Ngomean Lingkungan Ruksak Unggal Lembur kudu Boga Daerah Resapan Cai

- 10 Februari 2023, 13:00 WIB
Situ Lengkong Panjalu. Ngomean lingkungan ruksak, unggal lembur hadena mibanda resapapan cai (Foto: Nanang S.).
Situ Lengkong Panjalu. Ngomean lingkungan ruksak, unggal lembur hadena mibanda resapapan cai (Foto: Nanang S.). /

GALURA –Pikeun ngomean lingkungan ruksak, ceuk H. Oman, urang Cikananga, Desa Selamanik, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, unggal lembur kudu boga daerah resapan cai.

“Matak naon sakur tempat-tempat nu pernahna leuwih luhur ti padumukan, komo upami tadina aya cinyusu dijantenkeun daerah resapan cai sangkan lingkungan ruksak pulih deui,” pokna.

Sangkan bisa ngomean lingkungan ruksak sarta nuwuwuhkeun deui daerah resapan cai, tempat atawa pilemburan nu ku luluhur urang ngaranna dimimitian ku kecap “ci”, kudu dipulangkeun kana jati dirina.

Jati diri tempat, ngaran lembur nu make kecap “ci:: teu kakurangan atawa tigerat ku cai ari usum halodo, kudu jadi loba deui cai, teu hese ku cai mun usum halodo.

Baca Juga: Putri Anjungsari (23), Imah Hasan Dibegal jeung Didatangan ku Prajurit Cirebon

Atuh mun usum hujan cai hujan teu ngabalukarkeun banjir, teu ngabalukarkeun caah dengdeng.

“Urang kudu era ku ngaran tempat nu make kecap ‘ci; tapi eta tempat tigerat ku cai mun usum halodo,” ceuk Sobirin, ahli lingkungan ti Bandung.

Sobirin ngabenerkeun kamandang nu nyebutkeun unggal lembur, unggal tempat, mibanda daerah resapan cai. Pakarangan kantor, pakarangan imah kudu bisa dijadikeun daerah resapan cai. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x