Kabupaten Majalengka Kapilih keur Ngagelar Program Kelana Nusantara

- 26 Oktober 2023, 11:00 WIB
Kabupaten Majalengka kapilih jadi tempat kagiatan Kelana Nusantara keur leuwih nuwuwuhkeun pariwisata.
Kabupaten Majalengka kapilih jadi tempat kagiatan Kelana Nusantara keur leuwih nuwuwuhkeun pariwisata. /Ayank R Sambara/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Kementerian Pariwisata dan Ekonomi Kreatif Republik Indonesia (Kemenparekraf RI) rempug gawe jeung Pamarentah Kabupaten Majalengka dina hal ieu Dinas Pariwisata dan Budaya Kabupaten Majalengka ngalaksanakeun hiji program nu diaranan "Kelana Nusantara", kalayan jejer "Mempercepat Laju Pariwisata Majalengka dengan Ekonomi Kreatif".

Kelana Nusantara teh salasahiji program aktivitasi kamotekaran Kabupaten/Kota Kreatif di Indonesia. Kabupaten Majalengka kapilih  salasahiji kabupaten nu mibanda kasempetan pikeun ngagelar eta agenda penting, tempatna di Samoja Coffe, Rebo,(25/10/2023).

Ieu kagiatan diluuhan ku Deputi Pengembangan Destinasi dan Infrastruktur Kementerian Pariwisata dan Ekonomi Kreatif Republik Indonesia (Kemenparekraf) katut rengrengan, Wakil Bupati Majalengka, Asisten Perekonomian dan Pembangunan Setda Kabupaten Majalengka, Kepala Dinas Pariwisata dan Budaya Kabupaten Majalengka, sakumna Kepala OPD lianna, Ketua KADIN Majalengka, sakumna nu ancrun Kana  ekonomi kreatif, nu ancrub kana seni budaya sarta tamu ondangan lianna.


Baca Juga: Caleg DPR RI Siti Tuti Susilawati Ziarah ka Makam Luluhurna di Situs Embah Dalem Gajah

Deputi Pengembangan Destinasi dan Infrastruktur Kementerian Pariwisata dan Ekonomi Kreatif Republik Indonesia (Kemenparekraf), Heriyanto, netelakeun "Kelana Nusantara" teh hiji bentuk kawijakan ti Kemenparekra, salasahiji program aktivitasi ti strategi kamotekaran Kabupaten/Kota Kreatif di Indonesia.

"Ayana ieu program hususna di Kabupaten Majalengka, kumaha carana kangge langkung motekarkeun potensi ekonomi kreatif di Kabupaten Majalengka nu sayatina tos tumuwuh tur motekar kalayan hade."

"Hal eta bakal terad motekar kalayan ngalaksankeun peranan penting sanes mung saukur di level daerah, masihan kontribusi di tingkat Nasional sareng di tingkat Internasional," ceuk Heriyanto.

Disebutkeun Heriyanto, Kelana Nusantara kiwari digelar di Kabupaten Majalengka. Kabupaten Majalengka teh kabupaten nu ekonomi kreatifna tumuwuh jeung motekar kalayan kawilang hade.

Baca Juga: Galura Cetak IV Oktober 2023, Nganti Pamimpin Harendong Papak, Misteri Makam dina Kuta

Salasahiji bukti komitmen kamotekaran ekonomi kreatif tumuwuh di masarakat teu aya intervensi sacara husus ti pamarentah.

Hal lianna: Kabupaten Majalengka geus asup salasahiji bagian tina ekosistem Kabupaten/Kota Kreatif di Indonesia. Dimimitian ti taun 2018, nepi ka kiwari Majalengka geus ditetepkeun jadi Kabupaten/Kota Kreatif skala Nasional.

"Kemenparekraf nangtoskeun ekonomi kreatif teh subsektor unggulan di Kabupaten Majalengka nu tiasa janten faktor penting dina kamotekaran pariwisata di Kabupaten Majalengka," ceuk Heriyanto.

"Kelana Nusantara ajang serap aspirasi ti sakumna pelaku ekonomi kreatif, forum ieu dijantenkeun salaku kandaga aspirasi ti handap boh kawentar ku istilah Bottom Up."

Baca Juga: Menhub RI Ngaroris BIJB, Terbang Asik dari Kertajati, Majalengka Moal Ukur Kaliwatan

"Hal ieu dijantenkeun bahan masukan oge evaluasi kangge pangwangunan ka payunna, benten sareng program aktivitasi kamotekaran ekonomi kreatif lianna sapertos Kata Kreatif Indonesia ku program nu polana  top down," ceuk Heriyanto.

"Kapayunna insyaallah Kemenparekraf nu minangka vokal point program Kabupaten/Kota kreatif bakal komitmen kangge masihan penguatan tur pendampingan supados eksistensi ekonomi kreatif di Kabupaten Majalengka langkung tiasa gaduh peran oge langkung eksis di forum internasional," ceuk Heriyanto.

 Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana, mapag kalayan hade tur ngaapresiasi kagiatan Kelana Nusantara nu digelar di Kabupaten Majalengka.

Pihakna nyebutkeun hal ieu hiji kahormatan pikeun Kabupaten Majalengka bisa dijadikeun tempat keur ngagelar kagiatan program "Kelana Nusantara" nu  salasahiji program unggulan ti Kemenparekraf.

Baca Juga: Menhub RI Ngaroris BIJB, Terbang Asik dari Kertajati, Majalengka Moal Ukur Kaliwatan

"Hal eta oge salah sawios buktos perhatosan langkung ti Pamarentah Pusat dina hal ini Kemenparekraf supados Majalengka tiasa langkung dipikawanoh masarakat Indonesia sakumna," pokna.

"Sajalan sareng operasional sagemblengna BIJB Kertajati ti tanggal 29 Oktober,  pamarentah Kabupaten Majalengka katut masarakatna kedah nyayagikeun diri kitu deui nu ancrub kana Ekonomi Kreatif di Kabupaten Majalengka kedah siap ngabageakeun hal eta pikeun ngamajengkeun pariwisata di Kab.Majalengka," ceuk Wabup Tarsono.

Ceuk Wabup, ku ayana kamajuan ekonomi kreatif di Kabupaten Majalengka bakal tiasa muka pangsa pasar perdagangan nu leuwih lega dugi ka level mancanegara. "Ieu, tangtuna kudu jadi peluang pikeun sakumna pelaku ekonomi kreatif di Kabupaten Majalengka.

Disebutkeun Wabup, masarakat Majalengka ditungtut kudu mampuh produktif, ngahasilkeun produk atawa jasa nu kualitas hade.

"Anu ancrub kana ekonomi Kreatif kedah mampuh ngabuktoskeun sagala potensi Majalengka nyampak tur bisa dimotekarkeun," ceuk Tarsono.*** Ayank R Sambara 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah