Endog Lewo, Kuliner Has Garut, Emplod nu Boga Ngaran Husus Alatan Beda Rasana

2 Februari 2023, 15:30 WIB
Kuliner endog lewo has Garut/Instagram @endoglewo_kriuk /

GALURA - Kuliner nu disebut endog lewo has Garut teh saenyana mah emplod tea.

Ngan lantaran emplod has Garut mah beda ti nu sejen, wangunna buleud saukuran endog jeung mucunghulna di Kampung Lewo Kacamatan Malangbong, Garut, Jawa Barat, antukna sok disebut endong lewo, nepi ka ayeuna.

Bejana, urang luar Kampung Lewo, nu mere sebutkan endog lewo teh. Ari urang lemburna mah, awitna nyebut emplod wae.

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Ayeuna, nu disebut endog lewo teh kaasup kuliner has Garut nu rea diproduksi ku para pangrajin kadaharan di Garut.

Sajaba ti dijualan di toko-toko kadaharan lelewek Malangbong jeung Garut sejenna, endog lewo oge sok dijualan via online.

Kuliner endog lewo teh ayeuna mah rea wangun, jinis jeung rasana. Kadaharanna henteu dibungkus dapon wae, ku palastik atawa bungkus koran, tapi geus dibungkus modern, make merek deuih.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Merek atawa brandna oge rupa-rupa deuih. Sok we geura tingalian di media sosial model Instagram, Facebook atawa YouTube.

Nu ngaranna endog lewo teh kadaharan hahampangan mirupa japilus atawa endog puyuh. Ari dijieunna nyaeta tina aci sampeu.

Nyieun endog lewo kawilang gampang. 

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

Bahan utama aci sampeu tea diadonan jeung samara cara uyah sacukupna jeung bawang bodas, atawa bungbu sejenna.

Sanggeus dicitak saterusna digoreng.

Asalna mah rasa endog lewo sarua kabeh ge, asin. Ngan kaayeunakeun, pikeun nyumponan kahayang konsumen, rasana aya nu lada. Malah nu amis ge aya. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler