Putri Anjungsari (54), Rusiah Pangpung nu Dipangpengkeun ka Urang Kulon

- 13 Maret 2023, 05:30 WIB
Patilasan Mbah Kuwu Sangkan atawa Cakrabuana di Cirebon Girang. Cakrabuana teh taya lian ti Walangsungsang, seuweu Sri Baduga Maharaja nu ngadegkeun Karajaan Cirebon.
Patilasan Mbah Kuwu Sangkan atawa Cakrabuana di Cirebon Girang. Cakrabuana teh taya lian ti Walangsungsang, seuweu Sri Baduga Maharaja nu ngadegkeun Karajaan Cirebon. /Nanang/Galura

“Urang balik ka Kawali peuting ayeuna,” pokna.

Bari teu ngadagoan Asmita, Atus jeung Gingin ngawalon, Aki Jaya leumpang muru sisi walungan. Asmita, Atus jeung Gingin nuturkeun. Anjog ka sisi walungan Citarum, ngan aya saurang tukang parahu, lain tukang parahu nu tadi, nu diuk bari nundutan. Ngadenge aya nyampeurkeun tukang parahu curinghak, rucang-riceng jung nantung.

“Meuntas? “ pokna.

“Ka darmaga,” tembal Aki Jaya. “Kuat ngawelahna, ditumpakan ku genepan?”

“Genepan, nya?” ceuk tukang parahu. “Mun dibantuan mah tereh tepi.”

Aki Jaya ngareret ka Gingin nu padumukanana di Dayeuhluhur teu jauh ti Cijolang. Gingin surti.

“Nya, kami milu ngawelah,” pokna. “Kami di tukang.”

Tukang parahu seuri. Jrut turun kana parahu, dituturkeun ku Gingin. Sanggeus tukang parahu jeung Gingin diukna merenah bari nyekel welahna sewang-sewangan, Aki Jaya, Asmita jeung Atus tarurun kana parahu. Ku duaan mah parahu teh lajuna rada tarik, najan ngalawan ngalirna cai walungan.

Gingin saenyana mah bisa leuwih gancang ngawelah parahu, ngan Gingin nahan diri bisa ngalantarankeun tukang parahu reuwas. Leuheung basa mun tukang parahuna teu haliwu, kumaha mun bebeja ka nu sejen? Tangtu bakal ngabalukarkeun beja nu matak ngageunjleungkeun. Gingin narah jati dirina dipikanyaho ku urang dinya.

Sabot dina parahu taya nu nyarita saurang oge. Komo  Atus mah nu masih panasaraneun ka lalaki tadi. Loba nu tacan kajawab sarta poho teu ditanyakeun: ka mana baturna nu opatan? Ku naon tepi ka papisah, meuntasna henteu bareng? Saha nu ngabelesurkeun pangpung? Naha rek nyilakaeun dirina atawa rek nyilakeun lalaki tadi?

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x