Di Desa Nunuk Baru Rea Patilasan, Di antarana Makam Arya Saringsingan, Senapati Karajaan Talaga Manggung

3 Maret 2023, 11:14 WIB
Kantor Desa Nunuk Baru, Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka. Di ieu desa rea patilasan di antarana makam Arya Saringsingan, senapati Karajaan Talaga Manggung. /Ayank Sambara/Galura

GALURA -Patilasan nu aya patalina jeung ngadegna Karajaan Talaga Manggung, loba kapanggih di Desa Nunuk Baru, Kecamatan Maja. Di antarana Makam Pajaten atawa Makam Pajatian, tempat dimakamkeunana biangna Arya Saringsingan.

Makam Pajaten ku urang Desa Nunuk Baru dianggap karamat sarta ngandung ajén sajarah. Aya patalina jeung Karajaan Talaga Manggung. Arya Saringsingan teh senapati Karajaan Talaga Manggung.

Makam Pajaten pernahna di beulah kulon Blok Nunuk Desa Nunuk Baru, di sisi Cisuluheun, di wewengkon Sawah Pajaten. Biangna Arya Saringsingan téh pituin Nunuk, nu jadi pamajikan kadua raja Talaga Manggung, Prabu Pucuk Umum.

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

Hasil jatukramina, lahir Arya Saringsingan nu makomna di Desa Banjaran Girang. Arya Saringsinan sanggeus dewasa nu diangkat senapati Karajaan Talaga Manggung, mibanda gagaman Tombak Naga Suku Lima Centang Barang.

Tempat karamat lianna, Makam Cileuweung atawa Makam Hariyang Banga, pernahna di wewengkon Kulon Blok Nunuk Desa Nunuk Baru. Hariyang Banga téh seuweu Dewi Pangrenyep, ti Galuh, Karangkamulyan Ciamis.

Di Cileuweung ogé aya makam Langensari, jeung Makam Mbah Haji Kasakten. Cai nyusuna nepi ka kiwari dikaramatkeun, nu hayang jadi pagawe nagara kudu mandi di dinya, cenah.

Naro ti Grumala nyebutkeun patilasan séjénna Makam Kosambi atawa Makam Mbah Prabustika. Perenahna di wewengkon Sawah Kosambi, wetaneun Blok Nunuk.

Baca Juga: Putri Anjungsari (44), Tukang Warung Lain Somahan, Tapi Menak nu Nyamur. Saha jeung Naon Maksudna?

Ngaran asli Mbah Prabustika téh Mbah Jupri, salahsaurang kapala pamarentahan karajaan nu aya di wewengkon Nunuk. Mbah Jupri téh ulama nu dipikaserab sarta mibanda kasakten kacida luhungna.

Dina legéndana Mbah Jupri kungsi dicangkalak ku urang Cirebon nu rék ngarurug Karajaan Talaga Manggung. Mbah Jupri digencet ku paranti ngampa minyak kalapa.

MBah Jupri dianggap perlaya, tapi waktu dibuka, kalah ka ngabarakatak seuri. Mbah Jupri dipalidkeun ka walungan nu keur ngagulidag caah. Tapi lain palid ka hilir, kalah ka palid ka girang.

Musuh nepi ka karagéteun jeung sarieuneun. Alatan mibanda kasaktén kitu, Mbah Jupri dilandi Prabustika, dianggap di jero warugana aya mustika kasakten.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Aya deuih patilasan atawa makam Mbah Dipati Ukur nu di Nunuk disebut Panguyangan Gede, makamna kiduleun Blok Nunuk nu persisna di mumunggang Blok Nunuk.

Ngaran asli nu di makamkeun di Panguyangan Gede téh Mbah Sugenda nu mibadna gelar kahormatan Mbah Dipati Ukur, pangkatna Adipati, tugasna ngukur tanah sakuliah Jawa Lintas Nagara.

Mibanda kamapuh nu kacida ahengna, di antarana, waktu ngukur tanah, teu kungsi turun tina kuda, sarta ngukurna bari kudana leumpang mundur.

Salian ti eta, ceuk Naro, Mbah Sugenda mibanda rajakaya nu kacida ngaleuyana. Leuitna loba pisan. Rajakayana mindeng dipaké tutulung, ka yatim piatu, jeung ka nu geus rarempo.

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

Ku lantaran kitu makamna dingaranan Panguyangan Gede. Tepi ka ayeuna masarakat Desa Nunuk Baru nalika mitembayan nyawah sok jaroh jeung hajat di Panguyangan Gede, disebatna téh Guar Bumi.

Anu lianna makam Gunung Taneuh, wétaneun Blok Nunuk, kiduleun Blok Babakan Desa Nunuk Baru, pernahna di mumunggang nu sakuriling bungkingna sawah.

Ngaran aslina nu dimakomkeun di dinya Mbah Sang Prabu Jaya, gelar kahormatanna Mbah Luhung, kyai nu dipikaserab, nyebarkeun agama Islam di wewengkon Nunuk jeung sabudeureunna.

Mbah Sang Prabu Jaya leubeut ku kasakten jeung ku elmu nu luhung, tina kituna meunang gelar Mbah Luhung. Tepi ka danget kiwari makomna remen dianjangan ku nu zaroh ti suklakna ti siklukna.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

Di antarana dijarohan ku kolot nu anakna rék nyuprih elmu ti tingkat dasar tepi ka luhur. Tujuanana supaya anakna supaya kawas Mbah Luhung, luhung élmu panemuna.

Ku alamna jeung ku patilasanana, tambah deui endah pamandanganana, gede hareupeun Desa Nunuk Baru janten Désa Budaya téh  kahontal.

Tangtu waé kudu leuwih dibebenah bari henteu ngaganggu ka kaaslianana, henteu tepi ka ngaruksak lingkungan. Jalan ti nu ngajujug Nunuk ogé kudu hadé jeung gampang angkutan umum.*** Ayank R.Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler