Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

- 1 Mei 2023, 11:13 WIB
/

GALURA – Paramitra, carita nyambung “Putri Anjungsari” kénging Sadérék Nanang Supriatna parantos réngsé (tamat) dina episode ka-101 (“Dua Raja Mikahayang Putri Pajajaran, Bakal Perang Campuh?”), Saptu, 29 April 2023 kalangkung.

Kanggo gentosna, ngawitan Salasa, 2 Mei 2023, kapidangkeun carita nyambung “Kabayan Ngalanglang Jaman” kénging Rosyid E Abby.

Carita nyambung “Kabayan Ngalanglang Jaman” téh mangrupi pengembangan tina naskah drama nu judulna sami karya Rosyid E Abby, anu diserat taun 2005, sarta tos dibukukeun taun 2010.

Cover buku drama
Cover buku drama

Sedengkeun drama “Kabayan Ngalanglang Jaman” gé mangrupi versi sanés tina teater longser-lenong (longlen) “Mesin Waktu” atanapi “Si Kabayan jeung Mesin Waktu” (1997), longser “Kabayan di Nagri Romeo” (2008), sareng drama Indonesia “Kabayan di Negeri Romeo” (2010).

Dina versi longlen-na, “Mesin Waktu” atanapi “Si Kabayan jeung Mesin Waktu” téh kantos dipagelarkeun ku kelompok K-282 di Gedong Kasenian (GK) Rumentang Siang Bandung sareng di GK Sunan Ambu – Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI), ayeuna Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, taun 1998.

Taun 2004, ieu longlen “Mesin waktu” téh dipagelarkeun deui ku Teater Senapati SMA PAsundan 3 Bandung di GK Rumentang Siang Bandung sareng di Garut. Malah, kantos ogé dipagelarkeun dina Kongres Basa Sunda (KBS) VIII di Subang (2005), rukun gawé Teater Senapati sareng Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS), kalawan kénging pangrojong Surat Kabar Mingguan (SKM) Sunda Galura.

Boh anu digarap ku K-282 boh anu ku Teater Senapati, éta pagelaran téater longlen téh disutradaraan ku nu nulis naskah, Rosyid E Abby.  

Tim Produksi, Tim Artistik, jeung para aktor
Tim Produksi, Tim Artistik, jeung para aktor

Saterasna, kelompok-kelompok téater sanésna gé kantos magelarkeun longlen “Mesin Waktu”, di antarana kelompok Ahasveros - Sastra Inggris, Fakultas Ilmu Seni dan Sastra Universitas Pasundan (FISS Unpas), taun 2012, sareng Posstheatron Garut (2019?).

Dina taun 2006, dina Festival Drama Basa Sunda (FDBS) Teater Sunda Kiwari, “Kabayan Langlang Jaman” atanapi “Kabayan Ngalanglang Jaman” dina versi drama Sunda-na diilukeun pikeun janten naskah pilihan parapatandang (di antara opat naskah pangarang sanésna). Aya sababaraha grup téater patandang FDBS nu harita milih ieu naskah pikeun drama garapanana, di antarana Teater Nusantara Universitas Islam Nusantara (Uninus) Bandung, Teater Patih SMA Pasundan 7 Bandung, Teater Bolon Tasikmalaya, sareng grup téater ti Majalengka.

Kitu deui versi longser “Kabayan di Nagri Romeo” kantos dipagelarkeun ku Teater Senapati dina acara Paméran Buku di Gd. Landmark Bandung sareng di TVRI Jabar (2010). Malah anu ambahanana langkung lega deui mah, “Kabayan di Negeri Romeo” dipagelarkeun ku sababaraha kelompok téater di sakuliah Indonesia (sanes bae di Jawa Barat), bubuhan basana nganggo basa Indonesia.

Poster longsér “Kabayan di Nagri Romeo” garapan Teater Senapati, dina acara Paméran Buku di Gd. Landmark Bandung, 2010.*
Poster longsér “Kabayan di Nagri Romeo” garapan Teater Senapati, dina acara Paméran Buku di Gd. Landmark Bandung, 2010.*

 

Sapitna (Sinopsis)

Kabayan, nu geus nyangking gelar profesor --jadi Profésor Kabayan— geus hasil nyiptakeun mesin waktu. Ku mesin waktuna éta, manéhna bisa ngalanglang jaman tepi ka bisa hirup di abad mana baé. Boh di abad tukang, boh di abad nu baris kasorang.

Teu matak hélok mun seug Profésor Kabayan bisa panggih jeung Sangkuriang. Mesin waktu jieunanana téh saenyana can bisa dipaké, lantaran can aya alat pengendali taun jeung tempatna. Éta gé bisa dipaké kétah, ngan si mesin téh bakal kuma karepna, moal bisa diatur ku nu ngadalikeunana. Nyaho-nyaho geus ngajeblag wé béréndélan angka taun dina layar monitor téh.

Tah, nu kabaca ku Profésor Kabayan dina layar monitor mesin waktuna gé, béréndélan angka anu nuduhkeun ratusan rébu taun saméméh taun masehi! Ari tempatna nuduhkeun hiji wewengkon di kaléreun Kota Bandung, tempat asal manéhna. Ana kitu mah Profésor Kabayan téh geus nyasar ka jaman Bandung Purba, ka jaman Sangkuriang.   

Harita, Sangkuriang téh keur kapicangcam kapigandrung ku Nyi Dayang Sumbi. Rasa sonona nataku naker hayang tepung jeung Nyi Dayang Sumbi anu saenyana mah indung tegesna pisan.

Dianteur ku Profesor Kabayan kana mesin waktuna, ahirna Sangkuriang nénéangan Nyi Dayang Sumbi ka sawatara jaman, ka sababaraha tempat.

Tapi, Kabayan jeung Sangkuriang kalah tuluyna nyasar ka jaman Yunani Purba, sababaraha ratus taun saméméh maséhi. Di Kota Thebes, Yunani, Profésor Kabayan jeung Sangkuriang panggih jeung Oidipus anu nasibna ampir sarua jeung Sangkuriang, nyaéta micinta indungna sorangan.

Oidipus asa diteungteuinganan teuing ku Zeus, déwa nu nangtukeun takdirna manusa, nu nangtukeun hirup-patina manusa, nu nangtukeun nasib goréng jeung nasib alusna manusa. Cohagna, jodo, pati, bagja, jeung cilakana manusa ukur Zeus nu nangtukeun.

Mémang, nasib Oidipus geus ditangtukeun ku Zeus. Malah ti barang gubrag ka alam dunya gé, Oidipus geus diguratkeun ku takdir anu pinalangsaeun, anu engkéna baris mawa tunggara salila-lilana.

Dicaritakeun ogé, sanggeus ngalanglang ka jaman Yunani Purba, Profésor Kabayan jeung Sangkuriang mulang deui ka Tatar Sunda.

Tapi, deui-deui mesin waktuna nyasar! Memang, anu ditujuna téh luyu jeung harepan maranéhna duaan: Tatar Sunda, ngan lain Tatar Sunda jaman ayeuna. Ieu mah kalah dibawa nyasar ka Tatar Sunda taun 2750 Maséhi.

Adehgan patepungna Profesor Kabayan jeung Sangkuriang dina longser-lenong
Adehgan patepungna Profesor Kabayan jeung Sangkuriang dina longser-lenong

Duanana kasasar di hiji leuweung geledegan. Di éta leuweung aya dano, nu baheulana mangrupa hiji kota nu kawilang maju. Éta téh Kota Bandung, nu geus tilem lantaran aya musibat La Nina ratusan taun ka tukang, sarta ayeuna geus robah deui jadi dano, sakumaha asalna waktu Sangkuriang ngabendung dano rébuan taun ka tukang.

Di dieu pisan Sangkuriang bisa tepung jeung panutan haténa anu ogé indung tegesna… Dayang Sumbi!

 

Ngeunaan Pangarang

Rosyid E Abby gumelar di Bandung, 19 September 1965. Penulis dua bahasa; basa Indonesia jeung basa Sunda. Pamingpin Redaksi SKM Sunda Galura, Redaktur Sastra Koran Pikiran Rakyat, jeung Pangurus PWI Jawa Barat.  

Di sagedengeun éta, ieu Ketua Pengamat Film Indonesia - Festival Film Bandung (FFB) jeung Pembina Ekskul Teater SMA Pasundan 3 Bandung (Teater Senapati) téh kapeto ogé jadi Dosen LB di Fakultas Ilmu Seni dan Sastra Universitas Pasundan (FISS Unpas) Bandung.  

Karya-karyana nu mangrupa puisi/sajak (boh basa Sunda boh basa Indonesia), iwal dimuat dina média citak jeung daring, aya nu dimuat dina sababaraha buku antologi: Saratus Sajak Sunda (1992), Sajak Sunda Indonesia Emas (1995), Campaka Mangkak (2001), Galindeng Asih nu Taya Kendatna (2004), Surat keur Bandung (2006), Sajak Sunda (editor Ajip Rosidi, 2007), Mun Dunya Bisa Nyarita (2008), Sajak Sunda (editor Aan Merdeka Permana, 2009), Sastra Sunda Pinilih (sakumpulan puisi, carpon, éséy nu kungsi dilélér penghargaan/Hadiah Sastra LBSS, 2009), Senandung Bandung Jilid 3 (2011), Puisi Film (2012), Katumbiri (2013), jeung Semesta Para Pengembara (2023).

Sedengkeun buku kumpulan puisi/sajak tunggalna, nyaéta: Di Bawah Matahari (1987), Tembang Kasih tak Pernah Istirah (2004), Pengembaraan Sunyi (2007), Sajak-sajak Rosyid E. Abby (sajak Sunda, 2010), jeung Simfoni Dunya Kelas Teri (sajak Sunda, 2012).

Ari naskah drama nu geus dibukukeun: Kabayan Ngalanglang Jaman (2010), Kasidah Cinta Sang Abid (2010), Kasidah Cinta Jalma-Jalma nu Iman (2011), Kasidah Cinta Sang Singa Allah (2011), jeung Kasidah Cinta Al Kubra (2022).

Rosyid gé ngurasi jeung ngaéditoran buku Jurnalistik Sunda (Catatan Perjalanan Wartawan Galura, editor bareng Eddy D Iskandar, 2009), katut kumpulan puisi penyair Kabupaten Bandung, Semesta Para Pengembara, nu anyar pisan medal (Maret 2023).

Ti mimiti 2006, Rosyid E Abby nulis jeung nyutradaraan drama episodial “Kasidah Cinta”, anu dipagelarkeun unggal taun di bulan Ramadan.   

Dua sajakna nu dimuat di SKM Sunda Galura, dilélér ”Hadiah Sastra LBSS” taun 2004 jeung 2006.

Taun 2011, Rosyid dilélér “Anugerah Budaya” Kabupaten Bandung, sarta dihadiahan Kujang Emas ku Bupati H. Dadang M Naser.***

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x