Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa kawasna can éling tina pangacianana, can rerep tina kasimana, tangka Sangkuriang cocorowokan gé tayohna teu kadéngéeun.
“Meugeus, Ki Amuksaketi! Ki Amuksalaksa, meugeus!”
Demi ngadéngé dununganana cocorowokan, Ki Amuksaketi éling tina kasimana.
Sot baé rangkulan Ki Amuksalaksa anu nangkeup pageuh kana beuheungna téh dilésotkeun.
“Hah? Enggeusan, Anom?”
“Naon nu enggeusan téh?” omong Sangkuriang bari deui-deui mésem.
“Duka atuh, Anom. Naon bieu téh, Ki Adi?”
“Nyao!” témbal Ki Amuksalaksa, bari panénjona ngarérétan ka sakurilingna.
Nénjo sakurilingna geus burakrakan kitu, gebeg… Ki Amuksalaksa reuwas liwat saking. Tuda bieu mah boro-boro katénjo kaayaan sakurilingna téh, da puguh panonna ngahaja dipereketkeun dipeureumkeun, sieun nénjo anu matak pikasieuneun.
“Ambuing, ambuing! Mangkeluk naon atuh nu geus ngagunasika alam téh, nya?!” omongna, panonna molotot.