KH Ushfuri Anshor 'Paseuk' Subang jeung Pantura

- 27 Juni 2024, 19:03 WIB
KH Ushfuri Anshor (dina korsi).
KH Ushfuri Anshor (dina korsi). /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -"Ente baru kesini, mantap, bisa langsung ketemu beliau. Orang lain, sama seperti aku, perlu beberapa kali kesini baru bisa ketemu beliau," ceuk Supardi jeung Ima, ngakuna mah warga Pisangan Lama, Rawamangun, Jakarta Timur.

Caritaan Supardi jeung pamajikanana, Ima ka Galura, sarua jeung omongan Abdullah Sueb nu datang jeung kulawargana ti Sumber, Cirebon. "Bagus, sampean, karena orang yang datang kesini, dilihat dan dibaca oleh beliau itu hatinya dan niat pikirannya," pokna ka Galura

Teu lila ngawangkong teh. Kyai Furi, nenehna ngaran lengkepan KH Ushfuri Anshor, kaburu ngurunyung manten ka rohangan tamu. Gepyak, para tatamu nu jumlahna lumayan loba teh, sung-song sasalaman Jeung kyai nu umurna geus kawilang sepuh.

Nyutat tina bodatana dina buku nu judulna, "Belum Terlambat Sebelum Kiamat," anjeunna gumelar 01 Januari 1942. Katerangan sejen, ieu putra ulama sepuh, Kiyai Anshori suwargi jeung ibuna, Hj Nyai Fatonah teh, gumelar 04 Juli 1942.

Cenah, aya beda versi katerangan lahir, eta hal wajar keur kolot baheula nu boga anggapan itungan bulan Masehi jeung bulan Hijriah teh sarua. "Tapi, ari dina KTP mah, nu dianggap teh katerangan lahir kaping 01 Januari 1942," ceuk salah saurang putrana, Ustad Imron Nurul Khoirot.

Sakedapan, katangen ieu ulama sepuh nu mangsa umur 12 taun geus ngarengsekeun masantrenna di Pasantren Buntet, Cirebon teh, ngarenghap heula. Ti dinya, kakara narima para tatamu nu diuk ngajajar, bagilir, nembrakeun pamaksudanana.

Dina nepikeun karepna, aya nu ngoncrang sorana, aya oge nu semu ngaharewos. Ngan, beunang dicirikeun, semah nu harita diitung teh aya 73 urangna, beunang disebutkeun, kabeh oge maruntang tulung ka ieu kyai lulusan pasantren Lirboyo.

Sanggeus sawatara lila ngadagoan, semah teh suwung, kari anjeunna jeung Galura. "Ari sampean naon pamaksudan, urang mana sampean? " pokna bari teuteupna linduh, tapi seukeut.

Sanggeus diterangkeun tujuan nepungan dirina, ieu ulama weruh "paseuk" Subang jeung Pantura teh, katangen unggut-unggutan. "Bapa mah teu boga lalakon hirup, naon atuh nu kudu dicaritakeun," pokna bari mencrong, teleb naker melongna teh.
Narah Proposal

"Nu pasti mah, bapa gumelar di lingkungan pasantren, nu alam harita wangunan pasantrenna ge kawilang basajan, sarwa walurat, maphum alam jajahan bangsa deungeun keneh, jeung mahabuna gorombolan," pokna.

Diwirid elmuning agama Islam, tuluy dititah neruskeun masantren di Pasantren Buntet, Cirebon, nuluykeun ka Pasantren Lirboyo. "Tah, tuluy masantren we di Pondok Pasantren Abdul Fa'idl, Blitar," pokna.

Teu Ngan syukur di Blitar, sajumlah pasantren kahot nu aya diwewengkon Jawa Timur, disungsi ku Kyai Furi. Sanggeus ngarasa asak ku elmuning agama Islam, inyana mulang ka Desa Jatireja, Kacamatan Compreng, Subang.

Taun 1981, di lemburna, inyana ngadegkeun yayasan jeung pasantren, Pondok Pasantren Al - Ishlah, nu nepi ka kiwari jumlah santrina mingkin euyeub bae. Lain wae pasantren, geus aya taunna di lingkungan Yayasan Al-Ishlah, ngadeg Madrasah Diniyah, MTs, MA jeung SMK.

Pangwangunan pondok pasantren jeung sakola teh, teu ngandelkeun sumbangan ti para donatur. "Bapa mah, narah pisan, ngadegkeun pasantren jeung lembaga pendidikan, ngasong-ngasong proposal. Para santri jeung para guru, dicaram ku bapa, ulah menta dana bantuan," pokna.

Ana disaliksik, katerangan ti Ustad Imron Nurul Khoirot, sumber rejeki keur pangwangunan pasantren jeung sakola, muklis tina karomah elmu Kyai Furi, nu tara eureunna ngadeuheus ka Nu Maha Kawasa.

Cindekna, ceuk Imron, sok aya we jalan rejeki keur keperluan pasantren jeung sakola. "Mun Bade niat mah, Bapa, tiasaeun ngadegkeun bangunan agreng dina waktu Ngan sapeuting. Orokaya, warga bakal ibur," ceuk Imron

Linuhungna elmu Kyai Furi, masarakat di sabudeureun Subang jeung Pantura, geus pada nyaho. Loba carita spiritual nu marengan kyai Furi, nu cepeng kalungguhan Wakil Ketua Dewan Syuro DPW PKB Jabar

Masarakat, nyahoeun pisan, kungsi ningali Kyai Furi, salat luhureun cai, leumpang luhureun cai nu umpal-umpalan. Geus puguhing, karomah Kyai Furi, bisa ngajar agama di sawatara tempat dina waktu nu sarua. "Seueur kaistimewaan pun bapa, teureuh ti nu jadi ramana, aki simkuring pisan," ceuk Imron.

Mangsa jumeneng keneh, akina, Kyai Anshori, basa ngabukbak leuweung keur ngawangun Desa Jatireja, teu ngagunakeun pakakas, atawa ngeprak masarakat. Ngabukbak leuweung estu ku sorangan, ngagunakeun leungeunna.

"Teu nganggo pacul, ragaji, bedog, sakumaha ilaharna ngabukbak leuweung, nuar tatangkalan nu galede estu ku nyalirana. Kitu linuhungna pun aki, ulama sepuh mangsa harita, ayeuna elmuna lungsur ka pun bapa," pokna.*** Cecep KS

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah