Situs Candi Bojongménjé Mindeng Kacaahan

- 1 Juli 2024, 13:06 WIB
AHMAD (70), Juru Pelihara Candi Bojongménjé keur mariksa batu-batu candi anu pasoléngkrah, Minggu (25/05/24).
AHMAD (70), Juru Pelihara Candi Bojongménjé keur mariksa batu-batu candi anu pasoléngkrah, Minggu (25/05/24). /ROSYID EA/Glr/

GALURA.CO.ID. - Situs Candi Bojongménjé nu perenahna di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Kacamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung, téh ayana di jero kampung tur dikepung ku lahan pabrik bogana swasta. Asupna téh ngaliwatan gang satapak ti Jalan Rancaékék Raya, kira-kira 150 méter, sarta di sisi kénca-katuhueunana gegek ku imah-imah warga.

Di lokasi situs, aya dua titik galian jeung pamugaran tapi batu-batuna henteu nyusun sakumaha ilaharna candi, ngan ukur batu anu ditumpuk kitu baé dina taneuh, jeung di hiji wangunan/rohangan anu cenah ajangkeuneun catetan/pendataan.

Atuh tempat dikalina (ékskavasi) jeung ngadegna candi, kiwari kaayaanana éstu teu béda ti balong. Cai ngeuyeumbeu di dinya. Batu-batu anu tadina disusun kalawan bérés tur ditata sakumaha ilaharna wangunan candi, kiwari pasoléngkrah dina taneuh.

Baca Juga: Situs Candi Bojongménjé, Sanggeus 20 Taun Panalungtikan Kiwari Kaluli-luli  

“Tuda mun usum hujan, Rancaékék mah teu weléh katarajang baé ku caah. Tangtos ieu lelewek situs gé remen kacaahan. Kalan-kalan cai caah dugi ka salaput beuheung, munasabah mun batu-batu candi téh mindeng kakeueum dugi ka kagerusna,” ceuk Ahmad, Jupel Candi Bojongménjé, anu mimiti manggihan ayana batu-batu candi di jero taneuh dina taun 2002, bareng jeung warga séjénna di dinya.

Baheula mah, saméméh taun 1980-an, wewengkon Bandung wétan –kaasup Rancaékék-- téh kacida suburna lantaran cai ti Walungan Citarum masih kénéh hérang tur beresih, teu kakotoran ku limbah pabrik kawas ayeuna. Malah ieu wewengkon kungsi jadi wewengkon lumbung padi. Ti taun 1980-an, sanggeus dug-deg pabrik-pabrik sarta Rancaékék jadi wewengkon industri nu kawilang maju, sawah nu tadina bisa dipaké nadah cai hujan téh beuki lila beuki ngaheureutan. Mun usum hujan, aliran cai mendet di mana-mana lantaran kurangna drainase, balukarna éta wewengkon mindeng kacaahan. Katambah deuih walungan téh caina lecek kacida kakotoran ku limbah pabrik.  

Baca Juga: Guha Pawon di Citatah, Pakumuhan Manusa Purba Bandung

MUN pareng usum hujan, Situs Candi Bojongménjé nu perenahna di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Kacamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung, remen kakeueum ku cai caah.
MUN pareng usum hujan, Situs Candi Bojongménjé nu perenahna di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Kacamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung, remen kakeueum ku cai caah.

Balukar mindeng kacaahan, malah aya kalana tepi ka salaput beuheung, atuh batu-batu di Situs  Candi Bojongménjé gé mindeng pisan kakeueum. “Ieu kedah énggal-énggal diayonan, ulah diantep,” ceuk Ahmad, pinuh harepan.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah