Lalakon Seuweu Prabu Siliwangi Guha Jatijajar Kebumen Jawa Tengah

- 2 Juli 2024, 14:00 WIB
Diaroma patung seuweu Prabu Siliwangi, Kamandaka, nu ngalalana di Jawa beulah wetan.
Diaroma patung seuweu Prabu Siliwangi, Kamandaka, nu ngalalana di Jawa beulah wetan. /

GALURA.CO.ID -Objek wisata  Guha Jati­jajar  di Kebumen loba didareug­deug ku turis ti Jawa Barat. Eta teh pedah aya pangbibita riwayat lalampahan seuweuna Prabu Siliwangi anu ngumbara tepi ka jadi rajana pisan.

Turis ti wewengkon Jawa Ba­rat loba nu aleut-aleutan muru ka sawatara objek wisata nu aya di Jawa Tengah, sabab hayang ngalanglang wisata budaya jeung sajarah anu aya di eta weweng­kon. Salasahijina: objek wisata Guha Jatijajar, di Kebumen, Kabupaten Purwokerto.

Eta geus dipilampah ti taun 1970-an keneh, sanajan harita ma­sih keneh jadi objek wisata sasaran antara, istilahna teh. Turis ti Jawa Barat harita masih keneh tetep mentingkeun Yog­yakarata nu sasaran utama atawa daerah tujuan utama wisata.

Contona kieu: tujuan utamana mah muru Candi Boro­budur, Candi Mendut jeung Prambanan, atawa ka Parang­tritis. Ngan naha inditna atawa naha balikna, pasti nyimpang ka Guha Jatijajar. Guha Jatijajar ja­di perhatian husus pikeun urang Jawa Barat sabab aya patalina jeung sajarah Pajajaran.

Kieu cenah caritana teh. Ba­heula dina abad ka-16 aya sinatria Pajajaran anu katelahna Banyak Citra. Ku urang Jawa Tengah mah robah jadi Banyak Cotro.  Banyak Citra teh, seuweuna Sri Baduga Maharaja Prabu Siliwangi (1482-1521) ti selir.

Banyak Citra rek dibenum jadi raja bawahan ngan saratna kudu boga pipermesurieun heu­la. Ku sabab kitu, Banyak Citra dititah ngumbara jang neangan pipamajikaneun. Cenah ceuk carita teh, Banyak Citra ngala­lana ka tatar wetan. Nya anjog ka wilayah Karajaan Pasirluhur nu ayana di wewengkon Banyumas.

Ngan bae Banyak Citra datangna ka Pasirluhur teh teu ngaku anak raja. Teu ngaku nga­ran Banyak Citra. Nelahkeun maneh mah Kamandaka.  Pakean oge diganti jadi jenis pakean keur somah.  Ngan ku sabab paripolahna hade jaba kasep, di Kara­jaan Pasirluhur diaku anak ku Patih Reksanata.

Ari anu jadi raja harita katelahna Adipati Kanandaha. Pasir­luhur teh harita mah bawahan Pajajaran. Sabab kakawasaan Pa­jajaran harita tepi ka Banyumas.

Adipati Kanandaha boga sa­babaraha urang anak awewe. Lolobana geus rimbitan kajaba De­wi Ciptarasa. Banyak Citra kataji ku ieu putri.  Saking bo­gohna, Banyak Citra nyulundup ka kaputren tapi samemeh ne­pungan sang putri kaburu kaperego ku perjurit.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah