Kabayan Ngalanglang Jaman (3): Lain Mesin Samanéa

- 4 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain REA/

NGADÉNGÉ omongan pamajikanana anu semu-semu ngalélécé, Profésor Kabayan nyel baé ambek.

Kekecapan garihal mimiti ting raracleng tina sungutna anu teu diwengku.

"Pasti sia nganggap linglung ka aing, lantaran salila ieu sia teu nyaho kétak aing geus tepi ka mana dina nyiptakeun mesin waktu. Salila ieu sia ngan saukur sibuk ruang-riung jeung tatangga. Piknik téa, lah. Arisan téa, lah. Euweuh waktu keur ngurus rumah tangga. Indit isuk balik peuting, teu nyésakeun pisan waktu keur salaki. Urusan rumah tangga ngan cukup dipasrahkeun ka si Anah. Mémangna aing téh salakina si Anah?! Memangna aing téh..." 

"Étah, étah, si Papih, ari geus murang-maring téh mani ngabaku kitu! Meunggeus, ah, tong réa omong! Ngahambur-hambur bacot barina gé!"

"Sia anu ngahambur-hambur bacot mah! Beunghar ku beungharna, pangadatan teu robah-robah! Cing atuh aya hurmatna, da ayeuna mah salaki téh geus jadi profesor, geus waktuna dihurmat-hurmat, geus waktuna diajénan!"

"Wuah, jadi profesor gé geuning euweuh hurmateunana, Papih mah!"

"Rék aya hurmateunana kumaha ari ku pamajikan teu dihurmat mah. Batur mah moal ngajénan ka aing, da sia gé nu jadi pamajikan henteu ngajénan, geuning..."

"Meunggeus, ah, meunggeus!"

"Moal, moal meunggeus, satungtung sia teu meunggeus ti heula mah!"

"Nya heug atuh Mamih rék meunggeus, asal Papih gé meunggeus!"

Dikitukeun ku pamajikanana, amarah Profésor Kabayan lain mingkin leler, ieu mah kalah mingkin ngagugudag baé. Amarah naék kana embun-embunanana.  

"Apanan sia nu ngajak ribut téh. Kuduna mah sia nu meunggeus ti heula!"

Nu jadi pamajikan embung éléh. Kalah beuki ngageberan amarah salaki baé.  

"Ngajak ribut sotéh pédah wé Papih ngungurus waé nu kitu patut!"

“É, é, é.., naon nu kitu patut téh?"

Profésor Kabayan beuki buncelik. Huntuna rada kekerot.

"Éta!" Mamih Iteung nunjuk mesin waktu nu ngabagug deukeut salakina. "Bosen ngurus hayam, marmot, meri, embé, ayeuna pindah cabak kalah ngungurus nu kitu patut... Lain ngalamar pagawéan ka ituh...!"

"Lah, Jikan, sia mah gawé téh ngarasula jeung ngarasula baé atuh. Di mata sia mah, kawasna nu dipigawé ku aing téh euweuh hadéna. Hayoh wé dicawad, siah. Jadi profesor ku jadi profesorna aing téh, angger wé dipaido. Jadi naon atuh kahayang sia téh, Jikan?"

"Lah, salaki jadi profesor gé geuning keur kami mah euweuh ungtungna. Teu ngahasilkeun duit, kalah hayoh méakkeun duit ngadon nyieun nu kitu.

Atuh terus dialaan mah, duit hasil warisan Abah téh bakal ledis percumah, siah. Lain digolangkeun dipaké usaha, kalah dihambur-hambur dipiceunan." 

"Na ari sia, Jikan, ceuk saha aing miceunan duit?! Engké gé bakal karasa ku sia, aing migawé ieu téh bakal aya hasilna. Alam dunya bakal geunjleung, Profésor Kabayan penemu mesin waktu, meureun kitu engké ditulis ku sajarah ilmu pengetahuan téh. Aing bakal disajajarkeun jeung penemu-penemu séjénna saperti Albert Einstein, Thomas Alva Edison, Benyamin Franklin, Galileo Galilei, Isaac Newton, James Watt, Louis Pasteur, jeung… ah, pokona mah jeung sajabana, jeung sajabana wé, lah. Alam dunya untung, bangsa urang untung, aing untung, sia gé bakal untung..."    

"Lah, untung nanahaon?" Mamih Iteung jebi.

"Tuh da, nya, sia mah teu bisa nyawang pikahareupeun. Dina pikiran sia mah, kauntungan téh kudu dikeduk ayeuna, nya?! Teu bisa kitu, Jikan! Jaga bakal karasa ku sia, hirup urang téh bakal leuwih ma'mur deui ti nu ayeuna. Urang bakal leuwih medah-meduh. Nyimpen duit lain di hiji bank baé, tapi bisa di mana-mana, kitu deui di luar negri, di bank internasional."

"Kaharti mun di Bang Miun, di Bang Surya, atawa di Bang Jamal urang Batawi téa mah..."

"Beu, sia mah, diajak nyarita téh sok tara balég baé!"

"Atuh da ngimpi, Papih mah. Batur mah pikiran téh geus ka mana, ieu mah hayoh wé ngoprék-ngoprék mesin nu can tangtu aya hasilna. Mesin paéh diuprak-oprék, mani euweuh gawé pisan!"

“Éééh, mesin gé ieu mah lain mesin samanéa, deuleu. leu mesin bisa dipaké ngalanglang abad! Na sia teu nyaho kitu, Jikan, kapan ieu téh mesin waktu, nu bisa mawa manusa ngalanglang ka jaman-jaman ka tukang atawa ka jaman jaganing jaga!"

"Wuah, ngimpi Papih mah! Geus sabaraha taun Papih ngoprék-ngoprék éta mesin, angger wé euweuh hasilna! Geus sabaraha rébu kali Papih nyabit-nyabit sual mesin waktu hasil eksperimen Papih, mana hasilna, mana? Nu matak, gawé téh ulah lalajo waé pilem. Kapan buktina pikiran Papih gé karacun, geuning!"

"Astagfirulloh, na ari si Jikan! Kapan éta buktina!" Bari nahan amarah, Profesor Kabayan nunjuk kana mesin waktuna.

"Heueuh, ari bungkeuleukanana mah aya, tapi tepi ka ayeuna euweuh ciri-ciri rék hirup!"

"Na ari sia, ari tadi teu kadéngé?! Kapan tadi téh ku aing dihurungkeun, sorana ogé geuning tadi téh ngaguruh tarik naker..."

"Heueuh, sorana wungkul. Da Mamih ge henteu bongé, ngadéngé mah ngadéngé. Tapi can aya bukti éta mesin bisa jalan... Komo tepi ka bisa ngalanglang abad ngalanglang jaman mah, Mamih can bisa percaya!"

 "Na teu percaya ka Profésor Kabayan? Teu percaya ka salaki sorangan? Ké tungguan sababaraha poé deui, sia bakal percaya, naon anu salila ieu dipigawé ku aing téh bakal ngabukti. Ayeuna mah can bisa dibuktikeun, da alat pengendali waktu-na can bérés. Meunggeus, ah, wanci sareupna ngajak paséa," ceuk Profésor Kabayan bari tuluy ngajengkat.

"Tuh, nya, da kitu ari éléh nyarita téh. Satungtung éta mesin can bisa dipaké, keukeuh Mamih mah moal percaya!"

Profésor Kabayan anu kakara sababaraha léngkah ngaléos ti dinya, geuwat nyampeurkeun deui ka Mamih Iteung. Muncereng.

“Édas, ari Mamih. Cing atuh ka salaki téh kali-kali mah percaya, Jikan, tong waé cangcaya!"

"Wuah, ka jelema seblu, percaya? Ka salaki nu loba ngimpi, percaya?

"Tuh, da sia mah hésé diajak nyarita nu bener téh. Rék ku saha dipercayana aing téh ari lain ku sia mah, atuh?! Meunggeus siah, ah. Aing lapar!"

Léos baé Profésor Kabayan ka dapur.

"Kabayan! Kabayan...!" Mamih Iteung gogorowokan. 

Bari teu maliré panggero pamajikanana, Profésor Kabayan némbalan semu ngagorowok.

"Meunggeus siah, ah. Aing rék nyatu heula supaya aya tanaga keur merangan sia. Panasaran wé teu merangan aing téh, sia mah!"

"Pék waé rék nyatu mah. Kéjona gé da euweuh, wéw!"*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (4): Ka Mana Salaki Aing?

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x