Putri Anjungsari (43), Tarung jeung Karaman nu Nanyakeun di Mana Gunung Sepuh

2 Maret 2023, 05:30 WIB
Pamandangan ti ponclot Gunung Sepuh Limbangan. Aki Jaya sabatur-batur tarung jeung karaman nu nanyakeun Gunung Sepuh. /Nanang S/Galura

KAMI amit,” ceuk kokolot nu anyar datang.

“Mugia salawasna rahayu,” tembal Aki Jaya bari rada rengkuh.

Panon kokolot nu anyar datang keukeureuceuman.

Aki Jaya rada reuwaseun. Awakna diajegkeun deui.

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

Bareng jeung ngageuleuyeungna rakit ka hilir, ti tukangeun Aki Jaya kadenge sora nu ngorosak. Atus, GinGin, jeung Asmita maralik ka tukang. Jebul tilu urang lalaki, leungeun katuhuna nyekel perah bedog panjang. Paromanana kabeh oge bosongot, kereng. Awakna jarangkung jeung keker, urat leungeunna pating berehil.

“Telat,” ceuk salahsaurang bari matana manco kana rakit nu beuki jauh, siga nu handeueuleun pisan.

“Dia ngudag nu tumpak rakit?” ceuk Asmita.

Nu tiluan mencrong Asmita.

“Bener,” tembal nu pangoranna.

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

Asmita nyureng, karek ngadenge lentong nu nembalanana.

“Naha diudag?” GinGin milu nyarita.

“Cari Gunung Sepuh.”

Aki Jaya malikkeun awakna, nyanghareup ka nu tiluan.

“Perenan!” pokna ka Atus, ka GinGin jeung ka Asmita.

“Naha, Ki?” ceuk Gin-Gin lalaunan.

“Pibahlaeun,” tembal Aki Jaya tandes.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

Asmita, Gin-Gin, jeung Atus maju, pasang kuda-kuda. Anu tiluan mundur salengkah. Bareng jeung leungeun katuhunna maresat bedog, tiluanana ngabangkieung, blug lalabuh, kokosodan bari nyekel hulu angenna. Panarajang Asmita, GinGin, jeung Atus meh teu bisa dituturkeun ku panon, tepi ka nu tiluan teu bisa nanaon.

Waktu nu tiluan rek harudang deui, ujug-ujug patingbelesur haur koneng ukuran sabuku ka lebah tengah-tengah tarang nu tiluan. Atuh kabehnana nalambru deui bari teu nyoara pisan. Aki Jaya, Asmita, GinGin, jeung Atus gentak ngalieuk ka lebah patingbelesurna haur koneng. Kurunyung lalaki limaan tina rungkun saliara.

“Ki Silah, lain ngusir, gancang miang ti dieu! Keun ieu mah diurus ku kami,” ceuk salahsaurang nu saumur jeung Asmita.

Aki Jaya unggeuk. Laju ngaisarahan sangkan Asmita, Atus, jeung Gingin ulah barang tanya.

“Omat, ulah diuar-uar kajadian di dieu. Anu nyahona ukur kami jeung daria,” ceuk eta lalaki deui bari neuteup Aki Jaya.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

“Sing percaya,” tembal Aki Jaya.

“Kami percaya daria pageuh nyekel omongan.”

“Kami seja neruskeun lalampahan,” ceuk Aki Jaya.

Aki Jaya, Asmita, Gingin , jeung Atus patutur-tutur haranjat ka gili-gili walungan.

“Ki Sanak, lauk bawa. Bikeun wae ka tukang warung nu pangdeukeutna jeung darmaga, sina pangmeuleumkeun.”

Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin, ngarandeg, ngaralieuk. Anu ngageroan masih keneh nangtung ngawaskeun baturna nu keur ngagusuran nu tadi pating galebru ditarajang ku haur koneng. Dibawa ka rungkun saliara.

Baca Juga: Pangeran Kornel nu Ngabantuan Kolonial Belanda Ampir Tiwas Dipanah ku Bagus Manuk

Atus  balik deui, turun ka walungan, nyokot tiiran lauk nu ditunda dina cai deet gigireun batu badag. Aki Jaya, Asmita, jeung Gingin mah laleumpang deui ka hilireun walungan, muru darmaga pameuntasan. Sabada nganuhunkeun ka nu ngabejaan,  Atus gagancangan nyusul bari mawa tiiran lauk.

“Ki, saha nu bieu?” ceuk Asmita nu leumpangna hareupeun Aki Jaya.

“Teuing, teu wawuh,” tembal Aki Jaya.

“Ari ka nu tumpak rakit?” Gin-gin milu nanya.

“Sarua, karek tepung.”

“Geuning Aki kungsi dodongkoan ka maranehna?” Asmita nyusul tepus.

“Ngahormat pribumi,” tembal Aki Jaya, angger pondok.

“Ari Aki nyebut pibahlaeun ka nu tiluan pedah naeun?  Pedah nanyakeun Gunung Sepuh?” ceuk Atus.

Baca Juga: Asal usul Bagus Rangin, Pajuang Jatitujuh Majalengka, Aya nu Nyebutkeun asalna ti Cireundeu jeunng ti Demak

“Maranehna karaman,” tembal Aki Jaya. “Apan keur dibeledig ku nu limaan.”

“Kira-kira rek dikumahakeun, nya?” ceuk Gin-Gin.

“Saha?” Atus maiaran, nanya.

“Eta nu tiluan,” tembal Gingin.

“Nya, teuing,” ceuk Aki Jaya bangun horeameun nembalan.

Asmita, Atus, Gingin teu nanya deui. Tiluanana ngarasa aya nu disumputkeun ku Aki Jaya. Tapi tiluanana yakin hiji mangsa Aki Jaya bakal nyaritakeun soal eta. Moal aya nu disumputkeun. Opatanana leumpang bari ngabaretem, ngan hatena mah galecok, babakuna Asmita, Atus jeung Gingin nu panasaraneun kana kajadian tadi.

Teu sabaraha lila anjog ka darmaga pameuntasan. Teu pati gede darmagana teh, rakit jeung parahuna oge taya nu badag. Sigana lebah dinya mah lain jajalaneun nu rame ku nu lalar liwat. Aya warung, tilu, nu hiji mah deukeut pameuntasan. Aki Jaya, Asmita, Atus, jeung Gingin muru eta warung.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler