“Batur kami, duaan, meuntas peuting kamari, make parahu. Parahuna ti kelebuh. Batur kami nu saurang tacan kapanggih. Tukang parahu mah salamet.”
“Karah batur andika nu meunang mamala teh?” Atus mencrong eta lalaki.
“Geus ngadenge beja?”
“Ti tukang parahu nu nganteur kami ka dieu.”
“Teu badarat ka dieuna?” eta lalaki malik nanya.
“Ceuk tukang parahu mah jalanna rarumpil. Pibahlaeun peuting mah. Komo nu tacan apal jalan mah.”
“Bener pisan.”
“Ayeuna kumaha pipetaeun?” ceuk Atus panasaran.
“Kami nganti iber ti nu neangan di walungan, beulah hilir.”
“Pan teu kapanggih wae.”