Mataram Kungsi Sisirikan ka Banten, Pedah Raja Banten Dileler Gelar Sultan ku Raja Arab

7 Februari 2023, 11:39 WIB
Karaton Yogyakarta. Raja Mataram karek make gelar sultan ti bulan April 1641, pamere ti raja Arab, sabada raja Mataram gegelendeng pedah nu pangheulana dibere gelar sultan raja Banten.* /

GALURA -Ti iraha raja Mataram make gelar sultan? Karek ti bulan April taun 1641 Masehi. Lain ti saprak Mataram ngadeg (1587), memehna raja Mataram teh make gelar sunan.

Gelar sultan keur raja di karajaan Islam holna ti Timur Tengah. Patalina jeung ieu raja Mataram kungsi sisirikan ka Banten jeung rada murang-maring ka raja Arab.

Memeh rajana make gelar sultan, Demak, Mataram, Banten, Cirebon jeung karajaan-karajan Islam sejenna disebut karajaan lain kasultanan. Gelar keur rajana: susuhunan nu disingket sunan.

Baca Juga: Palabuan-Palabuanna Ngarangrangan, Karajaan Sunda Jadi Hengker

Di Pulo Jawa raja nu pangheulana make gelar sultan teh raja Banten: Abdul Mafakhir Mahmud Abdulqadir, nu nyekel kalungguhan ti taun 1596 tepi ka taun 1647.

Bulan Mei-Desember taun 1638 Abdul Mafakhir Mahmud Abdulqadir munggah haji. Kungsi nepungan raja Arab. Ku raja dileler gelar sultan.

Ti harita raja-raja Banten make gelar Sultan. Raja-raja Banten samemeh Abdul Mafakhir mah teu make gelar Sultan.

Dilelerna gelar sultan keur raja Banten kaemper-emper ka Mataram. Raja Mataram nu harita dicangking ku Sri Susuhunan Agung Hadi Prabu Hanyakrakusuma, raja kaopat Mataram, sisirikan ka Banten.

Baca Juga: Di Palabuan Karajaan Sunda, Kapal-Kapal Niaga ti Mancanagara Larsup

Sigana ceuk pamikir Sri Susuhunan Agung Hadi Prabu Hanyakrakusuma aing nu boga wilayah kakawasaan ampir tilu parapatna Pulo Jawa, teu dibere gelar sultan ari raja Banten wilayahna teu lega dibere gelar sultan.

Sisirikanana raja Mataram ka Banten katambah deui Mataram jeung Banten keur parebut pangaruh di wewengkon Priangan.

Banten jeung Mataram ngirimkeun jawara-jawarana ka Priangan. Malah Banten jeung Mataram oge parebut pangaruh di Cirebon.

Sigana murukusunuhna raja atawa sunan, susuhunan, Mataram tepi ka raja Arab. Tanggal 30 Januari 1641, kapal Inggris balabuh di palabuan Banten, mawa utusan raja Arab keur nepungan raja Mataram.

Baca Juga: Angkawijaya Ngiwat Pamajikan Panembahan Ratu, Surat Talak Ditukeuran ku Sindangkasih

Ti Banten utusan raja Arab teh make deui kapal ngajugjug ka Mataram keur masrahkeun gelar sultan ka Agung Hadi Prabu Hanyakrakusuma.

Ku raja Arab, Agung Hadi Prabu Hanyakrakusuma dibere gelar Sultan Abdul Mohamad Maulana Maharani.

Dilelerna gelar sultan keur sunan atawa raja Mataram teh kadengeun ku Jonck nu keur aya di Jepara bulan April 1641. Nya wae dicindekkeun sunan Mataram dilelerna gelar sultan teh dina bulan April taun 1641.

Ari saenyana mah teu jelas iraha raja Mataram ku raja Arab dileler sultan, kawasna uku lisan, teu dibarengan ku surat tinulis, teu beda jeung gelar sultan ka Mataram.

Baca Juga: Karajaan Sunda Kagolongkeun Karajaan Agraris tapi Dideudeul ku Maritim nu Kuat

Sabada Banten jeung Mataram marake gelar sultan, raja-raja sejenna make gelar sultan. Karajaan-karajaanana disebut kasultanan lantaran dipingpin ku sultan.

Ku Agung Hadi Prabu Hanyakrakusuma, ngaran pamere ti raja Arab dipakena ukur opat taun. Satuluyna mah sohor ku sebutan Sultan Agung, jadi panguasa Mataram lilana 32 taun.

Taun 1645, Sultan Agung tilar. Teu beda jeung di Banten jeung Cirebon, anu ngaganti Sultan Agung jeung rundayan satuluyna make gelar sultan tepi danget ieu.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler