Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara

29 Januari 2023, 12:30 WIB
Leuit di urang Rawayan (Baduy) Banten, agama Sunda geus aya samemeh aya pangaruh ti India (Poto: Dinas Pariwisata Provinsi Banten). /

GALURA -Nepi ka danget ieu tacan aya pamadegan para ahli sejarah anu bisa mastikeun naon agama urang Sunda baheula, najan di antarana aya anu nyebutkeun agama urang Sunda baheula teh Hindu jeung Budha.

Budayawan Sunda ti Kota Sukabumi, Anis Djati Sunda (ADS) sawargi, dina sababaraha tulisanna negeskeun agama urang Sunda baheula teh agama Sunda.

Nyoko kana naskah lontar Carita Parahyangan (CP) koropak 406 nu nerangkeun ayana para wiku atawa pandeta “nu ngawakan Jati Sunda”.

Nu ngawakan Jati Sunda teh para pendeta anu ngamalkeun ajaran agama lokal anu mulasara “kabuyutan parahyangan”.

Baca Juga: Kampung Kuta, Bolay Dijadikeun Puseur Karajaan Galuh, Alatan Raja Teu Bisa Asup ka Patang Ngewu Domas

Ceuk Anis Jati Sunda, kabiasan ngamalkeun agama lokal sarta ngarumat kabuyutan nepi ka ayeuna masih aya anu nuluykeun nyaeta Urang Rawayan (Baduy) anu ngagenggem agama Sunda Wiwitan.

Sesa tina kabuyutan Jati Sunda atawa Parahyangan nyaeta Mandala Kanekes pamukiman urang Baduy jeung system anu ngatur sapopoena warga Baduy utamana Baduy Jero anu masih keneh tuhu kana adat.

Kabuyutan anu dijaga tur dipulasara ku warga Baduy Jero galibna disebut Sasaka Domas, Sasaka Pusaka Buana, atawa disebut oge Sasaka Pada Ageung.

Katerangan sejen anu negeskeun agama Sunda geus aya ti baheula sakumaha anu dipedar dina Pantun Bogor bagian Pantun Gede (pantun sakral) episode “ Curug Sipada Weruh” nu unina kieu:

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

“… Saacan urang Hindi ngaraton di Kadu Hejo oge, Karuhun urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama Sunda tea….”

Tokoh anu dimaksud urang Hindi ceuk Anis Djati Sunda taya lian Dewawarman.

Dina naskah Wangsakerta dijelaskeun Dewawarman teh minantuna Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya. Dewawarman ditikahkeun ka Pohaci Larasati anakna Aki Tirem.

Dewawarman teh urang India (Hindi) anu ngagemgem agama Hindu, tuluy diangkat jadi raja Salakanagara nu puser dayeuhna di Rajatapura (130-168 M) ngagantikeun Aki Tirem.

Baca Juga: Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

Kadu Hejo ceuk Pantun Bogor pernahna di Kabupaten Pandeglang Provinsi Banten, nepi ka ayeuna eta wewengkon masih keneh disebut Kadu Hejo.

Anis Djati Sunda nyindekel kana pamadegan Ayah Sacin ahli sastra bambu jeung panasehat Puun di Kampung Tangtu Cikeusik taun 1972 anu negeskeun jaman “prahajian” Pakuan Pajajaran agama manehna “Agama Sunda Pajajaran “.

Agama Sunda Pajajaran nepi ka ayeuna diagungkeun, arinyana ngiket ku ikrar nu disebut “ Sadat Sunda” atawa Sahadat Sunda nu ugerna: “Pun sadu Sadat Sunda, tuan katata tuan katepi, selam larang teu kasorang, tuan urang (H)aji Pakuan.”

Sadat Sunda matuh diikrarkeun sataun sakali ku Urang Rawayan dina acara muja di Babalay Pamujaan “Sasaka Pada Ageung“, tempat pamujaan urang Baduy.

Baca Juga: Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

Naon atuh hartina kecap Sunda ceuk Pantun Bogor? Anis Jati Sunda nerangkeun dina carira “ Ngadegna Nagara Sunda” dina episode “Pakujajar Beukah Kembang” kecap Sunda ngandung harti Suci atawa nu nyampurnakeun.

Uger pantunna kieu “Harti Sunda teh suci, wareh nu nyampurnakeun“.

Wewengkon Sunda awalna mah disebut Buana Sunda ngaran anu dijieun ku Sanghyang Wenang. Ku sabab sawaktu ieu wewengkon masih keneh tanah kosong loba didaregdeg ku jalma-jalma anu rek “Nyundakeun diri” (tatapa).

Ugerna kieu “ ….di dinya ta hade jasa pieun panyundaan nyundakeun diri, pieun nyampurnakeun raga jeung sukma, abeh bisa ngarasa paeh sajero hirup, ngarasa hirup sabari paeh….”

Beuki lila buana Sunda beuki gegek ku jalma anu rek nyundakeun diri, lila-lila maranehna disebut Wang Sunda (jalma suci) nepi ka antukna ngabentuk suku Sunda.

Sabenerna agama Sunda geus aya samemeh Prabu Dewawarman ngawasa karajaan Salakanagara (130-168 M), umpama diitung mah umurna geus leuwih ti 19 abad.

Ari kitab suci agama Sunda aya tilu nyaeta Sambawa, Sambada jeung Winasa, nu ditulis ku raja Sunda Prabu Resi Wisnu Brata.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler