Di Astana Gede Buyut Jayan Bungbulang Ciamis Pajaratanana Laleutik

- 4 Juni 2024, 15:32 WIB
Di Astana Gede Buyut Jaya nu pernahna di Kampung Bungbulan, Kawunlarang, Rancah, Ciamis, pajaratanana parondok, kira 50 senti.
Di Astana Gede Buyut Jaya nu pernahna di Kampung Bungbulan, Kawunlarang, Rancah, Ciamis, pajaratanana parondok, kira 50 senti. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Pajaratan di Astana Gede Buyut Jayan panjangna kurang leuwih lima puluh senti meter. Lain pedah lahanna heureut tapi geus ti baheula kituna teh, tembong dina pajaratan heubeul.

“Disebat Astana Gede teh dumeh pajaratana lega, aya kana sahektar satengah.” Kitu ceuk Yoga Iswara, (23/05/2024). Harita Yoga nu sapopoena guru  jeung sababaraha warga keur gotong royong beberesih di Astana Gede, ngoredan jukut jeung nyapuan kalakay.

Jadi disebut Astana Gede lain pedah di dinya aya pajaratan nu ukuranana gede jeung panjang. Teu  kawas sebutan Astana Gede di Kawali pedah aya pajaratan, makam Pangeran Usman, nu  ukuranana  gede. Pangeran Usman asalna ti Cirebon kulawadet kasulatan Cirebon, datang ka Kawali keur nyebarkeun agama Islam.

Pangna make kecap Buyut Jayan lantaran aya pajaratan tokoh nu katelah ku ngaran Buyut Jayan. Saha ari Buyut Jayan? Inyana teh ceuk sakaol urut prajurit Mataram nu waktu tas ngarurug VOC atawa Kumpeni di Batavia (Jakarta) henteu mulang deui ka Mataram.

Najan disebut buyut, pajaratan Buyut Jayan henteu make cungkup atawa saung. Malah pernahna oge di jajalaneun. Ngan bedana pajaratanana teh geus ditembok, sarta ukuranana leuwih gede batan pajaratan nu aya di dinya. Nembokna teh dumasar kana ukuran memehna. “Sateuacan ditembok mah nisanna mung batu ageung, dua,” ceuk Yoga.

Astana Gede Buyut Jayan teh pernahna di Blok Cigalatik Dusun Bungbulang, Desa Kawunglarang, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Ti Bale Desa Kawunglarang mah kurang leuwih lima ratus meteran. Kalereun Bale Desa Kawunglarang. Teu jauh ti paimahan. Landeuheunana pasawahan.

Jajalaneun ka Astana Gede Buyut Jayan sakitu mah rubak, geus diplester, sisina oge dipelakan tangkal hanjuang ngajajar jeung tatangkalan sejenna nu biasa dipake pager. Waktu Galura ka dinya, jalanna teh raresik jeung beresih. Cirining maneuh disapuan, kawantu di sisina rea imah warga. Imah Yoga oge teu jauh ti Astana Gede Buyut Jayan.

Di Astana Gede Buyut Jayan aya pajaratan ulama nu munggaran ngadegkeun pasantren di Kawunglarang, Kiyai H.Ahmad Hidayat nu tilar taun 1965. Pasantrenna teh di Cibentang Dusun Desa. “Ayeuna mah pasantrenna tos teu jalan, mung ari tempatna atanapi bangunana mah sok dianggo pangaosan, unggal pangaosan teu weleh haneuteun,” ceuk Yoga.

Ukuran pajaratan Kiyai H. Ahmad Hidayat oge sarua pondok, teu beda jeung pajaratan sejenna di Astana Gede Buyut Jayan. Tacan kajujut naon sababna pajaratan di dinya parondok. Pajaratan heubeul oge nu nisanna ukur make batu taya ngaranan sarua parondok. Kawasna ti baheula mula ukuran pajaratan ti dinya parondok.

Beda jeung umumna pajaratan di Priangan nu geueuman, komplek Astana Gede Buyut Jayan mah karasana hegar,  caraang. Tangkal samoja nu umurna ratusan taun ngajajar. Kitu deui tangkal kembang hanjuang. Di tengah-tengah pajaratan ngajega tangkal lame nu gedena saluhureun beuteung munding.

“Mung tangkal lamena  mah tos koropos, paur rungkad wae, matak ngabahlakeun nu nuju jaroh,” ceuk Yoga. Ari paeh mah henteu, angger daunan keneh. Alusna mah dituar. Bisi ujug-ujug rungkad heg keur loba nu jaroh. Komo deui dina poe lebaran, sanggus solat id  loba nu nyekar ka pajaratan kulawargana.

Di saung gigireun lawang saketeng, ngajajar sapu nyere nu dijieun tina nyere kawung. “Anggoeun nu jaroh,” ceuk Yoga. Lian ti sapu nyere disadieukeun parang nu bisa dipake ku warga keur meresihan jukut mun keur nyekar. Sanggeus dipake, sapu nyere jeung parangna ditunda deui dina tempatna.

Kajaba sapu nyere jeung parang, disadiakeun oge cai dina urut botol plastik kemasan inuman. Sarua pakeeun nu jaroh. Kabiasan di urang nu jaroh teh sok ngucurkeun cai kana luhureun kuburan. Engkena botol plastikna teh ditunda deui dina urutna. Sapu nyere, parang, jeung cai dina botol plastik teh keur ngentengkeun nu rek jaroh.

Anu jararoh sok hideng ngasupkeun kencleng kana kotak nu ngahaja disadiakeun gigireun saung. Hasil kenclengna unggal bulan ditulis dina bor bodas nu dipasang di gigireun saung. Sabaraha jumlahna,  dipake keur naon wae, sarta sesana (saldona) sabaraha.

Unggal rek nyanghareupan bulan Romadon warga sadesa Kawunglarang sabilulungan meresihan Astana Gede, lain ukur makam kulawargana. Disadiakeun rupa-rupa kadaharan. Rengse meresihan Astana Gede dalahar, botram.

Yoga boga rencana pajaratan Buyut Jayan dibalikeun ka asal. Tembokna rek dibongkar, kitu deui nisanna. Nisan rek make batu saperti memeh ditembok jeung dikramik. Ngarah katempo pajaratan buhun.

Ari saperti ayeuna mah anu teu apal moal nyangka eta teh pajaratan heubeul. Nyangkana teh pajaratan anyar,  lain pajaratan tokoh penting dina jamanna.

Lain karamat

“Sanes pajaratan nu dikaramatkeun,” ceuk Yoga Iswara. Disadikeun cai dina urut botol cai kemasan ajangkeuneun nu jaroh ka makam kulawargana sewang-sewangan, lain husus keur nu jaroh ka makam Buyut Jayan.

Nu jaroh teu kudu mawa cai keur kucurkeuneun kana luhureun pajaratan, sakumaha kabiasaan nu jaroh. “Janten sanes husus kanggo nu jaroh ka pajaratan Mbah Jayan,” ceuk Yoga Iswara nu maneuh nyapuan patilasan nu aya di Bungbulang.

Yoga nyebutkeun bisa jadi aya nu ngahaja jaroh ka pajaratan Buyut Jayan,  pedah meunang pituduh atawa nu nyaho saha-sahana Buyut Jayan. Sakanyaho Yoga, Buyut Jayan teh tadina pamanggul prajurit Mataram nu ditugaskeun ku Sultan Agung ngarurug VOC di Batavia, ngan gagal. Teu balik deui ka Mataram alatan sieuneun dihukum ku Sultan Agung.

Aya oge nu nyebutkeun Buyut Jayan teh asli urang Bungbulang atawa urang Kawunglarang. Ku Mataram dipenta bantuan pikeun nyerang  VOC. Sabada pasukan Mataram gagal meruhkeun VOC Buyut Jayan balik deui ka tempat asalna. “Mung Buyut Jayan teu kacarioskeun gaduh istri dugi ka teu aya rundayanana di Bungbulang,” ceuk Yoga.

Anu rek jaroh ka pajaratan  Buyut Jayan teu kudu bebeja heula, kajaba nu tacan apaleun pernahna. “Mangga wae langsung, margi Astana Gede Buyut Jayan pajaratan umum, sanes tempat anu dikaramatkeun,” ceuk Yoga. Pajaratan Buyut Jayanna oge henteu beda jeung pajaratan lainna, malah sisieun jalan, ngan ukuranana leuwih gede batan makam sejenna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah