Lingkungan Ruksak, Usum Hujan Banjir, Usum Halodo Tigerat ku Cai

- 10 Februari 2023, 11:30 WIB
Waduk Jatigede Sumedang, usum halodo mah saat, ku warga lahanna sok dipelakan jagong.  Saatna Waduk Jatigede mun usum hujan, nandakeun lingkungan ruksak (Foto: Nanang S.).
Waduk Jatigede Sumedang, usum halodo mah saat, ku warga lahanna sok dipelakan jagong. Saatna Waduk Jatigede mun usum hujan, nandakeun lingkungan ruksak (Foto: Nanang S.). /

GALURA -Tigerat ku cai ari usum halodo, banjir jeung caah dengdeng ari usum hujan nandakeun lingkungan di urang, kaasup di Tatar Sunda, keur gering. Nandakeun lingkungan ruksak da diruksak tea.

Ciri lingkungan ruksak di antarana daerah resapan cai ngurangan. Di mamana kituna teh lain ukur di pakotaan tapi oge di padesaan. Balukarna usum halodo kakurangan cai, ari usum hujan cai tepi ngabalukarkeun banjir jeung caah dengdeng.

Dina usum hujan, alatan lingkungan ruksak tea cai hujan teu nyerep tapi langsung palid ka daerah nu leuwih handap, sarta langsung asup ka walungan (run off). Ieu nu ngalantarankeun dina usum halodo loba nu kakurangan cai.

Baca Juga: Mundi Ing Laya Hadi Kusumah, Salawasna Tapa, Manusa bakal Bisa ka Jagat Jabaning Langit

Ceuk Sobirin, ahli lingkungan ti Bandung, nguranganana daerah resapan cai, ngalantarankeun cai hujan henteu nyerep ka jero taneuh. Atuh cadangan cai di jero taneuh kakurangan pasokan.

Daerah resapan cai saenyana lain ngan ukur pasir atawa gunung, tapi oge pakarangan imah jeung pakarangan pakantoran.

Di lembur-lembur nu nyingkur oge pakarangan imah loba nu ditembok pelur, kitu deui bale desa jeung kantor sejenna. Tambah deui beuki loba paimahan bari jeung teu puguh tata ruang pilemburanana.

Tina kituna cai hujan teh henteu bisa nyerep, air tanah jadi ngurangan. Teu aneh mun sumber cinyusu, sumur, ari usum halodo nyirorot debitna.

Baca Juga: Desa Sirnajaya Rajadesa Ciamis, Mekarkeun Wisata Religi Samida, Tapi Musola wae Teu Dibangun

Usum hujan jalan di pilemburan nu lolobana geus diaspal atawa dipelur salin jinis jadi walungan, komo mun jalanna mudun mah. Malah saluran cai oge teu bisa nampung cai hujan.

“Lingkungan urang teh gering, kudu gancang diomean,” ceuk Sobirin. Pasir, gunung kudu dihejokeun, gawir awian, gili-gili (bantaran) walungan kudu dileuweungkeun.

Ceuk aturan mah gili-gili walungan, kenca katuhu, rubakna ulah kurang ti 50 meter, ulah dipake tatanen atawa paimahan, tapi kudu jadi leuweung.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah