Putri Anjungsari (62), Pamanggul Prajurit Cirebon Wawuheun ka Aki Jaya, Gingin Curiga

21 Maret 2023, 05:30 WIB
Guha Sunyaragi di Kota Cirebon. Dibangun ku Pangeran Arya Carbon nu nyusun nasakah Carita Purwaka Caruban Nagari. Ieu naskah ditarjamaahkeun ku Drs Aca. /

 

BARI neuteup ka nu arindit, Gingin panasaraneun pisan. Geuning nyahoeun atawa apaleun ka Aki Jaya? Sahana Aki Jaya? Geuning Aki Jaya boga kawawuhan ka pamanggul prajurit Cirebon nu rek ngarurug Pakuan Pajajaran? Naha geuning wawuh jeung musuh nu rek nyaremkeun Pajajaran jeung Galuh?

Gingin gigideg, terus ngusap beungeutna. Ituna wae nu apaleun ka Aki Jaya, ari Aki Jaya mah bisa jadi teu wawuheun, bisa jadi tacan kungsi panggih. Gingin ngahuleng. Belenyeh seuri. Bisa jadi prajurit Cirebon tadi kapercayaan Aki Jaya nu ngahaja sina milu ka pasukan Cirebon sangkan nu ngungsi ti Pajajaran teu diuudag ku urang Cirebon.

Gingin nangtung. Kaayaan mimiti ray-rayan caang. Lalay nu kabeurangan tinggayabag muru sayangna. Gingin muru ka sisi walungan, teu jauh di darmaga, sibeungeut sababaraha kali. Ku ramo katuhuna maseuhan buukna nu panjang semet punduk. Totopongna dibuka. Disampaykeun kana taktakna.

Tacan waka mandi, rek nanyakeun heula ka urang dinya di mana tempat mandi nu caina ti cinyusu langsung. Najan katempona herang, Gingin horeameun kudu mandi di walungan mah, komo deui lain di walungan nu deukeut ka hulu caina. Katurug-turug lebah dinya mah kaasup tempat lalar liwat.

Basa rek muru deui durukan, ti tonggoh patingpucunghul, Aki Jaya, Suba, Asmita jeung Atus, patutur-tutur. Gingin gagancangan muru durukan, rek nambahan deui ku suluh pangpung nu tinggaloler, geus gararing, ngan kabaseuhan ku ciibun. Durukan sina gede hurungna, ngarah nu anyar datang kahaneutan.

“Geus lila datang?” Asmita nanya ka Gingin bari diuk, teu jauh ti durukan. Aki Jaya, Atus jeung Suba mah narangtung keneh, ngariung durukan.

“Nya, enggeus,” tembal Gingin. “Geuning Aka tereh? Teu leumpang biasa?”

“Sakali-sakali ngabelesat,” ceuk Asmita bari seuri.

“Ari Suba jeung Aki Jaya kumaha?” Gingin malik nanya bari ngareret ka Aki Jaya jeung Suba nu keur ngadeang dampal leungeunna.

“Kateuing, ngan duanana bisa nyusul.”

“Tumpak si belang, meureun,” ceuk Gingin bari seuri. “Aeh, tadi teu papaliwat jeung perjurit Cirebon? Nu tumpak kuda tiluan, nu leumpang opatan.”

“Henteu. Kumaha kitu?”

“Piraku?”

“Tanyakeun wae ka Aki Jaya,” ceuk Asmita rada tarik, tepi ka kadengeeun ku Aki Jaya.

Gingin ngareret Aki Jaya.

“Teu panggih jeung sasaha,” ceuk Aki Jaya bari seuri. “Kumaha dongengna?”

Derekdek ku Gingin dicaritakeun ngeunaan opat urang nu milu siduru sarta ti kulon jebul nu numpak kuda tiluan. Laju tujuhanana mariang ka kulon, neruskeun lalampahanana. Ku Gingin oge dicaritakeun ku prajurit teh aya nu diteangan, ngan teu kapanggih.

Pamanggul prajurit marentah sangkan neanganana ulah dituluykeun. Ku Gingin teu dibejakeun pamanggul prajurit apaleun ka Aki Jaya mah. Kana soal eta mah Gingin hayangeun ngobrol paduduan jeung Aki Jaya.

Ngadenge carita Gingin, Aki Jaya, Asmita, jeung Atus ngahuleng. Suba nu siga hare-hare mah. Jongjong ngalung-ngalungkeun pangpung kana durukan.

“Aya jalan motong kitu?” ceuk Asmita.

“Ceuk pangrasa mah euweuh. Naha nyimpang ka mana, nya tepi ka teu pasarandog?” tembal Aki Jaya.

“Ki, anu tadi opatan teh siga anu ti teuleum di leuwi,” ceuk Gingin.

“Wah,” Atus nembrong.

“Bener, malah pakeanana oge siga nu baraseuh keneh. Ngan siga nu poho kana kajadian nu kaalamanana.”

“Kawasna ku urang lembur ditarulungan,” ceuk Aki Jaya. “Urang tanyakeun ka tukang warung.”

Taya nu nyarita deui. Durukan ngaleutikan. Panonpoe geus nembongan, langit paul, biru. Taya mega hideung satitik oge. Mega bodas siga nu arak-arakan. Cahaya panon pating gurilap dina sela-sela dangdaunan. Halimun nungtutan peuray ku cahaya panonpoe. Manuk recet disarada, siga nu ngabageakeun panonpoe.

Katempo di walungan rakit nyoloyong ti peuntas beulah ditu, nu tumpakna lalaki kabeh, tiluan. Marake baju hideung, diiket hideung. Marawa buntelan jeung parabot ngahuma, di antarana kujang. Siga nu rek nyacar, rek muka huma anyar, huma nu geus lila ditinggalkeun lantaran pindah ngagarap huma sejenna nu geus meujeuhna dipolah.

“Urang meuntas ayeuna. Ieu beuteung geus kukurubukan. Ongkoh awak kareunang, hayang mandi,” ceuk Aki Jaya.

Aki Jaya, Asmita, Suba, Atus jeung Gingin leumpang muru darmaga. Tepi ka darmaga, rakit tacan tepi. Limaanana narangtung dina gili-gili walungan, ngadagoan rakit. Teu lila rakit geus tepi. Anu tarumpakna tarurun. Basa papaliwat jeung Aki Jaya sabatur-batur, tiluanana arunggeuk bari seuri.

Suba, Gingin, Aki Jaya, Atus jeung Asmita naraek kana rakit. Henteu diuk, narangtung. Rakitna katempona weweg pisan. Tukang rakit ngawelah deui rakitna.

“Ari nu kamari ti teuleum katulungan?” ceuk Gingin nu nangtung deukeut tukang rakit. Gingin panasaraneun keneh hayang ngabuktikeun bener henteuna dugaanana.

“Ditareangan ku urang lembur. Tapi teu kapanggih.”

“Baruk?”, ceuk Gingin heraneun. Mun kitu saha atuh nu tadi milu siduru, gerentes Gingin.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler