ulah sangeunahna, ulahsakahayangna, ulah sakadaekna, kudu merhatikeun rahayat, sabab rahayat tanggung jawab pamingpin.

Dina Wangsit Siliwangi nu sok dipake ku AMS disebutkeun: geura pake ngaran kami Siliwangi ku aranjeun. Tapi omat masing bisa ngabadanan.

Ma’na tina ieu kalimah: mun urang hayang make ngaran Siliwangi, tekad, ucap, lampah kudu sarua jeung Prabu Siliwangi: ngutamakeun bebeneran, ngutamakeun kahadean, harmonis jeung alam.

“Ti dieui oge tos kapendak karuhun teh hoyong ngajarkeun bebeneran. Siliwangi lain sakadar ngaran, ngaran kudu luyu jeung kalakuan nu makena,” ceuk Ari.

Ceuk Ari, “Sok, mun hayang diajar ka sagala elmu mah, nyuhunkeun we ka gusti Allah, kaasup elmu kasundaan oge, da elmu mah sadayana oge datangna ti gusti Allah. Gusti Allah mah bageur, geus tangtu bakal mere, asal urangna menta.”

Sagala rupa ge pasti bakal aya timbal balikna, mun urang menta pasti aya nu mere, tapi mun teu menta mah nya rek aya nu mere ti mana.

“Sagala rupa oge aya proses usahana, henteu ujug-ujug. Sabenerna mah naon wae pesen ti karuhun, kumah wae cara nepikeunana mun sakiran bener jeung enya mah candak we. Teuleuman jeung regepkeun ma’nana,” ceuk Ari.

Karuhun mah moal aya nu ngajarkeun hal-hal nu matak sasab. Ayeuna mah ulah paciweuh ku hal-hal nu sifatna teoritis, da ari kudu numutkeun wae ka batur mah teu aya kasempetan otak keur mikir.

“Sok we buka nalarna buka pikiranna, tapakuran naon nu ku karuhun ditinggalkeun teh. Kaalusan mah keur urang-urang keneh,” ceuk Ari.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x