Ieu Geuning Alesan Kang Emil Ngagabung ka Partai Golkar Teh, Antarana Wae 'Harewos' Ti Indung jeung Ulama

- 19 Januari 2023, 10:04 WIB
Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, asup Golkar, ieu horeng alesanna
Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, asup Golkar, ieu horeng alesanna /Antara/Melalusa Susthira K./

GALURA - Sabada rame jadi bahan catur media, Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil alias Kang Emil, antukna ngagabung ka Partai Golkar Rebo sore 18 Januari 2023 di Kantor DPP Partai Golkar Jakarta.

Media nasional, nurutkeun catetan, saenyana geus ngambeu rada lila soal Kang Emil rek gabung ka Golkar teh.

Samemehna mah samalah aya nu naksir yen Kang Emil moal ka Golkar sagala, tapi ka PPP, sabab inyana kaasup dalit oge jeung PPP.

Baca Juga: Leuweung Jahim, Wisata Alam Pagunungan Ciamis Kalér

Ngan ahirna Kang Emil teh tetela ngagabung ka Partai Golkar, jeung langsung meunang tugas beurat: Wakil Ketua Umum Bidang Penggalangan Pemilih dan co-chair Badan Pemenangan Pemilu!

Enya, ngagabungna teh kamari, Rebo 18 Januari 2023!

Naon atuh alesanna pangna Kang Emil ngagabung ka Golkar teh? 

Baca Juga: Batu Akik Kungsi Ngajaul, Saban Daerah Miboga Potensi Batu Akik Disungsi

Dicutat tina akun Instagramna @ridwankamil, sawatara jam katukang, ieu geuning alesanna teh.

Nurutkeun Kang Emil, udagan utama inyana gabung ka patey pulitik teh ngan hiji. Nyaeta bajoang keur pangwangunan bangsa enggoning ngawujudkeun karaharjaan masarakat.

Anapon partey nu dipilih ku inyana, nyaeta Partai Golkar.

Baca Juga: Batu Ali Masih Keneh Rea Nu Mikaresepna, Hiji Batu Ali Aya Nu Meuntas Sajuta Rupia

Cek Kang Emil, inyana milih Partai Golkar teh henteu ngadadak. Samemehna inyana nimbang-nimbang heula lila naker. Dibeuweung diutahkeun.

"Ieu kaputusan teu ngadadak, tapi ngaliwatan pertimbangan panjang," cek Kang Emil.

Eta teh boh ku istikoroh, harewos nyaah ti indung nu kacida miheman --sakaligus guru, geureuha katut kulawarga, ulama, dulur, sobat jeung sajabana.

Baca Juga: Camat Margaasih: ku Rembug Bedas Warga Bisa Langsung Ngangluh ka Bupati

"Ieu kaputusan taya lian keur ngaronjatkeun kinerja, sanes ambisi pulitik wungkul," cek Kang Emil nandeskeun.

Ka Golkar

Anapon ku naon pangna milih Golkar, cek Kang Emil, lantaran parteyna geus kauji jadi pilar demokrasi di Indonesia, nu komitmenna enggoning ngarumat jeung mertahankeun demokrasi di lemah cai tur ngawewegna Pancasila jeung NKRI gede naker.

Baca Juga: Nyurahan Pamaredih Presiden Jokowi, TB Hasanuddin: Luyu Undang-Undang nu Jadi Koordinator Intelijen teh BIN

"Partai Golkar mibanda anleh nu ageung keur pangwangunan bangsa," pokna.

Naon rupa anu geus diprakkeun ku Golkar teh, cek Kang Emil dipiharep leuwih ngaronjat deui, kaasup enggoning ngadorong ayana pamarentahan nu bersih jeung ajegna hukum kalawan adil tur "beradab".

Golkar oge, dipiharep konsisten dina ngawal jeung ngarojong proses pangwangunan bangsa Indonesia kahareup, kaasup dina nyanghareupan krisis keuangan global.

Baca Juga: Damkar Ngusir Monyet Liar, Udagan Beunang Katewak, Dipaluruh Kaburu Kabur

"Mudah-mudahan, perjongan sim kuring sareng Partai Golkar kenging panangtayungan ti Allah SWT," kitu cek Kang Emil. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @ridwankamil


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah