Kawah Putih Gunung Patuha Ciwidey Bandung, Karajaan Jin, Pabrik Walirang tepi ka Jadi Objek Wisata

- 8 September 2023, 08:00 WIB
Objek wisata Kawah Putih di Gunung Patuha, Kabupaten Bandung, baheula dianggap sanget.
Objek wisata Kawah Putih di Gunung Patuha, Kabupaten Bandung, baheula dianggap sanget. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung ku masarakat sabudeureunana dipercaya puseur karajaan jin jeung tempat ngariungna roh luluhur. Ku sangetna èta tempat sasatoan ogè euweuh nu wanieun ngulampreng. Cenah, manuk anu calutak hiber di puncak èta gunung dumadakan ragrag tuluy paèh.

Leuwih ti saabad kalarung, Puncak Gunung Patuha dianggap sanget ku masarakat satempat. Taya saurang ogè nu ludeung ngulampreng ka ieu gunung, komo ka ponclotna mah. Matak pantes waktu harita taya saurang oge bangsa pribumi nu nyahoeun kumaha kaayaanana tur kaèndahan alamna jeung lingkungan sabudeureunana.

Bangsa deungeun mah teu percayaeun kana ka nu sipatna mistik teh. Ahli geologi blasteran Walanda-Jerman, Dr. Franz Wilhelm Junghuhn, taun 1837 laha-loho ka lebah nu dianggap sanget di Gunung Patuha.

Baca Juga: Jaroh Tengah Peuting ka Makam Syeh Baing Yusuf, Dibaturan ku Angin Ngahiliwir

Waktu ngalanto ka Bandung kidul, di sabudeureun tutugan Gunung Patuha, Junghuhn ngarasakeun kaayaan anu tiiseun jeung geueuman.

Junghuhn teu manggihan sasatoan ilaharna di leuweung. Kajurung ku kapanasaran, inyana nanyakeun ka warga satempat ku naon pangna lelewek bieu tiiseun pisan, teu kadenge sora manuk sora manuk acan.

Masarakat nyebutkeun ponclot Gunung Patuha tèh tempat ngariungna arwah para luluhur jeung puseur karajaan bangsa jin tepi ka kacida sanget. Lantaran kitu sasatoan ogè euweuh nu ngulampreng ka lelewek èta, malahan mun seug aya manuk nu calutak hiber ngaliwatan èta patempatan tanwandè ragrag tuluy paèh.

Najan ceuk kayakinan masarakat kitu, tapi Junghuhn, teu percayaeun kitu waè. Inyana neruskeun lalampahanna asup ka jero leuweung geledegan panasaraneun aya naon sabenerna di eta tempat. Can ogè anjog ka ponclot gunung, Junghuhn hookeun pisan barang mireungeuh kaayan alam nu sakitu endahna.

Baca Juga: Galih Donikara: ‘Liputan di Alam Bebas kudu Siap Sagala Rupana’

Hiji dano nu kawilang lega caina bodas semu hèjo. Ti jero dano mancer lava jeung kaambeu bau walirang. Kanyahoan ayeuna mah naon pangna manuk-manuk teu daèk hiber ngaliwatan eta patempatan.

Nya ti dieu mimitina aya pabrik walirang Kawah Putih nu dina jaman Walanda disebut Zwavel Ontgining Kawah Putih. Dina jaman Jepang, pabrik walirang ngaranna diganti jadi Kawah Putih Kenzanka Yokoya Ciwidey, sarta ditalingakeun ku militer. Teuing ti iraha produksi walirang ti Kawah Putih mimiti kandeg nu satuluyna eureun pisan.

Wisatawan keur nyukang di luhuran Kawah Putih di Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung.
Wisatawan keur nyukang di luhuran Kawah Putih di Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung. galura.co.id

Tempat Karamat

Kencaeun samèmèh asup atawa rèk turun ka Kawah Putih aya komplek pamakaman. Ayeuna mah ditulisan makè plang "Patilasan Sunan Ibu".

Di dinya aya makam para luluhur, di antarana; Eyang Jaga Satru, Eyang Rangsa Sadana, Eyang Camat, Eyang Ngabai, Eyang Barabak, Eyang Baskom jeung Eyang Jambrong.

Baca Juga: Khansa Syahla Aliyah: ’Bandera Merah Putih nu Ngelebet di Ponclot Gunung Elbrus, Hiber Kabawa Angin’

Di salah sahiji tempat di puncak Gunung Patuha, nu katelah Puncak Kapuk ku masarakat dipercaya tempat rapat atawa gempungan para luluhur nu dipingpin ku Eyang Jaga Satru.

Cenah di tempat ieu aya sababaraha urang warga sok kawènèhan ningali sabubuhan domba bodas nu dipercaya jirimna luluhur.

Dikokolakeun ti taun 1987

Ti taun 1987 Kawah Putih Dikokolakeun ku Perhutani sarta jadi ikon objek wisata Kabupaten Bandung. Ceuk Cluster Manager Ciwidey Perhutani, Trisna Mulyana, pikeun ngadeudeul objek wisata Kawah Putih kiwari aya tempat parkir lega, mushola, jeung toilet.

Lian ti eta oge dilengkepan, alat transportasi ti lawang hareup nepi ka kawah, pusat informasi, restoran, puluhan warung kadaharan. Alat tranaportasi nu ngajajapkeun wisatawan ti parkir hareup nepi ka kawah nu anggangna kurang leuwih 3 kilometer tèh dingaranan ontang-anting.

Jumlah ontang-antingmna 20. Asalna beus ukuran leutik nu diropea jadi kandaraan wisata. Hiji ontang-anting bisa muat 12 urang.

Samèmèh anjog, kira-kira sababaraha ratus meter deui ka Kawah Putih, Kawah Putih teh bagèan ti kawasan hutan lindung Gunung Patuha nu lega sagemblengna 2.690,5 hektar, geus kaambeu bau walirang.

Baca Juga: Piknik ka Curug Cipanji di Desa Tenjolaya, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung, Nyeuseup Hawa Seger

Anjog ka kawah nu legana 25 hektare moal kaampeuh hayang popotrètan. Nu apal sajarahna jeung kungsi ngadèngè mitos sangetna bakal poho. Moal nyangka kawah nu kabentuk ti bituna Gunung Patuha dina abad ka-10 teh bisa katincak.

Di Kawah Gunung Patuha ayeuna diwangun darmaga ponton makè pelampung jeung tina bahan kai keur wisatawan nu hayang nyorang ka tengah-tengah kawah. Di salah sahiji sisi kawah katiten haseup ngebul kaluar tina lawang lava.

Sarè'atna lamun teu kapanggih ku Junghuhn, meureun nepi kiwari Kawah Putih tèh moal kakorèh potensina. Pangna disebut Kawah Putih, sabab kelir cai kawah jeung taneuhna bodas.

Ku Junghuhn dingaranan kawah Gunung Patuha lantaran ayana di Gunung Patuha. Ngaran Patuha cenah tina kecap Pa Tua (Sepuh), masarakat Rancabali-Ciwidey nganggap Gunung Patuha di Bandung kidul teh pangkolotna.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x