Kabayan Ngalanglang Jaman (4): Ka Mana Salaki Aing?

- 5 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

 

PROFESOR Kabayan anu rék asup pisan ka dapur, ngadéngé kitu mah ngarandeg.

Tuluy mencrong ka Mamih Iteung, dina sorot panon anu ngemu kénéh amarah.

"Naon?!" pokna bari nyampeurkeun ka Mamih Iteung. "Euweuh kéjo, dédéngéan téh?! Ari si Anah naon gawé atuh?"

"Euweuh si Anah-na gé. Bieu ménta cuti, rék ngalongok lembur, cenah."

"Baruk?! Ari sia henteu nyangu?"

"Sangeuk!" ceuk Mamih Iteung bari jamedud baeud ngajengkat asup ka jero imah.

"Iteung! Iteung!"

Profésor Kabayan ngagero-gero pamajikanana bari tuluy nuturkeun asup ka jero.

Adan Magrib ti masjid kareungeu ngalanglaung.

Jep anu paraséa téh teu kadéngé deui sorana.

Teu kecét-kecét deui.  

Mungguh, teu kecét-kecét deui.  

 

**

 

DASAR adat-adatan. Adat kakurung ku iga. Kana paséa téh mani ngabaju.

Nya kitu Profésor Kabayan jeung Mamih Iteung gé, teu béda ti ucing jeung anjing. Aya wé nu kudu dipaséakeun téh.

Kawasna mun sapoé teu papaséaan téh, asa teu manggih naon mah. Asa aya nu leungit.

Enya, asa aya nu leungit.

Buktina ayeuna, ku euweuhna Profésor Kabayan di imah, Mamih Iteung asa leungiteun. Asa euweuh batur pipaséaeun.

Antukna Mamih Iteung stres. Stres kabina-bina.

Harita téh sababaraha poé sanggeus maranéhna paraséa téa masalah mesin waktu…

Panonpoé kakara pisan ruménghap ti Wétan.

Mamih Iteung keur ngagoréng sangu, keur sasarapna Profésor Kabayan.

Saprak si Anah ménta cuti, kapaksa pagawéan di imah téh dipigawé ku sorangan. Nya nyeuseuh téa, nya ngumbah wadah téa, nya mérésan kamar téa…

Beu, asa ku numpuk-numpuk baé pagawéan téh!

Lain teu rido, da baréto ogé keur jaman di lemburna geus biasa pagawéan dipigawé ku sorangan.

Ngan ayeuna mah asa wararegah, duka geus biasa aya si Anah purah babantu, atawa mémang umur geus maju ka kolot, tanaga gé jadi suda.

Keur pakpikpek di dapur, ti pakarangan tukang kadéngé sora mani ngaguruh.

Moal salah, salakina keur ngoprék-ngoprék mesin eksperimenna.

Tapi... ké heula, geuning sora téh lila-lila mah mingkin ngajauhan...?

Hawar-hawar kadéngé sora Profésor Kabayan jejeritan tulung-tulungan, tapi kasilep ku sora mesin eksperimenna anu ngaguruh.  

Mamih Iteung tibuburanjat kaluar, ka pakarangan tukang, tempat salakina salila ieu migawé mesin eksperimenna.

Tapi..., lapur, salakina geus euweuh, ngaleungit jeung mesin eksperimenna téa. Nu nyésa téh tinggal pakakas jeung barang-barang séjénna nu bacacar di ditu-di dieu.   

Mamih Iteung ukur olohok mata simeuteun. Kokotéténgan manéhna ka ditu-ka dieu. Unggal juru nu aya di sabudeureun tempat, diroris. Salakina angger teu kapanggih.

Rét ka luhur, ka langit lénglang nu taya aling-aling.

Sarua deuih, salakina geus teu kasampak. Di langit ukur nyésakeun méga nu ngagurat manjang, kawas cik kénéh aya pesawat nu ngaliwat ka dinya.

Ti dapur, kaambeu bau hangit goréng sangu tutung. Teu béda jeung suasana haté Mamih Iteung nu sarua tutungna.

Mamih Iteung ukur olohok. Sungutna calangap, bari panénjona angger nujul ka langit.

"Papiiih...!" Mamih Iteung ngocéak. Sorana méh maratan langit.

Dadak sakala awakna jadi leuleus satulang sandi. Téténjoan jadi kararonéng. Tuluy poék. Poék sakuriling bungking.

Mamih Iteung leungit pangacian.

Awak ngarumpuyuk gé, mungguh teu karasa.

Mémang, kawas dina adegan sinetron jeung pilem tragédi baé, asa didramatisir teuing --mun ceuk barudak milenial mah lebay, cenah-- tapi da kitu nyatana nu kaalaman ku Mamih Iteung gé. 

 

**

 

NGADÉNGÉ aya sora ngajerit ti lebah imah Profésor Kabayan, burudul baé tatanggana ting rariab muru ka dinya.

Pa RT, Bu RT, Sekretaris RT, jeung Satpam Budi gé kasampak aya.

Gedong sigrong téh kasampak sepi. Kawas euweuh kajadian nanaon. Sakurilingna témbok, jangkungna méh satengah luhurna kenténg. Kabeneran panto gerbangna teu dikonci. Atuh laluasa pisan tatangga-tatangga téh arasup ka pakarangan éta gedong nu di juruna dipapaés ku taman.

"Asa sarepi, geuning, nya. Pencét bél-na tah, Pa Satpam!" ceuk Pa RT ka Satpam Budi.

Anu diparéntah geuwat baé mencét bél.

Euweuh jawaban.

Sakali deui bél dipencét.

Euweuh jawaban kénéh baé.

Bél sababaraha kali dipencét deui.

Angger ti jero euweuh nu némbal.

Sakur nu ngagarimbung di dinya papelong-pelong.

"Kumaha mun didobrak, Pa?! Bilih aya nanaon, di lebet," ceuk Satpam Budi, ménta kasaluyuan Pa RT.

Pa RT unggeuk.

Geus dienyakeun ku Pa RT mah, Satpam Budi teu talangké ngadobrak panto. Ngan orokaya manéhna tijongjolong, da panto gedong téh horéng teu dikonci teu diselot-selot acan.

Mireungeuh Satpam Budi ngagebru onggéng-onggéngan, jalma nu tingrariung di luar téh mengkék piseurieun. Tangka Pa RT gé ngabalieur nahan seuri.

Satpam Budi geuwat hudang bari nahan éra. Lenga-lengo ka ditu-ka dieu.

"Pa Kabayan...! Bu Iteung...! Paaa...! Buuu...!" Satpam Budi nyalukan.

Nu séjén gé pipilueun nyalukan.

Ngan taya jawaban.

Sepi.

Iwal ti réangna sora nu nyaralukan.

Pa RT jadi perintis, muka panto kamar ka kamar lianna. Rohang saré, rohang makan, rohang gawé, kabéh diasupan.

Suwung.

"Ké, ké, ké... sugan kaambeu ku saréréa, bau naon ieu, nya...?" Pa RT ungas-ingus.

"Masyaalloh! Bau géhéng. Bau nu tutung," ceuk Bu RT bari gura-giru ka dapur. Dituturkeun ku saréréa.

Saréréa ting jarenghok. Sawaréh mareungpeukan liang irung jeung mareungpeunan panon. Sawaréhna deui onghék-onghékan, teu kuat ku mulekna haseup nu minuhan rohangan dapur.

Untung baé seuneu nu ngabebela tina kompor gas téh teu ngaléntab ka ditu-ka dieu, teu ngaléntab tabung gas, da mun teu kitu mah... beu cilaka!

Untungna deui tabung gas henteu bocor, da mun seug bocor mah bisa-bisa kahuruan tah imah sigrong téh.*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (5): Leungiteun nu Dipikaasih

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x