Parurugi Tanah Warga Kasabet Bendungan Sadawarna Sumedang Ngagantung Keneh?

- 15 Februari 2023, 14:30 WIB
Parurugi bendungan Sadawarna can rengse
Parurugi bendungan Sadawarna can rengse /Adpim Jabar/

GALURA - Sawadina mah parurugi (ganti rugi) tanah warga anu kasabet ku Bendungan Sadawarna Sumedang geus rengse, ulang ngagantung.

Enya, apanan Bendungan Sadawarnana oge geus diresmikeun ku Presiden Joko Widodo, tungtung 2022 nu geus kaliwat.

Ngan duka ku naon, eta parurugi Bendungan Sadawarna can keneh kaluar atawa rengse.

Baca Juga: Saulas Banda Pusaka Bupati Sumedang nu Dirumat jeung Dipusti-pusti di Museum Prabu Geusan Ulun

Nya ulah heran mun warga nu can nampa terus natanyakeun ka pamarentah. 

Hiji nu natanyakeun teh di antarana Rahmat nu ngaku kulawarga nu nepi ka ayeuna can keneh narima parurugi.

 

Nurutkeun Rahmat, Bendungan Sadawarna nu aya di lemburna teh hiji bendungan nu kaasup rohaka di Kabupaten Sumedang, Subang jeung Indramayu.

Baca Juga: Mun Keur Ngibing dina Tarawangsa Rancakalong Sumedang Kasarumahan Tandaning Karuhun Datang, Kudu Bungah

Apanan bendungan teh meakeun waragad gede, ngahontal Rp2 trilyun. Lian ti eta areal nu kakeueumna oge aya ratusna hektar.

Ku lantaran eta, lahan atawa tanah warga nu kasabetna ge rea pisan. Eta teh kaasup lahan bogana kulawarga Rahmat.

“Tapi wios eta mah, panginten tos kedahna kitu. Lahan warga di dieu kedah kasabet proyek. Nu penting kanggo warga mah, parurugina lancar,” kitu cek Rahmat jeung warga sejenna.

Baca Juga: Sirep Tarawangsa Rancakalong Sumedang, Ningali Nini Oneh Kasarumahan jeung Nyebut 'Nana nu Sieun Dibedil'

Alhamdulilah cenah, ti saprak aya rarancang diwangun taun 2018, warga nungtutan nampa parurugi ti pamarentah ngaliwatan panitia pembebasan tanah anu ditugaskeun.

Basa nu sejen nampa parurugi, Rahmat nyangka, kulawargana oge bakal nampa parurugi tanah nu kasabet proyek. Enya, piraku batur nampa ari manehna henteu mah.

Ngan dina emprona, kulawarga manehna jeung puluhan warga sejen mah geuning kawas dihare-harekeun. Basa nu sejen geus beres urusan parurugina, kulawargana mah lebeng, taya beja-beja acan.

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

Panasaran, maranehna nanyakeun ka pamarentah, ku naon parurugi can katarima. Kituna teh bari nembongkeun pasuratan tanah nu diperlukeun.

Jawaban ti pamarentah ka maranehna harita matak reugreug, “segera diproses”. Meureun, harita keneh bakal langsung diproses jeung maranehna bakal gancang narima parurugi. Kitu pikiran warga kaasup Rahmat.

“Ngan saatos eta mah jempling deui, teu aya wartos pisan. Malah dugi ka bendunganana diresmikeun ku Presiden Joko Widodo 27 Desember 2022,” cek Rahmat.

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Rahmat ngebrehkeun, sabada bendunganna diresmikeun ku Presiden, warga ngahaja natanyakeun deui ka pamarentah. Ngan jawabanna teu robah, “segera diproses”, kitu we jeung kitu, bari taya realisasina.

Awahing ku keuheul, tungtungna aya warga nu ngahaja mosting eta fakta dina media sosial, babakuna Facebook. Udaganana ngan hiji, pasualan nu disanghareupan ku warga meunang perhatian pamarentah, jeung parurugi gancang katarima.

Dina eta postingan antarana war dijentrekeun yen nu parurugina ngagantung alias can beres teh kira 35 tanah milik warga jeung 9 tanah kas desa (TKD).

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

“Tah sadayana, uang ganti rugi (UGR) nu teu acan rengse teh kanggo 35 tanah milik warga sareng 9 tanas kas desa,” cenah.

Warga jeung pihak desa, cenah, sababaraha kali ngadatangan BPN Sumedang, PPK Pengadaraan Tanah Bendungan Sadawarna jeung pihak sejenna nu aya patalina jeung proses parurugi atawa UGR.

Tapi jawabanna teu robah-robah wae, ngan ukur “segera ditindaklanjuti” bari nepi ka ayeuna  ngagantung keneh wae.

Naha ku naon bet kitu? Can aya katerangan.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Ngan nu jelas, sabada diwangun ti taun 2018 mula, Bendungan Sadawarna teh diresmikeun ku Presiden Joko Widodo, poe Salasa 27 Desember 2022 nu geus kaliwat. Ngaresmikeunana, Presiden teh disaksian ku sawatara pajabat.

Harita tembong Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil, Menteri Pekerjaan Umum dan Perumahan Rakyat Basuki Hadimuljono, Menteri ATR/Kepala BPN Hadi Tjahjanto, Anggota Komisi V DPR RI Dedi Wahidi, Bupati Sumedang Dony Ahmad Munir, jeung Bupati Indramayu Nina Agustina.

Dina biantarana Presiden ngebrehkeun yen Bendungan Sadawarna teh minangka bendungan ka 33 nu diresmikeun pamarentah, kalawan diwangun meakeun waragad ngahontal Rp 2 trilyun.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

“Bendungan Sadawarna teh bakal ageung mangpaatna,” saur Presiden.

Nurutkeun catetan Kominfo, legana nu kakeueum ku Bendungan Sadawarna nu caina gegedena ti DAS Cipunagara, Subang, kira 695 hektare di wewengkon Subang, Sumedang jeung Indramayu. Ari lahan nu bakal kacaianana, kira 4.280 hektare di Kabupaten Subang, Kabupaten Indramayu jeung Sumedang ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah