ANU digero paman ku Putri Anjungsari rengkuh. Inyana teh nu mapagkeun Putri Anjungsari di jalan nu kenca katuhuna dapuran haur gereng. Bena jeung Rait kerung, maling-maling neuteup nu disebut paman ku Putri Anjungsari. Hatena galecok saha eta lalaki leutik tapi awakna ngareusi, seseg jeung cangker teh.
“Paman, dia geus lila tepi ka Sumedanglarang,” ceuk Putri Anjungsari bari neuteup eta lalaki.
“Acan pati lila,” tembal eta lalaki. “Urang Sumedanglarang ngabageakeun pisan ka kami. Kami dijeujeuhkeun, jeung diperenahkeun.”
“Bagja,” ceuk Putri Anjungsari. “Kumaha di jalan?
“Taya halangan nanaeun.”
“Anu ku Paman dibawa geus dipasrahkeun?”
“Memeh miang kami gempungan jeung Prabu. Kami nepikeun kamandang, ku Prabu disaluyuan,” tembal eta lalaki.
“Kami oge mangmang mun eta barang dibikeun teh. Sumedanglarang pan....?” ceuk Putri Anjungsari teu kebat. “Batur Paman nu tiluan weruheun?”
“Nu tiluan mah kumaha kami,” ceuk eta lalaki deui bari ngareret ka nu tiluan.