Resto Kampoeng Banyumili, Kampung Rasa Sunda di Tanah Jawa

- 8 Desember 2023, 15:39 WIB
Kampoeng Banyumili di Kota Salatiga, Jawa Tengah, konsep Kampung Sunda.
Kampoeng Banyumili di Kota Salatiga, Jawa Tengah, konsep Kampung Sunda. /Nanang S/galura.co.id

“Ti dieu mucunghul ide ngabangun resto nu nuansana alam,” ceuk Atika. Luyu jeung kaayaan tempatna, restona dingaranan Kampoeng Banyumili. “Kampung tiasa dihartoskeun wewengkon, banyu hartosna cai, mili
hartosna ngalir,” pokna deui.

Kampoeng Banyumili hartina wewengkon nu aya sumber kahirupan, cai, nu terus ngalir.. Kampoeng Banyumili oge ceuk Atika ngandung filosofis. “Kampoeng Banyumili teh sumber kahirupan nu teras ngalir mangpaatna,” pokna,

Mangpaat di dieu lain ukur dirina jeung keur karyawan di Kampoeng Banyumili, tapi oge keur masarakat sabudereunana jeung keur alam lingkungan. Atika nu oge lanceuk misan pupuhu pasantren Edi Mancoro nyebutkeun di kampung, bisnis teu bisa murni bisnis.

“Ajen nu mucunghul, lain sakadar ukuran materi, tapi oge silaturahmi, sareng lingkungan, masarakat, supplier, vendor, tamu, sareng sajabina,” pokna. Tina kituna Kampoeng Banyumili ditarekahan sangkan ngahiji jeung lingkungan sabudeureunana, kaasup jeung pasantren.

Hiji-hijina di Jawa Tengah

Bisa jadi Kampoeng Banyumili teh hiji-hijina resto di Kabupaten Semarang jeung di Kota Salatiga, malah di Provinsi Jawa Tengah, nu ngahiji jeung lingkungan pesantren.

Masjid representatif dibangun di sisi lawang asup ka resto Kampoeng Banyumili. Teu aneh tamu ngarasakeun lain ukur sausana padesaan tapi oge dangiang pesantren.

“Sahinasna kaunggulan Kampoeng Banyumili teh,” ceukAtika. Kampoeng Banyumili legana aya kana lima hektar. Salain resto, Kampoeng Banyumili nyediakeun tempat keur outbond.

Atika nyebutkeun dina mekarkeun jeung ngokolakeun Kampoeng Banyumili cecekalanana tina kana filosofi cai: sumber kahirupan. Atika najan dumuk di tanah Jawa mampu ngawujudkeun ajen-inajen kaarifan lokal Sunda ngeunaan cai jeung lingkungan.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x