Putri Anjungsari (61), Prajurit Cirebon nu ti Teuleum di Cimanuk Milu Siduru

- 20 Maret 2023, 05:30 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /Putri Anjungsari

GINGIN lumpatna meh teu eureun-eureun. Mun ngaso oge ngan sakeudeung, ukur nginum. Lain nanaon, mun tas lumpat, awak bari panas, heg terus reureuh lila dina kaayaan sakitu tirisna, matak teu hade. Awak tina panas ngadadak tiis. Nu matak Gingin terus lumpat, ngan lumpatna diayun, kalan-kalan tarik, kalan-kalan leumpang gancang.

Kira wanci balebat, Gingin anjog ka sisi darmaga Cimanuk. Di Darmaga taya sasaha, ukur aya rakit, dua, nu dicangcang. Rakit laleutik, lain rakit nu baradag. Memeh ngaso, Gingin kukulintiangan di sabudeureun darmaga, niiskeun heula awak. Teu ujug-ujug reureuh. Awak tina panas henteu ngagentak tiis.

Sanggeus dirasa cukup, aliran getihna normal, Gingin karek wanieun diuk, bari diharudum. Diuk dina batu hareupeun lombang ngadurukan. Pangangguran kurah-koreh kana urut durukan. Aya ruhay dina bontot (suluh tina dahan kai nu rada badag) ditutupan ku eurih. Ditiupan. Ruhayna diateulan daun eurih garing. Teu lila oge geus hurung.

Eurih nu geus hurung ditumpangan ku pangpung nu ngagoler gigireun durukan. Seuneu ngagebur, ngahaneutan awak Gingin. Kawasna lombang tempat ngadurukan teh ngahaja dijieun, sigana tukang rakit atawa nu rek meuntas datangna subuh teuing sok ngadurukan di dinya, siduru, gerentes Gingin.

Sabot keur ngadeangkeun ramona, teu kanyahoan kurunyung, lalaki opatan, nyampeurkeun. Make pakean prajurit Cirebon. Gingin ngaranjug, tapi paromanana angger, ramona angger dideangkeun. Lalaki nu opatan teh marilu diuk, ngariung durukan. Gingin ukur seuri jeung unggeuk, opatanana ngabales ku unggeuk deui.

“Arep ndi sampean?” ceuk salahsaurang.

“Ka kaler, ka Kawali,” tembal Gingin. “Panjenengan?” pokna deui malik nanya.

Nu ditanya  ngahuleng. Kitu deui baturna nu tiluan. Silihreret, terus ngadeangkeun leungeunna jeung sukuna. Sigana teh kabulusan. Katempo ku Gingin, bajuna oge semu baraseuh. Uyuhan bisaeun nahan tiris nu sakitu nyecepna. Naha ti mana babaseuhan? Tas ngalintar, ngala lauk di walungan?

Gingin oge ari subuh sok ngalintar ka Cijolang. Ngadodoho nilem walungan nu rek mijah, mijahna sok di nu deet. Sanggeus katempo geus mijah, sarta rek baralik deui ka tengah walungan, ku Gingin sok diheurap, diala. Ngan ngalah lauk nu keur mijah teh biasana usum halodo, nu hawa janari keur meumeujeuhna tiris.

Gingin maling-maling neuteup nu opatan. Asa kungsi panggih. Ras inget kana kajadian waktu tas meuntas rek ngajugjug kulon. Pangih jeung  prajurit Carbon, opatan, leumpangna rurusuhan. Laju meuntas make rakit nu anyar. Rakitna palid, sarta deukeut ka leuwi siga nu neunggar batu. Nu tumpakna tikerelep, ari tukang rakitna mah saralamet.

Ieu kitu nu ti teuleum mangkukna teh, ceuk dina hate Gingin. Geuning salamet, padahal harita nu ti kerelep teh teu katempo ngambul, teu kawas tukang rakit nu terus ngarojay ka sisi. Ditarulungan kitu ku urang lembur? Atawa kumaha?

Ti tonggoh kadenge sora kuda tingberetek. Dilieuk. Tilu kuda ngadeukeutan, nu tumpakna sarua make baju prajurit saperti nu dipake ku nu opatan nu keur siduru. Gingin angger cicing, ngahaneutan dampal leungeunna. Kitu deui nu opatan, siga nu teu kapangaruhan ku nu daratang.

Anu tarumpak kuda areureun tukangeun Gingin. Malencrong ka nu opatan nu kacaangan ku seuneu durukan. Salahsaurang nu tumpak kudu turun.

“Sampaen ka mana wae? “ pokna make basa Sunda.

Nu opatan ngareret ka nu nanya. Jung narangtung, laju nyampeurkeun. Nyarita. Anu kahartieun ku Gingin mah opatanana ngabejaan nu tumpak kuda, anu diteangan teh henteu kapanggih. Diteangan ka mana-mana oge, ngan henteu ari disusul ka Sumedanglarang mah lantaran bakal meakkeun waktu lila jeung baladna saeutik.

Nu nanya, sigana mah pamanggulna, unggut-unggutan sarta nyebutkeun teu kudu diteangan. Mending neruskeun lalampahan ka kulon. Memeh mariang, nu turun tina kuda noel Gingin.

“Andika saha? Ti mana? Rek ka mana?” pokna, lentongna lentong urang Sunda kaler.

“Kula ti tas ti patilasan sisi Citarum. Rek balik ka Kawali,” tembal Gingin bari angger diuk, siduru.

“Ti Kawali? Sorangan?” tanyana deui.

“Limaan, nu opatan mah pandeuri. Kula ti heula,” tembal Gingin.

“Naha ti heula?”

“Kaluman. Kudu leumpang marengan aki-aki,” ceuk Gingin bari seuri.

“Saha kitu?” ceuk nu nanya nyusul tepus, maksudna mah nanyakeun aki-aki nu disebutkeun  ku Gingin.

“Nu dipokolot ku kami. Urang Cikupa,” omong Gingin.

“Urang Cikupa? Saha ngaranna?”

“Aki Jaya.”

“Aki Jaya?”

“Teu salah. Andika wawuh?” ceuk Gingin panasaraneun.

“Moal capeeun Aki Jaya mah najan kudu hiber oge,” tembalna bari mancal kana kudana.

Gingin mencrong ka eta prajurit.

“Kami miang ka kulon. Rusuh,” ceuk pamanggul prajurit Cirebon.

Gingin tadina mah rek terus tetelepek. Ngan kabehana gagancangan ngulon deui. Lalaki nu opatan leumpang pangheulana. Dituturkeun ku nu tumpak kuda.

“Bakal panggih kawasna di jalan jeung Aki Jaya,” ceuk pamanggul prajurit Cirebon memeh miang bari ngalieuk ka Gingin.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x