Desa Sirnajaya Rajadesa Ciamis, Mekarkeun Wisata Religi Samida, Tapi Musola wae Teu Dibangun

- 9 Februari 2023, 13:00 WIB
Desa Sirnajaya, Kecamatan Rajadesa, Ciamis, ngembangkeun Wisata Religi Samida teu jauh ti situs sejarah Samida. Najan nu dikmbangkeunana wisata religi, teu dibangun musola-musola wae mah.*
Desa Sirnajaya, Kecamatan Rajadesa, Ciamis, ngembangkeun Wisata Religi Samida teu jauh ti situs sejarah Samida. Najan nu dikmbangkeunana wisata religi, teu dibangun musola-musola wae mah.* /

Baca Juga: Putri Kendita, Siwi Prabu Siliwangi, Ditenung laju Tatapa di Basisir Laut Kidul, Dilandi Nyi Roro Kidul

Sacara teu langsung Haris nyebutkeun Wisata Religi Samida teh "religina" Islam lain agama atawa kapercayaan samemeh Islam sumebar di Rajadesa.

Make ngaran Samida mah pikeun nembongkeun di Desa Sirnajaya aya situs sejarah nu dingaranan Situs Samida.

Pasilitas di Wisata Religi Samida geus diadegkeun sabaraha bangunan, gazzebo, jeung saung. "Dibangunna nganggo dana desa," ceuk Haris.

Anu masih keneh rangkay mah kolam renang, kolam renang keur barudak. "Diresmikeunana Wisata Religi Samida saatos kolam renang rengse," ceuk Haris.

Najan nu kembangkeunana Wisata Religi Samida, tapi teu tembong musola-musola acan. Sumawonna masjid mah.

"Musola kanggo saheulanan mah nganggo bangunan nu kelompok tani," ceuk Haris. Ngan musola nu dimaksud ku Haris teu pantes dipake keur solat.

Haris balaka tacan aya rarancang keur ngabangun masjid di lelewek Wisata Religi Samida. Anu diheulakeunana nyieun kolam renang.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah