Carnyam Putri Anjungsari (77), Telik Sandi Cirebon Bobor Karahayuan

- 4 April 2023, 19:26 WIB
Situs Batu Panjang di Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis, teu jauh ti Tanjakan Jahim, patilasan Prabu Siliwangi.
Situs Batu Panjang di Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis, teu jauh ti Tanjakan Jahim, patilasan Prabu Siliwangi. /Nanang S/Galura

IEU bukti omongan kami,” ceuk Gingin deui bari nuduhkeun keris nu geus miley. Hatena mah hayangeun ngerekeb ka eta dua lalaki. Mun lain di warung moal disesakeun, gerentesna.

Eta lalaki teu ngomong, panonna merong ka Gingin, siga anu ambekkeun pisan. Gingin males mencrong ka lalaki nu duaan. Sajongjongan taya nu nyarita. Tukang warung nu lalakina katempo mindeng ngagigisik panonna bari teu lesot paneuteupna ka Gingin. Ari nu awewe mah, duaan, meureun paureun bisa katutuluyan kaluar bari mawa geroheun.

Teu lila kadenge sora talapok kuda ngadeukeutan warung. Kajaba Gingin jeung lalaki tukang keris, sakur nu aya di warung ngalieuk ka luar. Katempo Bena jeung tukang jaga kuda nungtun kuda lima. Bena asup ka warung. Kawantu teu nyahoeun kaayaan di warung nu keur rengkeng, paroman Bena angger saperti tadi.

Baca Juga: Sri Baduga Maharaja Mindahkeun Puseur Karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran, Sangkan Maritimna Kuat

Baca Juga: Kalungguhan Kawali jadi Puseur Karajaan Dikuatkeun ku Prasasti, Ngandung Ajen Mandiri keur Kabupaten Ciamis

Baca Juga: Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

“Lot, ayeuna?” ceuk Bena ka Olot Kaya.

Olot Kaya unggeuk. Jung nangtung. Putri Anjungsari, Ranah, jeung Rait oge narangtung.

“Kami ti heula. Matur nuhun kana kahadean daria,” ceuk Olot Kaya ka Aki Jaya, terus ngareret ka Asmita, ka Atus jeung ka Gingin.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x