Situs Candi Bojongménjé, Sanggeus 20 Taun Panalungtikan Kiwari Kaluli-luli  

- 1 Juli 2024, 12:53 WIB
SITUS Candi Bojongménjé nu perenahna di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Kacamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung, Minggu (25/05/24).
SITUS Candi Bojongménjé nu perenahna di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Kacamatan Rancaékék, Kabupatén Bandung, Minggu (25/05/24). /ROSYID EA/Glr/

 

GALURA.CO.ID. - Taun 2002 ka tukang, pancegna tanggal 18 Agustus, masarakat Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Rancaékék, Kabupatén Bandung, anu diluluguan ku Ahmad (70), salasaurang kokolot di dinya, manggihan hiji situs candi di jero taneuh. Éta situs candi téh tuluyna dingaranan Situs Candi Bojongménjé, luyu jeung ngaran tempat kapanggihna éta situs.

Sarua jeung Candi Cangkuang di Kabupatén Garut, Situs Cibuaya jeung Situs Candi Batujaya di Kabupatén Karawang, Situs Candi Bojongménjé téh titinggal jaman Hindu-Budha dina abad ka-6 – 8 Mséhi, raket patalina jeung runtagna Karajaan Tarumanagara jeung ngadegna Karajaan Sunda dina abad ka-20.

 

Kompléks makam

Mimitina mah, Ahmad ngajak warga ngali taneuh pikeun ngurug jalan anu garékgok. Karék gé dikali satengah méteran, taneuh téh gorowong bari di sakurilingna kapanggih aya tumpukan batu anu susunanana kawilang bérés.

“Kapungkur, sateuacan aya penggalian ku tim peneliti ti Balai Arkeologi Bandung, ieu lokasi candi téh kawitna kompléks pamakaman umum. Mung saparantosna éta, kompléks makam téh dialihkeun ka tempat sanés,” ceuk Ahmad, anu tuluyna kapeto jadi Juru Pelihara (Jupel) Situs Candi Bojongménjé.

Ti saméméh aya timuan batu di jero taneuh, ceuk Ahmad, dirina geus nyaho tina wangsit ti karuhun yen éta patempatan téh kawilang suci.

“Nalika ngali kanggo ngurebkeun anu pupus gé, pacul téh sering ngagedrug kana batu. Mémang, seueur batu anu kapendak di jero taneuh. Malih mah aya sababaraha warga anu sok ngamangpaatkeun éta batu kanggo dijadikeun tihang bumi,” ceuk Ahmad deui.

Ceuk Ahmad, éta candi téh kamungkinan lain candi tunggal, tapi mangrupa kompléks percandian anu legana kira-kira 30 héktar.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah