Hasil Panalungtikan Antroponimi, Masarakat Kabupaten Sumedang Geus Arang nu Make Ngaran Etnik Sunda

4 Februari 2023, 13:00 WIB
Monumen Lingga di Alun-Alun Kabupaten Sumedang. Warga Kabupaten Sumedang beuki arang nu make ngaran etnis Sunda. /

GALURA -Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, Profésor Dr. Atjé Setiawan Abdullah, kungsi nalungtik étnoinformatika ngeunaan antroponimi atawa ngaran-ngaran warga di Kabupatén Sumedang.

Pikeun nalungtik antroponimi di Kabupaten Sumedang Prof. Atje make data
sénsus penduduk Kabupatén Sumedang tahun 2019.

Tujuan panalungtikan antroponimi di Kabupaten Sumedang keur ngadéskripsikeun ngaran urang Sumedang dipatalikeun jeung budaya Sunda kalayan dideudeul ku aplikasi komputer.

Baca Juga: Endog Lewo, Kuliner Has Garut, Emplod nu Boga Ngaran Husus Alatan Beda Rasana

Lian ti eta panalungtikan antroponimi di Kabupaten Sumedang keur ngadeskripsikeun atawa ngaguar ngaran nu dipikaresep kalayan dipatalikeun jeung harti ngaran.

Hasil panalungtikan kalayan ngagunakeun aplikasina, Prof. Atjé ngécéskeun, kapanggih aya 10 ngaran awal anu paling dipikaresep di Kabupatén Sumedang, nyaéta: Muhammad, Muhamad, Dédé, Asép, Adé, Ai, Agus, Ani, Wawan, jeung Cucu.

Ngaran awal Muhammad paling dipikaresep ti mimiti taun 2000 nepi ka kiwari, jumlahna nepi ka 15197 ngaran. Ngaran Dédé aya 12320, nempatan rengking katilu.

Ari 10 ngaran awal anyar dipaké dina 10 taun katompérnakeun (2010-2020) ngaran nu pangdipikaresepna nyaéta: Naura, Arsyla, Kéyla, Raffa, Rafka, Aqila, Zahra, Keusha, jeung Alésha. Anu make Naura jumlahna nepi ka 547.

Baca Juga: Lima Kasakit nu Kudu Dijauhkeun, papagon Sanghyang Siksa Kandang Karesian

Kabiasaan méré ngaran awal di désa jeung di kota, ceuk Prof. Atjé, ampir sarua. Tina data 100 ngaran di masing-masing désa jeung kota 80% sarua, ngan 20% nu béda.

Ngaran nu sarua boh di désa boh di kota, nyaéta: Siti, Dédé, Muhammad, Asép, Ai, Tati, jeung Agus. Hartina eta ngaran masih diparake di kota jeung di desa, hususna di Kabupaten Sumedang.

Tina hasil panalungtikanana, di wewengkon Kabupaten Sumedang, boh di pakotaan boh di padesaan aya ngaran-ngaran nu leungit, nu geus teu digunakeun atawa henteu dipake deui ti 90 taun ka tompérnakeun.

Eta ngaran-ngaran teh: Sunaja, Saim, Sundia, Djatma, Boelah, Unamah, Entjil, Eyut, Kitji, jeung Macih.

Baca Juga: Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

Ceuk Prof. Atjé, umumna ngaran awal étnis Sunda di wewengkon Kabupaten Sumedang téh masih kénéh loba nu digunakeun, najan teu saeutik deuih nu geus leungit, atawa ngurangan kasilih ku ngaran anyar.

“Lila-lila mah teu pamohalan, ngaran di tiap étnis téh jadi sarua teu jadi ciri mandiri unggal étnis deui,” ceuk Prof. Atje.

Ngaran-ngaran saperti Naura, Arsyla, Kéyla, Raffa, Rafka, Aqila, Zahra, Keush, henteu nuduhkeun etnis, sabab geus diparake ku etnis sejen. Beda jeung ngaran Sunaja, Saim, Sundia, jeung Djatma.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler