Putri Anjungsari (10)

- 28 Januari 2023, 06:00 WIB
/


WANCI balébat, cireumis masih kénéh narangkod dina jujukutan, ti ponclot pasir Raksa Bumi, patututur lalaki lima urang leumpang turun mapay-mapay séngkédan. Limaanana nyalindang éndong, dina taktak beulah katuhu. Kabéh maké totopong nu dibulenkeunana siga anu sahinasna, henteu pati diréka-réka, kawasna padu nutupan sirah waé.

Ti tutugan pasir, méngkol ka kalér, terus méngkol ka wétan. Laleumpangna téh henteu rarusuh, tapi henteu nyalsé deuih. Jalan nu disorang mudun, malah sakapeung mah nurugtug, kawantu muru tempat nu leuwih handap. Ngaliwatan pileuweungan. Kalong nungtutan daratang, areunteup dina dahan kai nu laluhur. Manuk mimiti récét disada, siga nu ngabagéakeun srangéné.

Anu laleumpang téh henteu bari nyararita, henteu bari ngawangkong. Panonna muser kana tincakeun, henteu luak-lieuk, padahal nu dilawatan téh matak muringkak bulu punduk nu borangan. Paromanana daria pisan, biwirna kalan-kalan kunyam-kunyeum, laleumpangna siga anu bari mapatkeun jampé pamaké. Suba ogé nu kasebutna budak jaringao kénéh milu kabawakeun

Anjog ka Kabuyutan Kawali kaayaan geus méh carangcang tihang. Anu laleumpang, méngkol ka katuhu, sarta asup ka jero, ngaliwatan lawang sakéténg nu kénca katuhuna dapuran tangkal awi haur gereng nu kékép pisan. Lawang sakéténgna ogé teu gédé ukur saasup awak jalma, jeung kudu ati-ati bisi tikait kana régang awi nu pinuh ku cucuk.

Limaanana, panghareupna Aki Jaya, terus muru kana lebah batu lonjong nu ditangtungkeun. Kaayaan sabudeureunana lalening, siga nu unggal poé dirumat, henteu diantep sina bala ku kalakay jeung henteu diantep ngajejembrung ku jukut. Kasampak di hareupeun batu bieu geus sila andekak aki-aki nu umurna saluhureun Aki Jaya.

Nempo aya nu daratang éta aki-aki ukur ngarérét, teu ngomong sakémék-sakémék acan. Nu limaan terus dariuk tukangeun aki-aki bieu. Kaayaan jempling, ukur kadéngé sora récétna manuk. Kabéh museurkeun pikiran jeung haténa, teu béda jeung waktu menekung di ponclot Pasir Raksa Bumi ti tengah peuting tepi ka janari gedé.

Suba ogé milu menekung, kawas Aki Jaya, Atus, Asmita, jeung Gingin. Kira-kira sapanyeupahan, aki-aki tadi beunta, ngalieuk ka tukang. Jung nangtung, Aki Jaya ogé cengkat, dituturkeun ku nu séjénna. Aki-aki téh leumpang muru ka lawang saketéng bari tacan nyarita sakecap ogé. Atuh Aki Jaya ogé teu ngajak ngamimitian nyarita.

“Bral geura mariang, muga Sanghyang Tunggal salawasna marengan, karuhun Kawali ngaping ti kalanggengan. Hampura Aki teu bisa marengan,” ceuk éta aki-aki sanggeus kaluar ti lawang sakéténg.

“Matur nuwun banget, Aka,” ceuk Aki Jaya. ”Kula neda ditalingakeun di jalan, bisi keuna ku bancang pakéwuh.”

“Kula percaya ka andika, Jaya,” ceuk éta aki-aki.

“Kami undur, Aka, wancina geus mustari,” ceuk Aki Jaya.

“Bral.”

Kajaba ka Aki Jaya, anu amitan saurang-saurang tak-takna ditepak ku aki-aki bieu. Leungeun éta aki-aki dina taktak Suba mah rada lila bari biwirna kunyam-kunyem.

“Jung Jalu, tuturkeun Aki Jaya, éstokeun papagah Aki Jaya, alap paélmuanana,” ceuk éta aki-aki bari ngalésokteun leungeunna tina taktak Suba.

Kasima, Suba teu nyarita nanaon, ukur unggeuk bari seuri.

Nu limaan téh neruskeun lalampahanana. Ayeuna mah ngidul. Jalanna jalan jajahan, ngan teu pati rubak. Paroman Aki Jaya jeung nu tiluan deui henteu daria deui, sabot leumpang téh bari rurat-rérét, néténan kaayaan sabudureun nu kaliwatan. Henteu pati kékép teuing tatangkalan, malah di wétaneunana, katempo huma jeung pihumaeun.

“Ki, saha ak-aki nu tadi téh?” ceuk Suba.

“Nu tunggu kabuyutan Kawali,” témbal Aki Jaya. “Ku Aki mangkukna geus dibéjaan, poé ieu, isuk-isuk rék nyimpang.”

“Ari batu lonjong naeun éta téh?”

“Tempat ngurebkeun lebu Prabu Linggabuana nu gugur di Lapang Bubat, Majapahit, karajaaan badag di Tatar Wétan, nu ceuk sakaol wewengkon kakawasaanana lega pisan, ngéréh karajaan-karajaan séjénna. Ukur karajaan di dieu nu teu kabawah ka Majapahit mah, ” témbal Aki Jaya.

“Saha Prabu Linggabuana téh, jeung naha tilar di Majapahit?” Suba nanya deui.


“Prabu Linggabuana téh raja Sunda, puseur karajaanana di dieu, di Kawali, karaton deukeut alun-alun, ayeuna karatonna kari sesana. Siwina dilamar ku raja Majapahit, ngan ngadahupna kudu di ditu. Prabu Linggabuana nya miang ka Majapahit. Tapi di dituna Prabu Linggabuana dianggap patalukan Majapahit, siwina moal dijadikeun praméswari, tapi selir.”

“Prabu Linggabuana teu narima,” ceuk Atus mairan.

“Enya. Prabu Linggabuana jeung pangiringna ahirna dihurup ku prajurit Majapahit, tepi ka tilar kabéh, kitu deui siwina nu rék didahupkeun ka raja Majapahit,” ceuk Aki Jaya.

“Karunya...,” ceuk Suba.

“Ti dinya Prabu Linggabuana ku raja-raja lianna dilandi Prabu Wangi, ngaranna seungit, lantaran narah dicacampah. Ludeung perang di puseur karajaan nu sakitu kuatna. Karajaan séjén mah taya nu wanieun bahula ka Majapahit,” ceuk Aki Jaya bangun reueus.

“Tilar kabéh?” ceuk Asmita nu asalna ti Geger Sunten téh.

“Cenah mah aya nu mampu ngaloloskeun diri. Ngaranna Arya Panaraga, asalna ti Pakuan, ngahaja ngajejeran Prabu Linggabuana ka Majapahit, ngan teu balik deui ka Pakuan..... Teu kadéngé béjana deui.”

“Naha ti dieu henteu ngontrog ka ditu? Teu males pati,” ceuk Gingin, nu keur meumeujeuhna belekesenteng, utusan ti Dayeuluhur, teu pati jauh ti Geger Sunten, nu dibéré pancén keur marengan Aki Jaya nyaba.

“Enya, Ki, naha urang Kawali teu ngajorag ka ditu?” ceuk Suba panasaran.

“Lamun ngagugu napsu mah..... Tapi urang dieu kawasna harita mikir panjang. Lamun perang, rahayat sakarajaan kabarérangan, karajaan moal kaurus. Mending mun unggul, mun kasoran? Kawali jadi patalukan Majapahit....”

“Ah, teu kaharti, nempo raja dikitu-kitu, urang dieu caricing, teu hayang males pati. Teu buméla ka raja,” ceuk Gingin.

“Aki keur ngora ogé mikir kitu....”

“Naha atuh urang Kawali harita ngajedog waé?” ceuk Gingin nyusul tepus.

“Urang Majapahit buru-buru datang ka dieu, diutus ku rajana, bari mawa lebu Prabu Linggabuana. Sundak-sanduk ménta pangampura. Mawa béwara, Majapahit sabenerna teu meredih siwi Prabu Linggabuana rék dijadikeun selir, angger rék dijadikeun praméswari....”

“Saha atuh nu ngalantarankeun Prabu Linggabuana dipergasa?”

“Ulon-ulonna nu bakal rugi lamun raja Majapagit praméswarina ti Kawali,” ceuk Aki Jaya.

“Raja Majapahit ti bubudak geus dijodokeun ka anak raja bawahan Majapahit, masih kénéh katalian dulur,” ceuk Atus némbrong.

“Kitu nya?” ceuk Gingin bari ngarérét ka Aki Jaya.

“Enya,” témbal Aki Jaya.

“Jadi ulon-ulonna kolot cawéné pipamajikaneun raja Majapahit? Ku raja Majapahit dicangkalak?”

“Henteu.”

“Geuning?”

“Apan katalian dulur, jeung pangaruhna gedé. Asana mah bibina, bibi raja Majapahit.”

“Tepi ka kituna nya nu hayang mibanda kalungguhan,” ceuk Asmita.

“Runtagna Majapahit ogé pédah perang parebut tahta.”

“Perang Parégrég,” ceuk Atus.

“Loba urang karaton Majapahit lumpat ka Kawali, menta panyalindungan ka raja di dieu.”

“Ditarima?” ceuk Suba, bari angger leumpang panonna ngaliuk ka beulah kénca, ka lebah runggunukna tatangkalan, rada béh lebak.

“Nu ménta tulung nya ditulungan. Malah salasaurang putri karaton Majapahit dipibojo ku raja,” témbal Aki Jaya.

“Baruk?” ceuk Suba deui bari ngalieuk ka tukang, ka lebah runggunukna tatangkalan. “Ké, Ki, ari itu nu rembet ku kakayon aya naeunan?”

“Naha kitu?”

“Karasana béda.”

“Di dinya aya balong badag jeung cinyusu, gigireun balongna pajaratan, ngan teu apal pajaratan saha,” ceuk Aki Jaya.

“Karuhun di dieu?” ceuk Gingin.

“Sigana, nu mimiti ngababakan di dieu,” témbal Aki Jaya.

Bari ngawangkong mah laleumpang téh henteu karasaeun capé. Malah nyaho-nyaho geus jauh ti Kabuyutan Kawali.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x