KH Ushfuri Anshor 'Paseuk' Subang jeung Pantura

- 27 Juni 2024, 19:03 WIB
KH Ushfuri Anshor (dina korsi).
KH Ushfuri Anshor (dina korsi). /Cecep KS/galura.co.id

"Nu pasti mah, bapa gumelar di lingkungan pasantren, nu alam harita wangunan pasantrenna ge kawilang basajan, sarwa walurat, maphum alam jajahan bangsa deungeun keneh, jeung mahabuna gorombolan," pokna.

Diwirid elmuning agama Islam, tuluy dititah neruskeun masantren di Pasantren Buntet, Cirebon, nuluykeun ka Pasantren Lirboyo. "Tah, tuluy masantren we di Pondok Pasantren Abdul Fa'idl, Blitar," pokna.

Teu Ngan syukur di Blitar, sajumlah pasantren kahot nu aya diwewengkon Jawa Timur, disungsi ku Kyai Furi. Sanggeus ngarasa asak ku elmuning agama Islam, inyana mulang ka Desa Jatireja, Kacamatan Compreng, Subang.

Taun 1981, di lemburna, inyana ngadegkeun yayasan jeung pasantren, Pondok Pasantren Al - Ishlah, nu nepi ka kiwari jumlah santrina mingkin euyeub bae. Lain wae pasantren, geus aya taunna di lingkungan Yayasan Al-Ishlah, ngadeg Madrasah Diniyah, MTs, MA jeung SMK.

Pangwangunan pondok pasantren jeung sakola teh, teu ngandelkeun sumbangan ti para donatur. "Bapa mah, narah pisan, ngadegkeun pasantren jeung lembaga pendidikan, ngasong-ngasong proposal. Para santri jeung para guru, dicaram ku bapa, ulah menta dana bantuan," pokna.

Ana disaliksik, katerangan ti Ustad Imron Nurul Khoirot, sumber rejeki keur pangwangunan pasantren jeung sakola, muklis tina karomah elmu Kyai Furi, nu tara eureunna ngadeuheus ka Nu Maha Kawasa.

Cindekna, ceuk Imron, sok aya we jalan rejeki keur keperluan pasantren jeung sakola. "Mun Bade niat mah, Bapa, tiasaeun ngadegkeun bangunan agreng dina waktu Ngan sapeuting. Orokaya, warga bakal ibur," ceuk Imron

Linuhungna elmu Kyai Furi, masarakat di sabudeureun Subang jeung Pantura, geus pada nyaho. Loba carita spiritual nu marengan kyai Furi, nu cepeng kalungguhan Wakil Ketua Dewan Syuro DPW PKB Jabar

Masarakat, nyahoeun pisan, kungsi ningali Kyai Furi, salat luhureun cai, leumpang luhureun cai nu umpal-umpalan. Geus puguhing, karomah Kyai Furi, bisa ngajar agama di sawatara tempat dina waktu nu sarua. "Seueur kaistimewaan pun bapa, teureuh ti nu jadi ramana, aki simkuring pisan," ceuk Imron.

Mangsa jumeneng keneh, akina, Kyai Anshori, basa ngabukbak leuweung keur ngawangun Desa Jatireja, teu ngagunakeun pakakas, atawa ngeprak masarakat. Ngabukbak leuweung estu ku sorangan, ngagunakeun leungeunna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah