Sastra Sunda Carnyam Legenda ti Ciamis, Putri Anjungsari (49), Ngabuktikeun Kacurigaan ka Tukang Rakit

8 Maret 2023, 05:30 WIB
Situ Wangi di Kawali Ciamis Jawa Barat. Legenda Putri Anjungsari nu dijieun carnyam populer di Kawali Ciamis. /Nanang S/Galura

 

GALURA -Sajongjongan mah taya nu nyarita. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin sabisa-bisa nyumputkeun kaheranna. Api-api teu nyahoeun, api-api teu engeuheun kana robahna sikep tukang rakit. Ngan dalaharna teu pati jongjon, lantaran kudu waraspada,  najan tacan nyarahoeun naon nu  nyababkeun tukang rakit elekeseng.

Tukang rakit nangtung.

“Kami mawa parahu heula,” pokna.

“Parahuna di mana kitu?” ceuk Aki Jaya.

Baca Juga: Ratu Sima ti Karajaan Kalingga, sanggeus Hwi Ning Nganjang, Raket Hubunganana jeung Cina

“Di darat, ditunda dina gili-gili, deukeut darmaga,” tembal tukang parahu.“Mun rek ka ditu bejaan wae. Kami moal jauh ieuh. 

“Seug,” tembal Aki Jaya.

Saleosna tukang rakit, Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin, papelong-pelong.

“Ku naeun nya tukang parahu ujug-ujug robah sikepna?” ceuk Asmita.

“Sanggeus Gingin ngomong nu ti teuleum henteu tilar,” Atus nyambung patalekan Asmita.

“Bisa jadi karek kapikireun,” tembal Gingin.

“Bisa jadi deuih manehna hariwangeun  pamanggih Gingin  kadengeeun ku cakcak bodas. Atawa kageteun taktikna bisa katebak,” ceuk Aki Jaya ka Gingin.

Baca Juga: Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei, Beja ti Utusan Dinasti Han Ngeunaan Pulo Jawa Beulah Kulon

Asmita, Atus jeung Gingin ngaharuleung, ngalelebah ka mana losna caritaan Aki Jaya. Karek ti  mimiti sisi Cimanuk, ngalaman jeung nyaksian nu matak bingung sarta ngondang tanda tanya.  Ari lalampahan ti Kawali tepi ka wewengkon Medang Khayang mah teu manggih kajadian atawa henteu ngalaman nu aneh-aneh.

“Alusna urang kudu gancang ka ditu ayeuna,” ceuk Aki Jaya. “Tus, bejaan tukang parahuna!”

Atus, kitu deui Gingin jeung Asmita melong ka Aki Jaya.

“Rek make parahu nu tukang rakit bieu?” ceuk Asmita.

“Enya. Naha kitu?” tembal Aki Jaya malik nanya.

“Pan picurigaeun?” Gingin milu nanya.

Baca Juga: Sistematika Pangajaran Syeh Abdul Muhyi ka Santri Dijieun buku ku Syeh Nurhuda

“Ku urang kudu dibuktikeun,” tembal Aki Jaya. ”Mun urang teu make parahu nu tukang rakit tadi, urang moal meunang jawaban pangna manehna ngadadak teu genah cicing sanggeus Gingin nyebut  nu ti teuleum teu tilar.”

“Enya, nya,” ceuk Asmita. Pannona rut-ret ka Atus jeung ka Gingin.

“Ngan urang kudu iatna,” ceuk Atus. “Bisi kawas perjurit Carbon waktu meuntas Cimanuk. Komo ayeuna make parahu. Parahu mah osok ti balik, rakit mah tara.”

“Heueuh nya parahu mah sok tibalik,” ceuk Asmita. “Ki, kumaha mun make rakit wae?”

“Ulah goreng sangka. Jeungna deuih mani loba pisan kasieun…. kawas wae lain urang Galuh. Keur naon diajar kanuragaan…,” ceuk Aki Jaya bari seuri.

Asmita, Atus jeung Gingin ngabalalehem. Atus cengkat, laju leumpang muru darmaga. Rek ngabejaan tukang rakit tadi.  Tepi ka darmaga, Atus luak-lieuk neangan tukang rakit. Teu jauh darmaga pameuntasan, dina gili-gili Cimanuk sababaraha hiji parahu narangkub. Teu katempo tukang rakit nu pajah rek mawa parahu mah.

“Neangan saha, Jalu?” ceuk sora ti tukang.

Baca Juga: Sembah Dalem Pangudar, Bisa Ngudar Borgol jeung Ngudarkeun Kasusah, Bagean III (Rengse)

Atus ngarenjag, gancang malik. Hiji lalaki nu umurna sapantar jeung Aki Jaya ngabedega tukangeunana. Make pakean sarwa hideung kitu deui totopongna. Sorot panonna seukeut, siga mata heulang, ngan nembongkeun hate nu beresih. Nyoren kaneron warna hideung. Awakna cangker. Paromanana someah.

“Eta, neangan tukang rakit,” ceuk Atus bari mundur salengkah.

“Rek meuntas? Teu kudu diteangan. Tukang rakit harideng meun­taskeun, urang kari nangtung di darmaga.”

“Lain rek meuntas,” tembal Atus.

“Rek ka mana atuh, dia?”

“Rek ka luluhur, tadi geus nyarita manehna rek nganteur make parahu,” ceuk Atus.

“Naha make parahu, lain make rakit?”

“Kitu kumaha?” Atus malik nanya, panasaraneun.

“Ah, henteu,” tembal eta lalaki.

“Ari andika urang dieu?” ceuk Atus nanya.

Baca Juga: Sembah Dalem Pangudar, Jujuluk keur RH Pangeran Panji Argaloka, Hiji Pangeran Cirebon, Bagean II

“Lain, semah kami mah.”

“Ti mana?”

“Ti Kulon. Dia?”

“Ti Wetan, ti Kawali.”

“Kawali? Ka dieu rek ka pasarean wungkul? Moal ka mana-mana deui?”

“Kana kitu.”

“Jeung saha dia ka dieu?”

“Opatan, tiluan deui ngadagoan, di deukeut tangkal lame,” tembal Atus bari ngagilerkeun sirahna ka lebah tangkal lame.

Panon eta lalaki nuturkeun panunjuk Atus. Katempoeun tilu urang keur dariuk. Dipencrong sakeudeung, geus kitu nyanghareup deui ka Atus.

“Dagoan wae di dieu tukang parahuna, kawasna moal lila deui datang,” pokna. “Kami ka warung.”

Atus ukur unggeuk. Panonna nuturkeun eta lalaki tepi ka  asupna ka warung kuloneun darmaga. Atus leumpang ka sisi darmaga. Nangtung dina gili-gili. Teu lila hiji parahu ngageuleuyeung, anu ngawelahna saurang. Reg eureun sisi darmaga. Ku Atus ditelek-telek nu tumpak parahu teh tukang rakit. Gancang disampeurkeun.

Samemeh Atus tepi ka darmaga, hiji parahu deui, nyoloyong, rada tarik. Anu tumpakna dua urang, katilu tukang parahu. Sarua eureun di darmaga. Nu tumpakna tarurun, terus leumpang muru warung nu diasupan ku lalaki tadi. Ari tukang parahuna ngawelah deui parahuna, tepi ka deukeut parahu nu ditangkub-tangkubkeun. Parahuna dihanjatkeun.***Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler