Galih Donikara: ‘Liputan di Alam Bebas kudu Siap Sagala Rupana’

29 Agustus 2023, 21:46 WIB
Galih Donikara dina kagiatan Journalist Camp PRMN X Eiger 2023,di Sari Ater CamperVan Park, Ciater, Kabupaten Subang, 24 Agustus 2023.* * /PRMN/

GALURA - Gunung téh mahluk hirup. Gunung bakal bisa milih saha nu boga hak pikeun naék ka ponclotna. Kitu nu jadi kayakinan Galih Donikara, Eiger Adventure Service Team Manager, anu ceuk pangakuanana diajar ti guide urang Nepal, nalika ngayakeun Ekspedisi Everest Indonesia.

“Ku kituna, sim kuring yakin, anu maraot di Everest, gunung pangluhurna di dunya, sanés lantaran kamampuhna, tapi tiasa baé gunungna henteu nampa anjeunna. Tiasa baé anjeunna téh umangkeuh, henteu ngajénan alam,” ceuk pokna, nalika jadi narasumber dina kagiatan Journalist Camp 2023 anu diayakeun ku Pikiran Rakyat Media Network (PRMN) jeung Eiger Adventure di Sari Ater Campervan Park, Subang, Jawa Barat, 24-25 Agustus 2023 kaliwat.

Pikeun para pendaki gunung jeung pencinta alam mah, ka ngaran Galih Donikara téh geus moal aya nu bireuk deui. Ieu pendaki anggota Wanadri (W-628 TORA) téh geus leubeut pisan ku pangalaman naék turun gunung, ngitung lembur milangan kori, boh di Indonesia boh di mancanagara.

Baca Juga: Khansa Syahla Aliyah: ’Bandera Merah Putih nu Ngelebet di Ponclot Gunung Elbrus, Hiber Kabawa Angin’

Ti mimiti milu Ekspedisi Irian Wanadri - TNI AD, Ekspedisi Everest Indonesia, Ekspedisi Pendataan dan Penjelajahan 92 Pulau Terdepan Indonesia, Ekspedisi 7 Summits Indonesia, Ekspedisi Black Borneo, Ekspedisi 28 Gunung Indonesia, Operasi SAR dan Bencana Lombok, Operasi SAR dan Bencana Palu, tepi ka Operasi Bencana Semeru, kabéh geus kaalaman ku Galih. Pangaweruhna kana sual alam, lingkungan, jeung gunung, tangtu teu bisa disapirakeun jeung dipihangham deui.

Munasabah lamun dina éta kagiatan Journalist Camp PRMN X Eiger, Galih népakeun pangaweruhna ka para jurnalis peserta kémping. Ieu kagiatan nu ngabaud mitra PRMN area Bodebek jeung Jawa Barat téh memang diayakeun pikeun mekelan para jurnalis PRMN sangkan ngawasa teknik liputan di alam bebas.

“Sateuacan ngaliput di alam bebas, urang kedah paham heula kagiatan di alam bebas. Naha éta téh nu aya patalina sareng olah raga, musibat atanapi bencana alam, atanapi nu aya hubunganna sareng kagiatanna di alam bebas. Alam téh ngandung bahaya, sakaligus ogé ngondang bahaya. Alam ngandung bahaya, urang ngondang bahaya. Alam aya patalina sareng kasulitan, urang raket patalina sareng karumitan. Ku kituna, dina nyanghareupan alam, urang kedah taliti tur waspada. Sagala rupina kedah disiapkeun,” ceuk ieu pendaki gunung nu gumelar 19 Agustus 1965 téh.

Baca Juga: Deni Yudiawan, Ngungkab Fenomena Masarakat Sabada Sasalad Covid-19

Dicontokeun ku Galih, manusa anu ngondang bahaya, di antarana henteu mawa kalengkepan nalika rék ngaliput di alam bebas. Kitu deui sual dahareun, cenah. Atuh conto séjénna, réa nu naraék ka gunung dina waktu peuting. Padahal, pendakian peuting téh réa pisan bahayana. Bisa baé kasasar, atawa tigebrus ka jurang lantaran leumpangna ngatog da poék, upamana.  

“Sual liputan, upami teu disiapkeun enya-enya, éta resikona seueur pisan. Ulah ngondang pibahayaeun ku sikep urang anu caliweura,” cenah.

Baca Juga: Tas Ransel Multifungsi, Inovasi Eiger anu Kainspirasi ku Kaarifan Lokal

Galih Donikara, Eiger Adventure Service Team Manager, mekelan ka para wartawan sual liputan di alam bebas.*

Kudu boga ‘fundamental skills’

Di sagédéngeun kudu ngajénan alam jeung henteu miceun runtah sakarepna, wartawan anu rék ngaliput ka alam bebas kudu boga fundamental skills anu nyumponan kabutuh. Galih Donikara nyebutkeun, aya sababaraha fundamental skill anu kudu disiapkeun ku para jurnalis nalika rék aya liputan ka alam bebas, supaya dina pancénna bisa survive.

Éta fundamental skills téh ngawengku:

- Physical Skill, kamampuh fisik jeung stamina nu kuat, anu bisa dilakukeun ku cara latihan fisik kalawan rotin (mayeng).

- Technical Skill, nangtukeun arah tujuan, ka mana urang rék ngayakeun lalampahan (kagiatan). Lamun naék gunung, hartina kudu ngaronjatkeun skill naék gunungna, ti mimiti nyiapkeun kalengkepan (perlengkapan), bebekelan (perbekalan), technic survival, tepi ka obat-obatan (medical) jeung nu séjénna.

Baca Juga: Galura Cetak I September 2023, Ngaguar Live Streaming Wayang Golek jeung Wayang Kulit

- Human Skill, kamampuh pikeun ngalakukeun pamarekan (pendekatan) jeung masarakat di mana urang aya kagiatan. Éta téh, ceuk Galih, maksudna supaya bisa leuwih loma (akrab) nalika rék ngaliput atawa ngawawancara narasumber.

- Enviromental Skill, skill pikeun mikawanoh lapangan sarta ngayakeun persiapan tepi ka bisa nyingkahan resiko/bahaya di alam bebas.

Naon anu diungkabkeun ku Galih Donikara dina medar perkara liputan di alam bebas, mungguh matak nambah pangalaman jeung pangaweruh (wawasan) pikeun sakumna peserta/jurnalis nu milu dina éta Journalist Camp 2023. Nambahan pangaweruh bari sukan-sukan di tempat kémping, tangtuna. Enya, bari ulin!***

Baca Juga: Viral Video Fuji Utami Marah-marah, Ternyata Kabar Bahagia Pindah Lapak ke Shopee Live karena Banyak Diskon!

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler