Putri Anjungsari (88), Nu Lunta ti Pajajaran Anjog ka Karaton Surawisesa nu Kaayaanana Barubud

- 16 April 2023, 03:00 WIB
Taman Surawisesa Kawali Ciamis. Ngaran Surawisesa asalna ngaran karaton di Kawali nu diadegkeun ku Prabu Wastukancana.*
Taman Surawisesa Kawali Ciamis. Ngaran Surawisesa asalna ngaran karaton di Kawali nu diadegkeun ku Prabu Wastukancana.* /Nanang S/Galura

Karaton Surawisesa
Ti wanci sareupna, ka Karaton Surawisesa nu tadina tiiseun saprak puseur dayeuh pindah ka Pakuan Pajajaran, ngadadak rada haneuteun. Sababaraha urang nungtutan daratang. Anu pangheulana nu tarumpak kuda, limaan. Ditema ku saurang dua urang, laleumpang. Di alun-alun hareupeun Karaton Surawisesa oge aya nu pirajeuneun karalang-kuriling.

Wanci sareureuh budak tingrongheap opat urang, laleumpang. Opatanana langsung arasup ka karaton. Prajurit nu jaga siga nu geus rada loma, babakuna ka nu geus kolot, cacarita sakeudeung. Arasup ka karatonna make jalan tukang, anu brasna ka dapur, henteu make jalan hareup. Terus wae sariduru hareupeun hawu bari nginum cihaneut.

Najan katambahan ku leuwih ti sapuluh urang, Karaton Surawisesa katempo ti luar mah angger simpe. Kawantu karaton sakitu badagna. Ngan tembong geus muguran. Teu kabeh rohanganana dipake, malah mah teu kapiara, kai-kai anu geus raruksak henteu diomean. Kitu deui hateupna, anu iris (bocor) dibenerkeunana dapon.

Di dapur ukur dua urang, awewe saurang jeung lalaki saurang. Duanna geus karolot. Hawuna aya sababaraha hiji, ngan anu masih keneh dipake mah ukur dua. Harita oge masih keneh ngagedur hurung. Keur naheur cai jeung ngulub beubeutian. Anu opatan sabada awakna karasa haneut dariuk dina palupuh, teu jauh ti hawu, anu kolot mah ngedeng dianggelan ku leungeunna.

Di rohangan sejen, anggang ti dapur, anu tadi datangna tumpak kuda, keur ngariung.

“Ki, kami meunang iber, peuting ieu kami kudu miang deui ka tempat kami engke nganjrek, teu jauh ti dieu,” ceuk Putri Anjungsari.

“Jadi Putri henteu dumuk di dieu?” ceuk Olot Kaya.

“Moal, di Kawali kami jadi somah,” tembal Putri Anjungsari.

“Jauh ti dieu?” ceuk Olot Kaya deui nanyakeun tempat dumuk Putri Anjungsari.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x